Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 4 >> 

1Simkuring perlu nerangkeun: Sanajan geus jadi ahli waris, tapi ari can cukup umur mah, teu beda kaayaanana ti badega.

2Memeh cunduk kana waktu anu geus ditangtukeun ku bapana, urusanana dikawasakeun ka walina.

3Urang oge nya kitu keneh. Samemeh jiwa sawawa mah, kageugeuh ku rupa-rupa kapercayaan kana kakawasaan anu ngatur dunya.

4Tapi sanggeus cunduk kana waktuna, Allah ngutus Putra-Na, nu dilahirkeun ku salah saurang wanoja sarta kaereh ku hukum Toret.

5Anjeunna diutus teh, nya pikeun nebus sakur anu kabawah ku hukum Toret tea, supaya bisa diangkat jaradi putra-Na.

6Buktina yen urang jadi putra-Na teh, nya eta hate urang geus kawidian diancikan ku Ruh Putra-Na, Nu nyambat kieu ka Allah: “Ama, nun Ama!”

7Ayeuna dulur-dulur teh geus lain kawula deui, tapi geus jaradi putra Allah, ahli-ahli waris Allah. Wajib urang muji sukur.

8Basa can terang ka Allah mah, dulur-dulur nyembah teh sama sakali lain ka Allah.

9Tapi sanggeus tarerang ka Allah mah, atawa leuwih hade, mun disebut sanggeus diangken ku Allah; naha aranjeun teh, bet, baralik deui kana kakuatan alam anu taya kawasana? Naha rek kumawula deui ka anu karitu?

10Make aya poe-poe, bulan-bulan, waktu-waktu, jeung taun anu kacida dimumule sarta dipusti-pustina ku aranjeun!

11Estu, eta teh, matak salempang; boa-boa sakabeh usaha simkuring pikeun aranjeun teh, mubadir bae.

12Kahayang mah, dulur-dulur sing kawas simkuring; da simkuring oge geus jadi sarua jeung aranjeun. Aranjeun teh can kungsi neungteuinganan.

13Tangtu aranjeun ge aringet keneh, kumaha asalna simkuring nginjilan ka aranjeun teh, nya eta lantaran simkuring katarajang panyakit.

14Awak simkuring ruksak ku panyakit, tapi ditarima sarta diaku ku aranjeun kalawan taya semu-semu jejereged atawa geuleuh; sabalikna tea, nya aranjeun teh dagdag-degdeg pikeun ngabageakeun simkuring kawas ka utusan Allah, malah kawas ka Isa Al Masih ku anjeun.

15Tur kituna teh bari jeung ngarasa bagja. Kumaha ari ayeuna masih keneh kitu? Harita mah, cek wiwilanganana, mun heug nepi ka kudu nyokel panon keur kaperluan simkuring, aranjeun mo burung iklas.

16Ayeuna pedah simkuring ngomong satarabasna, naha rek diaranggap musuh?

17Jelema-jelema anu dicaritakeun ku simkuring teh, memang pohara geten tulatenna ka aranjeun. Tapi tekadna taya nu jujur. Saenyana mah, maranehna teh rek misahkeun aranjeun ti simkuring; nya rek narik aranjeun, supaya biluk ka maranehna.

18Geten tulaten teh alus, asal jujur. Malah kudu salawasna kitu, ulah ngan ari keur katungkulan ku simkuring bae.

19Anaking! Sapanjang Al Masih acan breh ngajanggelek dina hirup aranjeun, simkuring teu weleh paur, lir paurna nu rek ngajuru.

20Simkuring hayang geura-geura pajonghok, hayang cacarita beda ti ayeuna. Pohara salempangna simkuring, ku aranjeun teh.

21Pedah dulur kawas nu resep kabawah ku Toret, simkuring hayang nyaho: Sok digugu atawa henteu parentahna?

22Cek Kitab, Ibrahim kagungan putra dua, nu saurang ti abdina nu awewe, nu saurang deui ti geureuhana, turunan jalma merdika.

23Putra ti abdina, nu awewe, dilahirkeunana ku jalan anu lumrah bae; sabalikna, putra ti geureuha, turunan merdika mah, dilahirkeunana teh asal tina kawasaning jangji Allah.

24Ieu teh, ngandung harti anu jero. Istri anu dua eta teh, ngupamakeun dua perjangjian Allah. Nu saurang, nu ngaran Hajar, asal ti Gunung Sinai; anu anak-anakna baris jadi jalma-jalma kumawula.

25Hajar teh ngupamakeun Gunung Sinai, anu pernahna di tanah Arab; jadi, hal eta teh perlambang Yerusalem kiwari, anu hirupna saanak-anak kumawula.

26Geureuhana, nya nu saurang deui tea; anjeunna teh, wanita golongan jalma merdika, hal eta teh perlambang Yerusalem ti kalanggengan, anu mawa kamerdikaan. Urang ngindung teh ka dinya.

27Sabab kieu cek Kitab: “Eh, nu gabug, nu teu boga anak, sing suka bungah. Eh, nu can ngarasa nyerina ngajuru, masing gerah. Sabab awewe anu nunggelis teh, anak-baranahanana bakal leuwih ti batan awewe anu baroga salaki.”

28Aranjeun oge kawas Isak bae, dulur-dulur, nya eta anak tina perjangjian Allah.

29Tapi teu beda ti baheula, kiwari ge kitu: Anu diyugakeunana ku jalan lumrah teh, bet, nganiaya ka nu diyugakeunana ku karana kawasa Ruh Allah.

30Padahal, kumaha cek Kitab Suci? Kieu: “Eta badega awewe katut anakna sina ingkah. Sabab anak ti manehna mah, moal dijieun ahli waris kawas anak ti wanita anu merdika.”

31Ku kituna dulur-dulur, urang teh lain turunan nu asal ti wanita anu kumawula. Urang mah, turunan nu asal ti wanita golongan jalma merdika.



Download Audio MP3 (Galatia 4):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Galatia 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel