Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tesalonika 1 >> 

1Ti Paulus, Silpanus, jeung Timoteus. Kahatur dulur-dulur di jamaah Tesalonika, umat Allah Nu jumeneng Rama jeung Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.

2Mugia aranjeun dipaparin sih kurnia katut rahayu ti Allah jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

3Simkuring sapara kanca sapara kanca, kudu teu petot-petot muji sukur ka Allah; ku sabab, iman aranjeun ka Isa Al Masih jeung kanyaah aranjeun ka pada batur, anu beuki tambah jembar.

4Munasabah, mun aranjeun, ku simkuring sapara kanca dipake reueus ka jamaah-jamaah umat Allah teh. Sabab memang saenyana. Sakitu aranjeun teh digencet jeung dikaniaya, tapi tetep junun ngalakonan iman kapercayaan.

5Eta teh jadi bukti, tina adilna katangtuan hukum Allah; nu geus nganyatakeun, yen aranjeun layak jadi warga Karajaana-Na lantaran aranjeun geus nandang sangsara ku karana eta.

6Nya ku sabab adil tea, Allah baris ngahukum ka jelema-jelema anu ayeuna ngagencet ka aranjeun.

7Ari aranjeun, — anu ayeuna eukeur digencet — tanwande ku Mantenna baris diganjar bareng jeung simkuring sapara kanca. Eta moal teu bukti, dina waktu Isa, Gusti Jungjunan urang, rawuh ti sawarga dina gedurna seuneu jeung diiring ku malaikat-malaikat-Na anu garagah.

8Sakur anu dina hirupna henteu malire ka Allah, kitu deui anu henteu malire kana amanat Injil tina hal Isa, Gusti Jungjunan urang, baris dihukum.

9Tur dihukumna teh salalanggengna; disingkirkeun ti payuneun Gusti, nya eta dijauhkeun tina kamulyaan nu maha agung nu jadi kagungana-Na.

10Eta pasti kajadian; di mana geus datang poe nu agung, nya eta rawuhna Al Masih pikeun dimulyakeun di antara umat-Na anu suci; dita'juban ku sakabeh nu percaya, kaasup oge aranjeun, anu percaya kana amanat pangandika-Na anu diwawarkeun ku simkuring sapara kanca.

11Ku sabab hal eta, simkuring sapara kanca teu petot-petot mangnedakeun ka kersa Allah. Mugi-mugi aranjeun teh, ku Mantenna, dipandang layak pikeun panyaur-Na. Mugi-mugi ku kawasa Mantenna, dulur-dulur bisa disampurnakeun boh dina kahoyong migawe sagala anu hade, boh dina nohonan darmaning iman.

12Upama kitu, tangtu hirup dulur-dulur matak mulya ka pajenengan Isa, Gusti Jungjunan urang; tur dulur-dulur oge baris dipaparin kamulyaan ku Anjeunna: Ku berkahna sih kurnia Allah jeung kurnia-Na Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.



Download Audio MP3 (2 Tesalonika 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Tesalonika 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel