Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 16 >> 

1Hal ngumpulkeun duit tea, pake cara anu ku simkuring diusulkeun ka Jamaah di Galata.

2Unggal minggu, dina poe nu kahiji, saban anggota sina nyengcelengan di imahna. Sakadugana bae, saimbang jeung pangalana. Maksudna, supaya ari simkuring datang, duit geus sadia. Jadi, ulah nepi ka ngadadak neangan heula.

3Pilih sawatara urang, — upama simkuring geus datang — urang utus ka Yerusalem bahanan surat pikeun nyerenkeun duit sumbangan. Jelemana, kudu anu kira-kira bisa diandelkeun.

4Dina perluna, simkuring sorangan baris milu.

5Pidatangeun simkuring ka aranjeun teh, engke, tas ti Makedoni. Sabab ka dinyana teh, — nya ka tempat aranjeun — simkuring rek make jalan ti Makedoni.

6Ngendek di aranjeun hayang rada lila, — kawasna, salila usum tiris — kakara simkuring neruskeun deui perjalanan. Muga-muga bae aranjeun bisa ngabantu.

7Ayeuna-ayeuna mah, simkuring moal waka ka dinya; sabab asa taya gunana, ari ngan sakeudeung mah. Da hayang seubeuh sosonoan teh, manawi Allah marengkeun.

8Nepi ka hari raya Pentakosta mah, simkuring rek ngendek di Epesus bae heula.

9Loba kasempetan di ieu tempat teh, nya eta pikeun ngalaksanakeun anu parenting; najan teu kurang-kurang nu ngahalang-halang mah.

10Pangakukeun Timoteus sing hade, supaya hatena bisa jongjon. Sarua jeung simkuring manehna oge, keur ngalakonan padamelan Gusti.

11Mihape ulah dilalaworakeun. Balikna deui ka dieu sing senang hatena. Ayeuna ku simkuring, kitu deui ku dulur-dulur sejenna, keur diarep-arep pisan.

12Apolos mah can daekeun manggihan aranjeun, najan satengah dipaksa ge ku simkuring. Kawasna can diparengkeun ku Allah. Tapi engke ge, ari geus salse mah, tangtu datang.

13Omat, aranjeun sing waspada, sing pengkuh nya iman. Ulah geumpeuran kawas lain lalaki.

14Ngalampahkeun naon bae, aranjeun teh ulah tinggal ti rasa kanyaah.

15Aranjeun tangtu aringet keneh ka Stepanus sakulawarga, nya eta urang Ahaya anu pangheulana nampi Isa Al Masih jeung terus ngabaktikeun diri ka Jamaah tea.

16Aku ku aranjeun, sakumaha layakna ka sasama abdi Al Masih bae; kitu deui ka anu lian-lianna, anu geus marilu soson-soson digarawe.

17Simkuring kacida atohna lantaran Stepanus, Portunatus, jeung Akaikus daratang ka aranjeun: Asa kawakilan sabot simkuring can datang.

18Aranjeunna sasat jadi banyu panghurip, boh keur simkuring, boh keur aranjeun. Jelema-jelema saperti aranjeunna, pantes lamun dihargaan.

19Aya salam ti Jamaah-jamaah di Asia Leutik, ti Akuila, ti Priska, jeung ti anggota-anggota Jamaah anu sok karumpulan di imahna.

20Oge dulur-dulur saiman lianna, kabeh ngaririm salam. Pangnepikeun salam simkuring ka sarerea, tawis kaeling tilam kanyaah.

21Tulisan anu unina ‘Salam ti simkuring, Paulus,’ beunang ngotretkeun simkuring sorangan.

22Sing tetep iman ka Gusti Jungjunan urang, malar aranjeun ulah meunang bebendu-Na. Nun Gusti, sumangga geura sumping.

23Mugia sih kurnia katut asihing Isa, Gusti Jungjunan urang, nyarengan ka aranjeun.

24Sakieu surat simkuring, anu nyaah ka aranjeun ku karana Isa Al Masih.



Download Audio MP3 (1 Korintus 16):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Korintus 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel