Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 11 >> 

1(11:1-2) Di Betania aya dua awewe padudulur, ngaranna Maria jeung Marta. Maria teh anu ngucuran sampean Yesus ku minyak seungit jeung nyekaanana ku buukna. Dulur Maria jeung Marta anu lalaki ngaran Lasarus keur gering.

2(11:1)

3Maria jeung Marta ngajurungan jelema ka Yesus, mawa pihatur: "Gusti, sobat Gusti udur."

4Diwartosan kitu Yesus ngalahir, "Panyakit Lasarus moal matak maot, malah matak jadi kamulyaan ka Allah, jeung bakal ngalantarankeun Putra Allah diagungkeun."

5Yesus nyaaheun ka Marta, ka Maria, jeung ka Lasarus.

6Tapi diwartosan Lasarus gering teh Anjeunna calik-calik bae di tempat nepi ka dua poe deui.

7Geus kitu Anjeunna ngalahir ka murid-murid-Na, "Hayu urang ka Yudea deui."

8"Pa Guru," walon murid-murid, "teu acan lami Pa Guru ku urang ditu bade dibaledogan ku batu, ayeuna parantos bade ka ditu deui?"

9Pilahir Yesus, "Sapoe teh lain dua welas jam? Anu leumpang ti beurang moal titajong, sabab nenjo caangna alam dunya.

10Lamun leumpang ti peuting tangtu titajong, lantaran teu nenjo anu caang."

11Saur-Na deui, "Sobat urang, Lasarus keur sare, ku Kami rek dihudangkeun."

12Piunjuk murid-murid-Na, "Gusti, upami parantos tiasaeun sare mah tangtos tereh sae."

13Padahal sare anu dimaksad ku Yesus mah Lasarus teh geus maot, ari ku murid-murid-Na dihartikeun sare biasa.

14Ku sabab kitu ku Anjeunna dieceskeun saur-Na, "Geus maot Lasarus teh.

15Tapi Kami bungah euweuh di ditu teh, sabab bakal leuwih hade keur maraneh, supaya engke maraneh bisa percaya. Ayeuna hayu urang teang."

16Pok Tomas (anu katelah si Kembar) ngomong ka babaturanana, "Hayu kabeh ka daritu, urang milu paeh bareng jeung Pa Guru!"

17Sanggeus Yesus sumping, Lasarus geus dimakamkeun opat poe katukang.

18Betania jauhna ti Yerusalem tilu kilometer ge kurang,

19anu matak loba urang Yudea anu daratang ngalayad ka Marta jeung Maria anu kakara ditinggalkeun maot ku dulur.

20Marta geus meunang beja yen Yesus sumping, tuluy indit mapagkeun, Maria tunggu imah.

21Piunjuk Marta ka Yesus, "Upami waktos eta Gusti aya di dieu, pun dulur moal dugi ka maot!

22Nanging sanaos ayeuna ge upami Gusti mundut naon bae ka Allah tangtos dikabul, abdi yakin."

23"Dulur maneh tangtu hirup deui," waler Yesus.

24"Leres," walon Marta, "engke bakal hirup deui dina Poe Kiamat."

25Waler Yesus, "Kami teh anu ngahudangkeun jeung anu ngahirupkeun. Anu percaya ka Kami tangtu bakal hirup sanajan geus maot;

26jeung sing saha anu hirup sarta percaya ka Kami, salalawasna moal paeh. Kumaha, maneh percaya kana hal ieu?"

27"Sumuhun, Gusti!" walon Marta. "Abdi percanten pisan Gusti teh Kristus, Putra Allah anu lungsur ka alam dunya."

28Sanggeus kitu Marta amitan mulang, datang ka imah tuluy nepungan Maria paduduaan. "Maria, aya Pa Guru sarta mariksakeun maneh," carekna ka dulurna.

29(11:29-31) Maria curinghak, tuluy lumpat rek manggihan Yesus; panyana anu keur malaturanana mah rek ngadon ceurik ka kuburan, tuluy ditaluturkeun. Ari Yesus calik keneh di tempat tadi basa dideuheusan ku Marta, can lebet ka jero desa.

30(11:29)

31(11:29)

32Datang-datang Maria terus ngarumpuyuk kana sampean Yesus, pok unjukan, "Gusti, upami Gusti waktos eta aya di dieu, pun dulur moal dugi ka maot!"

33Ningali Maria ceurik, kitu deui jalma-jalma anu naluturkeunana oge careurik, kacida hawatoseunana, manah-Na ngerik liwat saking.

34Tuluy mariksa, "Di mana dimakamkeunana?" "Mangga tingalian, Gusti," jawab jalma-jalma anu dipariksa.

35Yesus oge datang ka nangis.

36"Tuh, sakitu asiheuna-Na ka anu ngantunkeun teh," ceuk jalma-jalma.

37"Lain iasaeun ngabeuntakeun anu lolong, Anjeunna teh?" ceuk nu sawareh. "Na teu iasaeun nyegah supaya Lasarus ulah nepi ka maot?"

38Bari ngarakacak manah, Yesus ngabujeng ka kuburan. Ari kuburanana diguhakeun, lawangna ditutup ku batu.

39Yesus ngalahir, "Singkirkeun batuna!" Marta, dulurna almarhum, unjukan, "Gusti, tangtos bau, margi parantos opat dinten!"

40Saur Yesus ka Marta, "Ceuk Kami oge lamun Nyai percaya, bakal nenjo agungna kakawasaan Allah."

41Sanggeus batuna disingkirkeun, Yesus tanggah terus ngalahir, "Hatur nuhun Ama, reh Ama parantos ngamakbul panuhun Abdi.

42Kantenan salamina oge Ama ngabulkeun bae kana panuhun Abdi. Kedal panuhun soteh supados ieu jalmi-jalmi palercaya yen Abdi utusan Ama."

43Sanggeus ngalahir kitu, soanten-Na ditarikkeun, "Lasarus! Geura bijil!"

44Kurunyung, Lasarus nu geus maot teh kaluar, suku jeung leungeunna kabungkus keneh ku boeh, beungeutna kabulen ku cindung. Saur Yesus, "Bukaan; sina bisaeun leumpang."

45Anu ngaralayad ka Maria loba anu percaya ka Yesus sanggeus narenjo anu dipidamel ku Anjeunna.

46Tapi aya sawatara jalma anu terus ka urang Parisi, ngalaporkeun anu dipidamel ku Yesus.

47Urang Parisi jeung imam-imam kapala ngayakeun rapat jeung Mahkamah Agama. "Kudu kumaha urang teh?" aromongna. "Eta jelema terus bae ngayakeun kaajaiban!

48Lamun terus diantep, jelema-jelema tangtu biluk kabeh palercaya ka Manehna. Tungtungna engke bangsa urang digempur ku pamarentah Rum, Bait Allah tangtu ancur!"

49Ceuk nu saurang, nya eta Imam Agung taun eta anu ngaranna Kayapas, "Ku barodo ari dulur-dulur!

50Na teu aruninga yen leuwih hade paeh jelema saurang ti batan tumpur sakumna bangsa?"

51Saenyana Kayapas ngomongna kitu teh lain tina pikiranana sorangan. Eta ucapan anjeunna anu jadi Imam Agung taun eta, mangrupa hiji piwejang, ngaramalkeun yen Yesus bakal pupus ditelasan pikeun ngagentos bangsa Yahudi;

52malah lain pikeun maranehna bae, tapi pikeun ngahijikeun sakumna umat Allah anu eukeur paburencay.

53Ti harita para gegeden Yahudi geus sakait rek nelasan Yesus.

54Ku sabab kitu Yesus tara nembongan deui di Yudea, malah terus angkat ka kota Epraim anu pernahna deukeut ka gurun keusik, tuluy calik di dinya jeung murid-murid-Na.

55Pesta Paska urang Yahudi geus deukeut. Urang desa geus loba anu daratang, naranjak ka Yerusalem arek ngalakonan upacara meresihan diri samemeh Pesta Paska ngamimitian.

56Maranehna nareangan Yesus, sarta barang geus ngumpul di Bait Allah maranehna silih tanya, pokna, "Kumaha ari ceuk andika? Rek sumping atawa moal Anjeunna teh kana pesta?"

57Pangna tingtaranya kitu lantaran geus diparentah ku imam-imam kapala jeung urang Parisi, sing saha anu nyaho Yesus aya di mana, kudu terus lapor, supaya Yesus bisa ditangkep.



 <<  Yohanes 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel