Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 15 >> 

1Dulur-dulur! Simkuring ka aranjeun rek ngingetan deui hal Injil, anu bareto diwawarkeun ku simkuring jeung anu ku aranjeun geus ditarima, tur anu dipercayana enya-enya.

2Upama ku aranjeun dicekel kalawan satuhu, sakumaha anu diwurukkeun ku simkuring, tangtu aranjeun salamet. Kajaba ari teu palercaya mah.

3Pohara pentingna eta anu diwawarkeun ka aranjeun teh; tur simkuring mah, geus kacida percayana teh, nya eta hal Al Masih tea: Al Masih teh geus pupus ku karana dosa urang, sakumaha ceuk ungeling Kitab Suci.

4Anjeunna dikurebkeun sarta geus digugahkeun deui, — sanggeus tilu poe dikurebkeun tea — cocog jeung nu kaungel dina Kitab Suci.

5Anjeunna ge geus nembongan ka Kepas sarta ka murid-murid anu dua welas urang;

6terus sakaligus nembongan ka dulur-dulur anu lobana lima ratus urang leuwih; anu nepi ka kiwari, sawarehna mah geus maraot; tapi lolobana mah, harirup keneh.

7Geus kitu, nembongan ka Yakobus; terus nembongan deui ka rasul-rasul anu dua welas urang tea.

8Simkuring oge ditembongan, pangpandeurina; najan simkuring teh, jeg jelema beunang kaluron.

9Rumasa pisan simkuring mah, jadi rasul oge panglaipna; simkuring mah, teu pantes-pantes acan jadi rasul lantaran tadina tukang nganiaya Jamaah Allah.

10Jadi rasul soteh, ngan ku bawaning sih piwelas Allah bae. Eta sih piwelas-Na, ku simkuring henteu dilalaworakeun, nya eta ku jalan dipake digawe jeung babakti leuwih soson-soson ti batan rasul-rasul sejen. Saenyana anu soson-soson teh lain simkuringna, tapi nya sih piwelas-Na keneh bae, anu teu kendat-kendat nuyun ka simkuring.

11Jadi, boh rasul-rasul sejen, boh simkuring: Ngawawarkeun teh hal Al Masih geus digugahkeun, anu jadi dasar kapercayaan aranjeun.

12Tapi ku naon, sakitu geus ditetelakeun yen Al Masih teh geus digugahkeun tina pupus-Na, tapi di aranjeun, bet aya anu uar-uar magar anu maraot mah maot bae, moal dihudangkeun deui?

13Ari anu maraot moal dihudangkeun deui mah, Al Masih oge, tangtu moal digugahkeun.

14Upama Al Masih henteu digugahkeun deui; atuh pangwawaran rasul-rasul teh percumah, iman aranjeun oge percumah. —

15Upama kitu, atuh pohara kaliruna rasul-rasul nerangkeunana tina hal Gusti Allah teh; ku rasul-rasul diwawarkeun yen Mantenna ngagugahkeun Al Masih, padahal henteu. — Kitu, lamun enya anu maraot moal dihudangkeun deui mah.

16Sabab lamun anu maraot moal dihudangkeun deui, Al Masih oge tangtu moal digugahkeun.

17Lamun Al Masih teu digugahkeun, iman kapercayaan aranjeun taya gunana sarta aranjeun ge, tetep aya dina genggeman dosa.

18Lamun enya kitu, atuh anu aranut ka Al Masih teh, ana maraot, maraot salalanggengna.

19Upama urang gumantung ka Al Masih, tapi ngan sawates lilana hirup urang; atuh urang teh, mahluk anu pangcilaka-cilakana.

20Tapi saestuna, Al Masih teh geus digugahkeun! Tur nya ieu pisan anu mastikeun, yen sakabeh anu maraot teh baris dihudangkeun deui.

21Sakumaha halna manusa anu saurang, Nabi Adam tea, geus ngalantarankeun saalam dunya kagenggem ku Pati, Manusa anu saurang deui oge, Al Masih tea, geus ngalantarankeun sakabeh anu maraot baris dihudangkeun deui.

22Sakumaha halna kabeh manusa kudu maot ku karana Nabi Adam; sakabeh manusa oge, baris dihirupkeun deui ku karana Al Masih.

23Tapi kudu nurutkeun giliranana: Al Masih pangheulana, nu jadi marganing lantaranana; geus kitu, giliran anu aranut ka Anjeunna; waktuna, nya eta dina wanci Anjeunna sumping deui.

24Geus kitu, kakara datang poe panungtungan sarta Anjeunna harita baris masrahkeun Karajaan ka Allah anu jumeneng Rama. Pamasrahana-Na teh, nya eta sanggeus Anjeunna ngelehkeun sagala pamarentahan, sagala kawasa, jeung sagala kakuatan.

25Sabab Al Masih kudu nyepeng pamarentahan, jumeneng Raja, nepi ka kabeh musuh-Na, ku Allah diteundeun di handapeun dampal sampean Al Masih.

26Musuh panganggeusan anu baris dibinasa, nya eta Ajal Pati.

27Sabab sakumaha ceuk Kitab Suci: ‘Saniskara ku Allah ditalukkeun kana dampal sampean Al Masih.’ Tina ieu tetela Allah mah henteu kalebet kana ‘saniskara’ tea; da malah Mantenna anu nalukkeun saniskara teh, nya eta sina taraluk ka Putra-Na.

28Malah sanggeus nampi saniskara nu taraluk, Putra-Na oge nalukkeun anjeun ka Allah, anu nalukkeun saniskara ka Anjeunna. Ku kituna, ngan Allah nyalira anu murba wisesa.

29Lamun anu maraot moal diharudangkeun deui, naon untungna keur jelema-jelema anu dibaraptis pikeun anu geus maraot teh? Keur naon dibaraptis, ari enya mah anu maraot moal diharudangkeun deui?

30Kitu deui simkuring rasul-rasul, pikeun naon unggal waktu nyanghareupan bahaya?

31Mangkaning simkuring mah, dulur-dulur, sasat paeh bae unggal-unggal poe oge. Nyarita kieu soteh, dumeh ka aranjeun mah geus teu asa jeung jiga, jeung papada saiman.

32Ari kudu paeh salalanggengna mah, naon untungna. Simkuring di Epesus, cek cohagna, nepi ka tarung jeung sato-sato galak? Mun enya anu maraot moal dihudangkeun deui, atuh mending oge ‘Hayu urang curak-curak balakecrakan; da biheung teuing, isukan ge urang paraeh,’ sakumaha ceuk ayat Kitab.

33Kahade dulur-dulur! Pergaulan anu goreng matak ngaruksak nu hade.

34Gunakeun akal sehat, jeung enggeus ulah daroraka bae. Da enya, di aranjeun teh, aya anu teu nyaho ka Allah. Cik sing arera atuh!

35Meureun aya nu hayang nanyakeun: ‘Kumaha petana dihirupkeun deui teh? Engkena rek make badan anu kumaha?’

36Bodo eta pertanyaan teh! Binih ge, dipelak teh paeh heula, supaya hirup deui.

37Aranjeun ari pepelakan teh, lain melak nu geus jadi tangkal; nu dipelak teh, siki tanpa cangkang, boh gandum atawa naon bae.

38Eta siki, pitangkaleun, ku Allah disina jadi hiji tangkal anu nurutkeun sipatna.

39Anu tina sipat daging oge, boga sipat masing-masing: Manusa beda deui, sato beda deui, manuk beda deui, lauk beda deui.

40Aya wujud-wujud di langit, aya wujud-wujud di bumi. Wujud-wujud di langit, kaendahanana, beda jeung wujud-wujud nu di bumi.

41Kaalusan panonpoe, beda ti bulan; kaalusan bentang-bentang beda deui; kaalusan cahayana ge, masing-masing bentang teh, beda-beda.

42Hudangna anu maraot oge, kitu pijadieunana, nya eta lir binih: Dikubur di jero taneuh dina kaayaan paeh; dihudangkeun deui dina kaayaan hirup langgeng;

43keur dikubur, laip taya pangajina; ana dihudangkeun, jadi mulya jeung kawasa;

44keur dikubur, jasad jasmani; ana geus dihudangkeun, ngajadi mahluk roh. Mun anu jasmani, aya jasadna; anu rohani oge, aya jasadna.

45Eta sababna, ceuk Kitab Suci: ‘Manusa kahiji, nya eta Adam, ngajadi mahluk anu hirup;’ sabalikna, Adam wekasan mah, Ruh anu ngahirupkeun.

46Tengetkeun: Tetela anu gumelar ti heula teh, lain anu sipat rohani, tapi anu sipat jasmani. Sabab anu sipat rohani mah, datangna pandeuri.

47Manusa kahiji asal tina taneuh, dijieun tina lebu. Ari Manusa kadua mah, terah ti sawarga.

48Kabeh manusa anu jasmani, sarua sipatna jeung manusa anu asal tina lebu taneuh. Ari manusa-manusa sipat sawarga, sarua jeung sipat Anjeunna anu ti sawarga.

49Urang dijurukeun teh sakumaha mahluk anu asal tina lebu taneuh; ari engke mah, urang teh baris sakumaha anu asal ti sawarga.

50Dulur-dulur! Anu dimaksud ku simkuring teh, nya eta: Sipat daging jeung getih mah moal kabawa ka jero Karajaan Allah. Anu teu langgeng mah, moal kabawa ka alam nu langgeng.

51Simkuring rek muka rasiah: Urang teh, moal kabeh maot. Dina wanci sangkakala ditiup panganggeusan,

52di jero sakedet netra, — eta sangkakala teh, memang bakal ditiup sarta harita keneh, nu paraeh bakal dihirupkeun deui pikeun dibebaskeun salalanggengna tina Ajal Pati — urang baris dirobah.

53Anu tadina kagenggem ku Ajal Pati, diuculkeun tina Ajal Pati; anu tadina keuna ku paeh, dirobah jadi teu keuna ku paeh.

54Di mana anu kagenggem ku Ajal Pati geus ucul ti Ajal Pati, di mana anu keuna ku paeh geus teu keuna ku paeh, harita laksana ungeling Kitab Suci anu kieu: ‘Ajal Pati geus dilegleg ku kaunggulan.

55He Ajal Pati, mana kakawasaan maneh? Mana panyeureud maneh?’

56Panyeureud Ajal Pati teh, nya eta dosa; dosa tambah kuat ku ayana hukum Toret.

57Tapi hatur sembah nuhun ka Gusti Allah, — ku jalan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih — Mantenna geus maparin kaunggulan ka urang.

58Ku sabab eta, sing pengkuh, ulah galideur. Sing temen-tinemenan ngalampahkeun tugas ti Gusti teh. Sing yakin, kalayan panangtayungan Anjeunna sagala pagawean aranjeun moal mubadir.



Download Audio MP3 (1 Korintus 15):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Korintus 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel