Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 3 >> 

1Aya hiji pamingpin urang Yahudi ti kalangan kaom Parisi, ngaranna Nikodemus.

2Dina hiji peuting manehna datang ka Yesus. "Pa Guru," carekna ka Anjeunna, "sarerea terang Pa Guru teh guru anu diutus ku Allah. Sabab moal aya anu bisa ngayakeun mujijat kawas Pa Guru lamun henteu disarengan ku Allah."

3Waler Yesus, "Kaula rek ngabejakeun hal anu saenyana, nya eta: Saurang oge moal aya anu bisa asup ka Karajaan Allah, kajaba lamun dijurukeun deui."

4"Piraku jalma anu geus dewasa bisa dijurukeun deui, kumaha petana?" ceuk Nikodemus. "Na bisa asup deui kana rahim indungna tuluy dijurukeun deui?"

5Waler Yesus, "Kaula ngomongkeun nu saenyana, yen jelema anu dijurukeunana lain tina cai jeung Roh Allah, moal bisa asup ka Karajaan Allah, kitu saenyana.

6Manusa teh sacara jasmani lahir ti kolotna anu sipat jalma, tapi sacara rohani mah dijurukeunana ti Roh Allah.

7Anjeun ulah heran carek Kaula tadi kabeh jalma kudu dijurukeun deui.

8Angin niup ka mana karepna, anjeun ngadenge sorana, tapi teu nyaho ti mana mimitina jeung ka mana tuluyna. Jalma anu dijurukeun ti Roh Allah teh saperti kitu."

9"Kumaha pangna bisa kitu?" tanya Nikodemus.

10"Anjeun teh maha guru di Israil, piraku teu ngarti?" waler Yesus.

11"Kaula ngabejaan saenyana, yen: anu diomongkeun ku urang teh hal anu urang geus nyaho, anu dicaritakeun ku urang hal anu ku urang geus katenjo. Tapi aranjeun saurang ge taya nu daek narima ieu panyaksi.

12Anjeun teu percaya waktu Kaula nyarita hal-hal ngeunaan ieu dunya, kumaha bakalna bisa percaya lamun Kaula nyarita hal-hal anu ngeunaan sawarga?

13Can aya anu geus ka sawarga, lian ti Putra Manusa anu geus turun ti sawarga.

14Sakumaha oorayan tambaga ku Musa ditanjeurkeun dina tihang di gurun keusik, nya kitu Putra Manusa oge kudu diangkat ka luhur,

15supaya saha bae anu percaya ka Anjeunna bisa meunangkeun hirup langgeng.

16Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.

17Sabab Allah ngutus Putra-Na ka alam dunya teh lain pikeun ngahukum alam dunya, tapi pikeun nyalametkeun.

18Saha bae anu percaya ka nu jadi Putra, moal meunang hukuman. Sabalikna anu henteu percaya ka Anjeunna mah geus aya dina hukuman Allah, lantaran henteu percaya ka Putra tunggal Allah.

19Dasar nerapkeun hukumanana kieu: nu jadi caang tea turun ka dunya, tapi jalma-jalma leuwih resep kana poek ti batan kana caang, lantaran kalakuanana jarahat.

20Jalma anu jahat kalakuanana, kana caang teh ngewaeun, embungeun datang kana caang, sieuneun kajahatanana katembong.

21Sabalikna jalma anu kalakuanana bener mah datang kana caang, supaya nyata yen kalakuanana sapagodos jeung pangersa Allah."

22Geus kitu Yesus angkat jeung murid-murid ka Yudea, linggih heula di dinya sawatara lilana jeung ngabaptis.

23Ari Yohanes mah ngabaptisna di Ainon teu jauh ti Salim, sabab di dinya loba cai. Jalma-jalma nu dibaptis ku anjeunna loba pisan.

24Harita Yohanes tacan dipanjara.

25Aya murid-murid Yohanes anu padu jeung urang Yahudi tina sual upacara wawasuh.

26Maranehna tuluy arunjukan ka Yohanes, "Pa Guru, manawi emut keneh ka jalmi anu kapungkur sareng Bapa di sisi Walungan Yordan palih wetan tea, anu ku Bapa dituduhkeun ka abdi-abdi? Ayeuna Anjeunna oge ngabaptis; jalmi sadayana ka Anjeunna!"

27Waler Yohanes, "Jelema moal boga naon-naon lamun taya paparin ti Allah.

28Maraneh ngadenge sorangan basa kami nyebutkeun, ‘Kami lain Kristus. Kami mah jalma anu diutus heulaeun Anjeunna.’

29Anjeunna jeung kami teh lir panganten lalaki jeung rencangna. Panganten awewe teh hakna panganten lalaki, ari rencangna mah ngan maturan heula di gigireunana bari ngadengekeun. Hatena bungah ngadenge sora panganten lalaki teh. Kami oge kitu, bungah taya papadana ku hal Anjeunna.

30Memang geus kuduna Anjeunna jadi anu leuwih penting, ari kami kudu beuki asor."

31Yesus, anu sumping ti luhur, tangtu pangluhurna ti sakabeh. Ari nu asalna ti dunya keneh mah pikeun dunya bae, anu dicaturkeunana oge hal-hal nu aya di dunya. Ari anu sumping ti sawarga mah punjul dina sagala perkara.

32Anu didawuhkeun ku Anjeunna teh perkara anu ku Anjeunna geus kadangu jeung katingali di sawarga, parandene kitu jalma-jalma teu palercaya.

33Tapi sing saha anu percaya kana pilahir-Na bakal ngaku yen Allah teh maha saestu.

34Anu diutus ku Allah tangtu nyaurkeun dawuhan-dawuhan Allah, sabab geus dilinggihan ku sagemblengna Roh Allah.

35Anjeunna, anu jadi Putra Allah, ku Allah Rama-Na anu mikaasih, geus dicangkingan sagala kakawasaan Mantenna.

36Saha bae anu percaya ka Putra-Na bakal meunang hirup langgeng; tapi anu teu anut ka Putra-Na, moal boga hirup, sabalikna bakal tetep aya dina hukuman Allah.



 <<  Yohanes 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel