Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 10 >> 

1"Kami rek nyarita saenyana," saur Yesus. "Anu asup ka jero kandang lain tina panto tapi mancal ti tempat sejen, tangtu bangsat jeung rampog.

2Jalma nu asupna liwat panto kandang, eta pangangonna.

3Pantona beunang mangmukakeun anu jaga lawang. Domba-dombana ngadarengeeun kana sora pangangonna lamun dicalukan ngaran-ngaranna, tuluy dibawa ka luar.

4Sanggeus domba-domba di luar, pangangon leumpangna ti heula, domba-dombana naluturkeun lantaran arapaleun kana sorana.

5Ka nu sejen mah moal daraekeun naluturkeun, anggur kalabur lantaran teu warawuheun kana sorana."

6Kitu pilahir Yesus ka maranehna, ku misil. Tapi maranehna henteu ngalartieun kana maksad Anjeunna.

7Yesus nyarios deui, "Supaya kaharti Urang terangkeun: Anu diupamakeun lawang teh Kami.

8Anu sejen, anu asupna memeh Kami, bangsat atawa rampog, ku domba-domba moal diturut.

9Nya Kami lawangna. Anu asupna ti Kami tangtu salamet, jeung bisa asup atawa kaluar ka sampalan.

10Bangsat datangna ngan arek maling, ngarogahala, jeung ngabinasa. Ari Kami mah malar supaya umat harirup sarta carukup.

11Kami teh ibarat pangangon anu bumela, anu daek bela pati ka domba-dombana.

12Anu buburuh, anu lain pangangonna jeung lain anu bogana, nenjo aya ajag teh anggur lumpat kabur, domba-domba diantep dirontok jeung diubrak-abrik ku ajag, kawantu lain bogana sorangan.

13Munasabah kabur oge, ngaranna ge nu buburuh, moal paduli ka domba-domba.

14(10:14-15) Kami teh lir pangangon anu bumela. Sakumaha Rama kenal ka Kami, Kami kenal ka Rama, Kami wawuh ka domba-domba Kami, nya kitu deui domba-domba Kami oge wawuheun ka Kami, Kami moal sungkan ngabelaan nepi ka ajal.

15(10:14)

16Aya keneh domba-domba Kami lian ti anu ieu, anu henteu sakandang jeung ieu, ku Kami arek dibawa ka dieu, tangtu narurut kana sora Kami, arek disakandangkeun jeung nu ieu, diurus ku hiji pangangon.

17Ama nyaaheun ka Kami, lantaran Kami iklas ngorbankeun nyawa anu tangtu bakal katarima deui.

18Saenyana moal aya anu bisa ngarebut nyawa Kami. Dikorbankeun oge ku karana kaiklasan Kami; Kami kawasa nyerenkeun, kawasa nyokotna deui. Kitu pangersana Ama Kami."

19Pilahir Anjeunna kitu ngalantarankeun urang Yahudi jadi pabentar deui.

20Loba anu ngaromong kieu, "Jelema kasurupan setan, geus gelo! Keur naon didarengekeun bae?"

21Ceuk nu sawareh deui, "Jelema kasurupan setan mah moal kitu ucap-ucapanana! Na bisaeun setan ngabeuntakeun anu lolong sina bisaeun nenjo?"

22Di Yerusalem keur diayakeun Pesta Pangresmian Bait Allah. Harita keur usum tiris.

23Waktu Yesus keur angkat di Tepas Suleman di Bait Allah,

24jalma-jalma terus ngarubung ka Anjeunna, tuluy naranya kieu, "Anjeun teh masih keneh bae rek ngabingbangkeun ka pihak kaula? Sing terus terang, enya anjeun teh Kristus?"

25Waler Yesus, "Ongkoh ku Kaula geus dibejakeun, tapi aranjeun teu palercaya bae. Padahal sakur anu dilampahkeun ku Kaula kalawan pajenengan Rama teh netelakeun hal Kaula.

26Tapi geus tangtu aranjeun moal percaya, sabab aranjeun lain domba Kaula.

27Domba Kaula mah ngadengekeun kana sora Kaula. Kaula wawuh ka maranehna, sarta maranehna anut ka Kaula.

28Ku Kaula dibarere hirup langgeng, salalawasna moal paraeh, moal bisa karampas ti Kaula.

29Eta anu ku Rama dipaparinkeun ka Kaula teh leuwih tina naon-naon, jeung moal aya anu bisa ngarebut tina panangan Rama anu ngurusna.

30Ari Rama jeung Kami teh hiji keneh."

31Jalma-jalma teh tuluy marulung batu rek maledogan ka Anjeunna.

32Tapi Anjeunna sasauran deui, "Kaula geus loba nembongkeun hal-hal anu hade anu asal ti Rama Kaula di hareupeun aranjeun. Anu mana ti antarana anu ngalantarankeun aranjeun hayang maledogan Kaula?"

33Jawab maranehna, "Anjeun lain rek dibaledogan ku lantaran geus nyieun kahadean, tapi ku lantaran geus ngahina ka Allah. Anjeun teh jelema biasa, tapi nyaruakeun maneh jeung Allah!"

34Waler Yesus, "Dina Kitab Hukum aranjeun sorangan ditulis yen Allah ngandika, ‘Maraneh teh allah-allah.’

35Urang kabeh terang, anu diucapkeun ku Kitab Suci teh salawasna bener. Jalma-jalma anu ku Allah dipaparin pangandika-Na, ku Allah disebutna allah-allah.

36Jadi lamun Kaula anu ku Allah Rama dipilih jeung diutus ka ieu dunya ngakukeun Putra Allah, ku naon dianggap ngahina ka Allah?

37Lamun anu dilampahkeun ku Kaula teh lain pangersa Rama, memang teu kudu aranjeun percaya.

38Tapi ku sabab anu dilampahkeun ku Kaula teh ti pangersa Mantenna, sanajan aranjeun arembung percaya ka Kaula ge, atuh sing percaya kana hal-hal anu ku Kaula dilampahkeun, supaya saterusna nyaraho yen Rama aya di jero diri Kami, Kami aya di jero salira Rama."

39Jalma-jalma teh anggur rek nyarerek ka Anjeunna. Tapi Anjeunna iasa lolos ti maranehna.

40Geus kitu Yesus angkat ka peuntaseun Walungan Yordan, ka tempat urut Yohanes ngabaptis, seug calik di dinya.

41Jalma-jalma daratang ka Anjeunna, sarta carek maranehna, "Yohanes teu midamel kaajaiban naon-naon, tapi sagala pilahirna perkara ieu jelema kabeh bukti."

42Di tempat eta jadi loba anu percaya ka Yesus.



 <<  Yohanes 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel