Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 7 >> 

1Ku lantaran geus meunang jangji anu kitu, urang kudu miceun sagala rereged lahir batin, supaya urang nyampurnakeun hirup suci sarta iasa kumureb ka Allah.

2Muga aranjeun langsar hate ka simkuring. Sabab simkuring, can kungsi nyieun codeka ka saurang oge; kitu deuih, ngabobodo atawa ngarugikeun aranjeun.

3Nyebut kieu teh lain keur maido; da tadi oge geus disebutkeun, yen simkuring sarerea ge kataji ku aranjeun sarta paeh hirup teh seja babarengan jeung aranjeun.

4Najan babasaan poksang, hate simkuring mah agul ku aranjeun teh, nepi ka keur sangsara ge, simkuring teu weleh asa kaubaran jeung asa bungah.

5Memang, basa kakara datang ka Makedoni tea mah, simkuring teh teu bisa reureuh da loba pikahariwangeun. Nu di luar parasea, nu di jero matak risi.

6Tapi ku kersaning Allah anu mikawelas ka nu keur nandang karupekan, jol teh Titus datang; atuh simkuring teh mani pohara asa bungahna.

7Nya bungah ku datangna, nya bungah lantaran anjeunna ku dulur-dulur geus disugemakeun. Turug-turug saurna, aranjeun mikatineung, mikamelang, jeung pohara ngadoakeunana ka simkuring; atuh kabungah simkuring teh tambah.

8Jadi, simkuring nyuratan sakitu peurihna oge teu panasaran. Memang mimitina mah, simkuring teh saeutik ngahanjakalkeun, lantaran aranjeun teu wudu nalangsa ku surat simkuring teh.

9Nu jadi kabungah simkuring ayeuna, lain ku dumeh aranjeun nalangsa, tapi ku sabab tina nalangsa tea aranjeun jadi eling. Eta kanalangsaan ku aranjeun dipake geusan babalik pikir, sapuk jeung pangersa Allah. Jadi, dina sual ieu aranjeun henteu dirugikeun ku simkuring teh.

10Nalangsa anu sapuk jeung pangersa Allah mah, nungtun kana pertobat, matak jamuga sarta moal matak kaduhung. Sabalikna, nalangsa ku lantaran barang dunya mah, nungtun kana pipaeheun.

11Pek geura tengetkeun, kanalangsaan anu sapuk jeung pangersa Allah mah, nungtun kana perih, matak eling kana diri, sadar kana kasalahan, nimbulkeun rasa ajrih, ngahudang pangharepan, sarta ngajak soson-soson kana kahadean! Tur bukti, yen dina sual-sual eta, aranjeun teh teu aya celana.

12Ku sabab eta, simkuring nyuratan teh lain pedah di aranjeun aya nu nyieun teu adil atawa aya anu jadi korban kateuadilan. Maksud teh, pikeun nembongkeun ka payuneun Allah, kumaha satiana aranjeun ka simkuring.

13Sabab nya ieu pisan anu matak teger kana hate simkuring teh. Simkuring teh, beuki tambah teger bae sabab kabungahanana Titus tea, anu ngarasa bagja dumeh ku aranjeun geus disugemakeun.

14Jadi, teu hanjakal, mun simkuring geus ngagulkeun aranjeun ka Titus teh; sabab anu dicaritakeun ku simkuring teh, — kitu deui pamuji simkuring ka aranjeun di hareupeun Titus — memang akur jeung buktina.

15Atuh katineung Titus ka aranjeun oge beuki tambah lantaran kagagas ku kahadean aranjeun, anu sakitu enya-enyana ngahormat ka anjeunna.

16Simkuring bungah taya papadana, dumeh aranjeun enya-enya bisa diandelkeun dina sagala perkara.



Download Audio MP3 (2 Korintus 7):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Korintus 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel