Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 6 >> 

1Simkuring, anu ku Allah dipercanten ngabantu padamelana-Na, cumeluk; muga eta sih kurnia Allah teh, ku dulur-dulur ulah dibaekeun.

2Kieu timbalana-Na: ‘Upama geus tepi ka wanci, maraneh tangtu dikabul ku Kami. Samangsa cunduk waktu rahayu, maraneh tangtu dirahayukeun.’

3Simkuring, lain rek ngabobodo, oge moal nyimpang tina papancen.

4Sabalikna, dina sagala perkara, nembongkeun yen simkuring sapara kanca teh enya-enya abdi Allah. Ku jalan tetep tawekal, dina kasusah, dina bahaya, dina panjara, dina panyiksaan,

5dina huru-hara, dina gawe beurat, dina kurang dahar, boh dina kurang mondok.

6Eta kabeh, ku simkuring, disanghareupan kalawan tekad anu buleud dibarengan ku sipat waspada, sabar, sareh, bari nyuhunkeun pangdeudeul Ruh Allah dina kanyaah anu sajati.

7Bari muntang kana kakawasaan Allah seja nyaturkeun kayaktian nurutkeun anu saenyana. Pikeun nyanghareupan lawan atawa pikeun ngabela diri, nu dipake pakarang nya eta kajujuran;

8jujur narima pamuji, panghina, panghargaan, kitu deui upama disapirakeun. Memang sok dicap tukang tipu najan ngomongkeun perkara nu bener.

9Sering disaha-saha sanajan geus pada wawuh. Geus dianggap paeh, sanajan hirup keneh. Sering keuna ku panyiksa, tapi tara nepi ka pegat nyawa.

10Sareatna sangsara, tapi karasana sugema. Hirup malarat, tapi bisa ngabeungharkeun ka batur. Sareatna taya kaboga; tapi boga sagala rupa.

11Dulur-dulur di Korinta! Simkuring geus nembrakkeun eusi hate sabalakana ka aranjeun.

12Hate simkuring, estu laluasa narima ka aranjeun; sabalikna, hate aranjeun anu sesek, enggoning narima simkuring.

13Cik atuh, hate aranjeun oge sing laluasa ka simkuring; sabab ka aranjeun teh, simkuring mah, geus asa ka anak.

14Ulah deudeukeutan jeung jelema-jelema anu teu palercaya ka Allah. Sabab naon saruana kaadilan jeung kajahatan? Naon patalina caang jeung poek?

15Na iraha, Al Masih satujuan jeung Iblis? Dina naon samilikna antara nu palercaya ka Allah jeung anu henteu?

16Bisa kitu Bait Allah disajajarkeun jeung imah berhala? Kapan urang teh jadi bait suci-Na Allah anu jumeneng, sakumaha dawuhana-Na: ‘Kami rek ngancik di maranehna, marengan hirup kumbuhna. Kami anu baris jumeneng Allah nu disembah ku maranehna, ari maranehna jadi umat Kami.’

17Ku sabab kitu, dawuhan Pangeran: ‘Geura kaluar maraneh ti nu daroraka, ulah campur jeung jelema-jelema anu narajis. Tangtu maraneh ku Kami ditarima.

18Sarta Kami baris jadi Rama maraneh. Maraneh baris diaku anak ku Kami, boh nu awewe, boh nu lalaki.’ Kitu timbalan Pangeran Nu Langkung Kawasa.



Download Audio MP3 (2 Korintus 6):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Korintus 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel