Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 7 >> 

1Ti dinya Yesus angkat, ngider di Galilea; Anjeunna teu kersaeun ka Yudea, sabab diarah ku gegeden-gegeden Yahudi rek ditelasan.

2Harita geus deukeut kana waktu pesta anu disebut Pesta Saung Daun.

3Ceuk saderek-saderek-Na ka Anjeunna, "Coba lunta ti dieu ka Yudea. Di ditu mah naon-naon anu dilampahkeun ku Anjeun tangtu katembong ku para panganut.

4Moal aya jalma anu hayang kawentar nyumputkeun gawena. Anjeun oge, sing katembong ku saalam dunya atuh eta gawe Anjeun kitu teh!"

5(Saderek-saderek-Na oge teu palercayaeun ka Anjeunna teh.)

6Waler Yesus, "Ayeuna mah tacan waktuna. Keur aranjeun mah memang bisa unggal waktu.

7Ka aranjeun mah mustahil dunya ngewaeun. Ari ka Kami mah dunya teh ngewaeun, lantaran Kami terus-terusan nyebutkeun jahat kalakuanana.

8Pek bae aranjeun rek indit kana pesta mah, Kami mah moal, tacan waktuna."

9Kitu saur Yesus ka saderek-saderek-Na, Anjeunna mah tetep di Galilea.

10Tapi sanggeus saderek-saderek-Na arindit, Yesus oge angkat kana eta pesta; rerencepan bae henteu terang-terangan.

11Gegeden-gegeden urang Yahudi, pada nareangan Anjeunna, bari ngaromong, "Di mana eta jelema teh?"

12Jalma-jalma loba anu tingharewos ngaromongkeun Anjeunna, pokna, "Jalmi hade Anjeunna teh." Ceuk nu sawareh deui, "Lain, malah nyasabkeun rahayat."

13Ngaromongna teu waranieun terang-terangan, sarieuneun ku gegeden-gegeden Yahudi.

14Tengah-tengah pesta Yesus lebet ka Bait Allah tuluy ngawulang.

15Gegeden-gegeden kacida hareraneunana, tuluy ngaromong kieu, "Geuning rea kanyaho-Na, lain teu diajar naon-naon Manehna teh?"

16Yesus ngawaler, "Ieu pangajaran lain pangajaran ti Kaula pribadi, tapi ti Allah anu ngutus Kaula.

17Anu daek ngalampahkeun pangersa Allah mah bakal ngartieun, nu diucapkeun ku Kaula teh naha ti Allah atawa ti Kaula sorangan.

18Anu ngajarkeun pangartina sorangan, tangtu ngarah pamuji keur dirina sorangan. Sabalikna anu mikahayang supaya anu dimulyakeun teh anu ngutusna, eta jelema jujur, taya kapalsuanana.

19Aranjeun ku Musa dibere Hukum Allah, tapi aranjeun saurang ge teu aya nu nurut! Ku naon Kaula ku aranjeun rek dipaehan?"

20"Boa Anjeun teh kasurupan!" ceuk jalma rea. "Saha anu rek maehan ka Anjeun teh?"

21Waler Yesus, "Kaula nyieun hiji kaajaiban dina poe Sabat, aranjeun heran.

22Musa marentahkeun supaya aranjeun nyunatan anak lalaki (sanajan sunat teh mimitina ti karuhun, lain ti Musa). Ku sabab aya parentah kitu, aranjeun nyunatan, sanajan dina poe Sabat.

23Pangna maraneh nepi ka nyunatan dina poe Sabat teh supaya henteu ngarempak Hukum Musa tina hal sunat. Ku sabab kitu ku naon arambek dumeh Kami nyageurkeun sakujur awak hiji jelema dina poe Sabat?

24Ulah ngahukum make dasar bukti lahirna, kudu make dasar kaadilan."

25Aya sawatara urang Yerusalem ngaromong kieu, "Lain rek dipaehan ku para gegeden Anjeunna teh?

26Itu geuning keur sasauran ka jalma rea, para gegeden teu majar kumaha! Naha pedah aruningaeun yen Anjeunna enya Kristus?

27Tapi kapan Kristus mah moal aya anu nyaho ti mana sumping-Na. Ari Anjeunna mah tetela ti mana asalna."

28Waktu Yesus ngawulang di Bait Allah, kieu saur-Na, "Enya maraneh teh nyaraho ka Kami jeung ti mana asal Kami? Kami datang teh lain kahayang sorangan, aya anu ngutus. Anu ngutusna maha saestu. Maraneh teu nyaraho ka Mantenna,

29ari Kami mah nyaho, sabab asal ti Mantenna, anu ngutus."

30Jalma-jalma teh karepna mah harita rek nyerek ka Anjeunna, tapi teu aya anu wanieun, kawantu tacan nepi kana wanci Anjeunna.

31Tapi loba oge anu palercayaeun ka Anjeunna teh, aromongna, "Lamun Kristus sumping, naha iasaeun nyieun kaajaiban leuwih ti ieu jelema?"

32Urang Parisi nyarahoeun yen jalma-jalma tingharewos kitu perkara Yesus, tuluy maranehna jeung imam-imam kapala, ngirim sababaraha urang pangawal Bait Allah pikeun nangkep Yesus.

33Saur Yesus, "Kami aya di maraneh teh moal lila. Sakeudeung deui oge Kami kudu mulang ka anu ngutus.

34Ku maraneh ditareangan oge moal kapanggih, sabab maraneh moal bisa nepi ka tempat Kami."

35Para gegeden Yahudi ngaromong pada batur, "Rek indit ka mana Manehna nepi ka moal kapanggih ku urang teh? Rek ka kota-kota di Yunani nu aya bangsa Yahudina, terus ngajar ka urang Yunani?

36Carek-Na najan ditareangan oge ku urang moal kapanggih, jeung urang moal bisa nepi ka tempat-Na. Naon maksud-Na?"

37Dina panutupan pesta, poe anu pangpentingna, Yesus ngadeg tuluy ngalahir tarik, "Saha-saha nu halabhab, hiap ka Kami nginum!

38Sakumaha ceuk Kitab Suci, ‘Anu percaya ka Kami, bakal boga cinyusu sumber hirup ngaburial di jero hatena.’"

39Anu dimaksud ku Anjeunna nya eta Roh Allah, anu bakal katarima ku sakur anu percaya ka Anjeunna. Harita Roh Allah teh tacan dipaparinkeun, sabab Yesus tacan dimulyakeun.

40Ti anu ngabarandungan pilahir-Na aya anu ngaromong kieu, "Anjeunna pasti Nabi anu keur didago-dago tea!"

41Ceuk nu sejen, "Anjeunna tangtu Kristus!" Ceuk nu sejen deui, "Kristus mah datangna moal ti Galilea.

42Ceuk Kitab Suci, Kristus teh turunan Raja Daud, medalna di Betlehem, kota pangcalikan Daud."

43Jalma-jalma jadi pasalia paham perkara Anjeunna.

44Aya oge anu harayangeun nyerek ka Anjeunna, tapi teu aya anu wanieun nyekel-nyekel acan.

45Anu dititah nangkep Yesus geus baralik. "Mana eta jelema teh, ku naon teu dibawa?" ceuk imam-imam jeung urang Parisi.

46"Jalmi biasa mah moal tiasa ngalahir kitu sapertos Anjeunna," walonna.

47"Kutan maraneh oge kagendam?" ceuk urang Parisi.

48"Na aya ti lebah kami, para gegeden atawa urang Parisi, anu ku maraneh kanyahoan percaya ka eta jelema?

49Jalma-jalma nu kaolo ku Manehna tandaning teu nyaraho kana Hukum Musa, geus tangtu bakal disapa ku Allah!"

50Di antara eta urang Parisi aya Nikodemus, urang Parisi anu kungsi datang ka Yesus tea, ngomong ka batur-baturna,

51"Nurutkeun Hukum Agama urang, jelema ulah waka dihukuman samemeh didenge heula kateranganana jeung dipariksa kalakuanana."

52"Ari kitu," ceuk maranehna, "anjeun oge urang Galilea? Coba pariksa Kitab Suci, tangtu kanyahoan yen taya nabi anu asalna ti Galilea."

53[Sanggeus masing-masing baralik,



 <<  Yohanes 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel