Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yosua 22 >> 

1Geus kitu Yosua ngempelkeun kaom Rubin, kaom Gad jeung kaom Menase wetan.

2Pok sasauran, "Maraneh geus ngalaksanakeun sagala rupa anu geus diparentahkeun ku Musa abdi PANGERAN, sarta tigin kana parentah-parentah Bapa.

3Nepi ka wanci ieu, acan kungsi maraneh nyabodokeun ka sasama urang Israil. Titi sarta ati-ati ngajalankeun pangandika-pangandika PANGERAN Allah maraneh.

4Ayeuna, sasama maraneh urang Israil geus aman kerta, sakumaha nu dijangjikeun ku PANGERAN Allah maraneh. Seug ayeuna mah geura marulang ka lembur, ka tanah milik pribadi, pusaka ti Musa abdi PANGERAN, di wetaneun Yordan.

5Kudu jangji sajeroning ati, yen seja ngalakonan parentah jeung hukum anu diparentahkeun ka maraneh ku Musa, nya eta: Seja nyaah ka PANGERAN, pangersa-Na lampahkeun, timbalan-timbalana-Na turutkeun, sing tigin, sing bakti ka Mantenna kalawan saiklas-iklasna."

6(22:6-8) Ti dinya maranehna ku Yosua dijurung marulang, dipaparin restu, kalawan pesen kieu, "Maraneh ayeuna geus baleunghar, baralik teh mawa ingon-ingon loba, perak, emas, tambaga, beusi, kitu deui papakean. Eta beubeunangan ngajarah ti musuh teh bagikeun oge ka nu sejen anu sakaom keneh jeung maraneh." Ti dinya tuluy budal, rek baralik. Eta kaom Menase, anu satengahna ku Musa geus dipaparin tanah di wetaneun Yordan, tapi nu satengahna deui mah meunangna tanah teh ti Yosua, nya eta di kuloneun Yordan, bareng jeung kaom-kaom sejenna.

7(22:6)

8(22:6)

9Kaom Rubin, kaom Gad jeung kaom Menase wetan geus marulang, ninggalkeun dulur-dulurna di Silo, tanah Kanaan, ngajugjug tanah pamatuhan sorangan di tanah Gilad, tanah beunangna ngarebut sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

10Sanggeus kaom-kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan carunduk ka Gelilot, di wewengkon Yordan kulon keneh, tuluy ngadegkeun hiji altar di sisi walungan, rohaka pisan.

11Seug aya anu ngabejakeun ka urang Israil sejenna, pokna, "Geuning jelema-jelema kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan teh nyieun altar di sisi Walungan Yordan daerah urang keneh!"

12Barang meunang beja kitu, kabeh urang Israil kumpul di Silo, niatna arek indit merangan ka kaom-kaom wetan.

13Seug eta urang Israil teh ngutus Pinehas, putra Imam Elasar, ka tanah Gilad, nemonan kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan.

14Pinehas dibarengan ku sapuluh pamingpin beunang milih ti saban kaom kulon saurang-saurang, masing-masing jadi kapala warga kaomna.

15Sanggeus jonghok jeung urang Rubin, urang Gad jeung urang Menase wetan, di Gilad,

16pok ngomong kalawan asmana umat PANGERAN kabeh, "Ku naon aranjeun nyieun peta doraka kitu ka Allahna Israil? Aranjeun ngalawan ka PANGERAN, nyieun eta altar sangkan kamashur! Aranjeun geus teu anut ka Mantenna.

17Na teu inget kana dosa urang basa di Peor, nepi ka disiksa ku PANGERAN, didatangan wabah panyakit, padahal urang teh umat-Na? Balukarna nepi ka ayeuna ku urang karasa keneh. Naha tacan cukup ku sakitu?

18Jadi ayeuna geus mimiti rek nyalingkir ti Mantenna? Upama aranjeun ayeuna poe ieu ngalawan ka PANGERAN, isukan Mantenna moal teu bendu ka tiap jelema di Israil.

19Bisi bae ceuk pangrasa aranjeun tanah aranjeun teu pantes dipake ngajalankeun ibadah, atuh pek pararindah ka tanah kagungan PANGERAN, tempat Kemah Mantenna. Menta bae tanah mah ti nu kuring sarerea. Dapon ulah ngalawan ka PANGERAN, atawa nangtang ka kuring sarerea ku nyieun eta altar dipake nandingan altar PANGERAN Allah urang.

20Sing inget ka Akan bin Serah, anu teu tolih kana cegahan perkara barang haram anu kudu dimusnakeun tea. Geuning nu dihukumna mah sakumna urang Israil. Anu tiwas ku dosa Akan lain manehna saurang bae."

21Ngajawab urang kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan ka eta para kapala warga kaom-kaom urang kulon, pokna,

22"Anging Allah nyalira Nu Maha Kawasa! Mantenna anu jumeneng PANGERAN! Mantenna langkung uninga, naon ieu maksud kuring teh. Muga-muga aranjeun ge terang! Lamun enya kuring ngalawan ka PANGERAN, jeung teu ta’at ka Mantenna, sing ulah dipanjangkeun umur!

23Lamun enya kuring baha ka PANGERAN, nyieun altar sorangan keur paranti meuleum kurban, atawa keur nyuguhkeun sasajen, atawa keur ngajalankeun kurban panarima, muga dihukum ku PANGERAN ku manten.

24Lain, lain pikeun kitu! Nyieun altar soteh keur ngajaga, bisi di ahir turunan kuring ditanya kieu ku turunan aranjeun, ‘Naon patalina aranjeun jeung PANGERAN Allahna Israil?

25Antara kuring jeung aranjeun urang Rubin jeung urang Gad, ku Mantenna dipisahkeun, diwatesan ku Walungan Yordan. Jadi aranjeun mah taya patalina jeung PANGERAN!’ Seug bae meureun anak incu kuring teu meunang ngabakti ka PANGERAN.

26Kitu sualna nu matak nyieun eta altar teh. Lain keur paranti meuleum kurban, lain keur paranti nyuguhkeun sasajen,

27tapi keur geusan tanda ka pihak aranjeun jeung ka pihak kuring, jeung ka turunan-turunan urang engke, yen pihak kuring oge sarua ngabakti ka PANGERAN di payuneun Kemah-Na nu suci, sarta sok ngahaturkeun kurban, boh nu dibeuleum boh nu dipeuncit kitu deui kurban panarima. Jadi eta teh keur ngajaga, sangkan anak incu aranjeun ulah nepi ka nyebutkeun anak incu kuring taya patalina jeung PANGERAN.

28Ceuk pikiran teh, bisi bae hal sarupa kitu nepi ka kajadian, anak incu kuring bisa nembalan kieu, ‘Tenjo tuh altar beunang ngadegkeun karuhun kuring, kapan sarua jeung altar PANGERAN. Ngan eta mah lain keur paranti meuleum atawa meuncit kurban, tapi keur geusan tanda ka pihak aranjeun jeung ka pihak kuring.’

29Paliyas teuing kuring nyieun eta altar teh kalawan niat ngalawan atawa mungkir ti PANGERAN, atawa meuleum atawa meuncit kurban, atawa nyuguhkeun sasajen di dinya. Moal teh teuing kuring nyieun altar tandingan altar PANGERAN Allah urang anu nagen di payuneun Kemah Mantenna."

30Imam Pinehas, kitu deui sapuluh pamingpin anu jaradi kapala warga kaom-kaom kulon anu harita ngabarengan, ngarasa sugema ku eta jawaban kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan kitu.

31Imam Pinehas putra Imam Elasar sasauran, "Tah ari kitu mah enya urang teh disarengan ku PANGERAN. Aranjeun henteu baha ka PANGERAN. Eta sarua jeung aranjeun teh geus ngajait sabangsa Israil, moal tulus dihukum ku PANGERAN."

32Geus kitu Pinehas jeung sapuluh pamingpin teh malungkur ti Gilad, ti kaom Rubin, Gad jeung Menase wetan, marulang ka Kanaan, ka urang Israil, tuluy laporan.

33Urang Israil sugema, seug maruji ka Allah. Geus teu nyebut-nyebut deui arek perang ngagempur tanah padumukan kaom Rubin jeung Gad.

34Ari ceuk kaom Rubin jeung Gad, "Ieu altar jadi saksi urang kabeh, yen PANGERAN teh Allah." Ku sabab eta seug altar teh dingaranan "Saksi".



 <<  Yosua 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel