Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Timotius 4 >> 

1Bapa menta ka hidep di hadirat Allah jeung Isa Al Masih, anu baris nerapkeun hukum adil ka anu harirup jeung nu paraeh. Demi pisumpingeuna-Na jeung demi Karajaana-Na:

2Embarkeun amanat pangandika Allah! Sing sabisa-bisa, boh keur salse, boh keur riweuh; sing bisa ngayakinkeun ka batur, papatahan, benerkeun, bari ulah tinggal ti kasabaran.

3Sabab baris datang mangsana, jelema-jelema teh arembung ngadenge kana omongan sehat, kalah ka sakama-kama jeung maluruh guru-guru anu ucap-ucapanana dapon ngareunah kana ceuli wungkul.

4Kana perkara anu sayaktina mah, maranehna wani nyarocokan ceuli; teu cara kana perkara anu bid'ah jeung tahayul, ceulina wani raracung.

5Dina suasana anu kumaha bae oge, hidep kudu tetep bisa ngawasaan diri jeung kudu daek wayahna. Hidep ulah kapok ngalakonan papancen. Pangwawaran kudu jalan terus!

6Bapa onaman, geus tereh kana ngocor getih — lir kurban — sarta tereh kana nekanan ajal.

7Ayeuna bapa geus rengse tina jurit tur jeung unggulna; iman bapa ge, teu cecel teu bobocel.

8Ayeuna bapa eukeur ngadago pahlana, nya eta makuta kayaktian, anu ku Gusti Hakim Nu adil baris diserenkeun dina Wanci poeana-Na. Lain ka bapa bae, tapi ka sarerea oge, nya eta sakur anu nyaah jeung nganti-nganti pisumpingeuna-Na.

9Coba ihtiar, sangkan hidep bisa buru-buru datang ka bapa.

10Sabab bapa geus kaleungitan ku sababaraha urang. Kahiji ku Demas, anu ninggalkeun bapa lantaran kagembang ku barang dunya. Manehna geus indit ka Tesalonika. Kadua ku Kreskes, anu ku bapa dititah ka Galata. Katilu ku Titus, anu ku bapa dititah ka Dalmatia.

11Ayeuna bapa teh ngan ukur jeung Lukas bae. Ajakan Markus ka dieu, perlu pikeun ngurusanan bapa.

12Sabab Tihikus, ku bapa geus dititah ka Epesus.

13Sakalian, ku hidep, bawa jubah bapa anu ditunda di Troas tea, di imah Karpus; kitu deui, kitab-kitab bapa, sumawonna kitab anu tina kulit tea mah.

14Aleksander, Ki paledang tea, pohara gorengna ka bapa. Anging Gusti anu wenang ngabalesna mah: Satimpal jeung kalakuanana.

15Hidep oge, kudu ati-ati nyanghareupan manehna. Sabab kacida ijideunana, kana pangajaran ti urang teh.

16Basa perkara bapa mimiti dipariksa, mani taya hiji-hiji acan anu bela, kabeh nyalingkir ti bapa. Tapi mugi-mugi bae, ku Allah teu dietangkeun kana naon-naon!

17Sukur, harita, Gusti mah henteu ngantunkeun. Tapi maparin kategeran nepi ka bapa bisa jucung mere pangwawaran tur didarenge ku jelema-jelema anu aya di saluareun bangsa Yahudi. Harita, bapa teh sasat leupas ti maung anu rek nekuk.

18Taya deui — anging Gusti — nu baris ngaleupaskeun bapa tina sagala pakewuh sarta baris nyandak bapa ka Karajaana-Na di sawarga. Kamulyaan kasanggakeun ka Anjeunna sapapaosna! Amin.

19Tepikeun salam bapa ka Priska, Akuila, jeung ka Onesiporus sakulawarga.

20Ari Erastus, tuluy bae matuh di Korinta. Sedengkeun Tropimus mah ditinggalkeun di Mileta; da keur gering. Hidep ka dieu teh, kudu samemeh usum tiris.

21Aya salam ti Ebulus, Pudes, Linus, jeung Klaudia; kitu deui, ti sakabeh dulur-dulur.

22Muga hidep disarengan ku Gusti sarta diaping ku berkah sih kurnia-Na!



Download Audio MP3 (2 Timotius 4):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Timotius 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel