Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 1 >> 

1Saderek Teopilus. Dina buku nu kahiji, simkuring parantos ngadadarkeun padamelan sareng pangajaran-pangajaran Isa, ti kawitna dongkap ka dintenna mi'rad-Na.

2Samemeh mi'rad, ku kawasana Ruh Allah, Anjeunna maparin parentah-parentah ka rasul-rasul anu geus dipilih ku Anjeunna.

3Satutasna tina sangsara tea, Isa teh kantos ku rupi-rupi jalan ngayakinkeun ka murid-murid-Na yen Anjeunna leres-leres hirup. Dina salebet opat puluh dinten, Anjeunna sababaraha kali nembongan ka murid-murid-Na bari nyarioskeun hal Karajaan anu diparentah ku Allah.

4Dina hiji dinten, waktos tuang ngariung, Anjeunna amanat supaya rasul-rasul ulah waka incah ti Yerusalem; kedah tetep-tetep heula di dinya, ngantos-ngantos jangji Rama. Saur-Na, “Sakumaha anu geus dicaritakeun tea ku Kami.

5Ari Yahya ngabaptis teh ku cai, tapi maraneh mah sakeudeung deui oge bakal dibaptis ku Ruh Allah.”

6Pok nu karumpul teh tumaros ka Anjeunna, “Gusti Jungjunan simabdi, manawi ayeuna Anjeun bade ngadegkeun deui karajaan Israil teh?”

7Waler-Na, “Mangsa jeung waktuna mah geus ditetepkeun pangersa Rama ku anjeun, maraneh teu kudu nyaho.

8Ngan di mana Ruh Allah tea geus lungsur nyarengan, maraneh bakal meunang kawasa sarta jaradi saksi-saksi Kami di Yerusalem, di sakuliah Yudea, jeung Samaria, tug nepi ka tungtung bumi.”

9Sanggeus sasauran kitu, seug Anjeunna diangkat ka sawarga, kasaksian ku murid-murid-Na; geus kitu, reup bae, mega mindingan salira-Na.

10Sabot keur nareuteup langit ngawaskeun Anjeunna mi'rad. Ujug-ujug, jleg, aya anu nangtung duaan — anggoanna barodas — deukeut murid-murid.

11Aranjeunna, sasauran kieu, “He, urang Galilea! Ku naon nareuteup bae ka langit? Isa, anu bieu dicandak ka sawarga ninggalkeun maraneh teh, bakal sumping deui kucara kawas kitu keneh, nya eta saperti mi'rad-Na.”

12Rasul-rasul marulang deui ka kota Yerusalem ti Gunung Jetun, anu jauhna ti Yerusalem ngan saperjalanan poe Sabat. (Kira-kira salapan ratus meter).

13Aranjeunna teh, nya eta Petrus jeung Yahya, Yakobus jeung Andreas, Pilipus jeung Tomas, Bartolomeus jeung Mateus, Yakobus bin Alpius, Simon Selotes, sarta Yudas bin Yakobus. Di kotana, maratuh di hiji imah tumpangan, nya eta nyicingan kamar anu aya di loteng.

14Aranjeunna hirup samiuk sauyunan tur getol neneda babarengan. Lian ti aranjenna, aya oge sababaraha urang wanita katut Maryam ibu-Na Isa; kitu deui, saderek-saderek Isa.

15Dina hiji poe, waktu keur kumpul cara sasari; di dinya, aya kira-kira saratus dua puluh urang. Petrus ngadeg lajeng sasauran kieu,

16“Dulur-dulur, ayat Kitab Suci kudu laksana sakumaha dawuhan Ruh Allah anu kedalna tina lambey Daud ngeunaan Yudas Iskariot, anu ngaluluguan nangkep Isa tea.

17Tadina, manehna batur urang, sarua boga tugas ngaladenan kawas urang.

18Ki Yudas ge geus meuli lahan saluwuk ku duit ladang hianat; tapi ahirna, manehna ragrag nangkuban sarta beuteungna gudawang peujitna amburadul.

19Urang Yerusalem ge, kabeh, nyarahoeun; matakna, eta lahan dingaranan ku basa maranehna “Akel-dama,” hartina: Lahan-getih.

20Hal eta geus aya dina kitab Zabur, ungelna: Pakuwonna sing narikolot, masing suwung ku nu matuh. Jeung: Jabatanana sing kacokot ku nu sejen.

21Ku sabab eta, urang butuh saurang deui, keur gagantina. Ieu jelema teh kudu salah saurang ti anu sok milu babarengan salila Isa, Gusti Jungjunan urang, aya di urang keneh, nya eta

22ti ngawitan Anjeunna dibaptis ku Yahya nepi ka paturay-Na jeung urang, dicandak ka sawarga; supaya cara urang oge, manehna baris jadi saksi tina hal gugah-Na.”

23Tuluy ku sakur nu aya didinya diusulkeun dua jalma. Nu saurang Yusup alias Barsabas, anu katelah oge Yustus. Saurang deui Matias.

24Duanana diunjukkeun dina paneda, kieu, “Nun Gusti, anu langkung waspaos kana ati sanubari abdi sadaya! Mugi maparin pituduh, anu mana ti antawis ieu pun dulur, duaan, anu kamanah,

25anu kedah nyangking tugas ngaladenan, nya eta jabatan rasul gegentos Yudas Iskariot anu parantos tigubrag ka tempat anu satimpal.”

26Sanggeus diunjukkeun, tuluy dua jalma bieu dilotre. Undianana teh, keuna ka Matias; terus bae anjeunna teh diangkat jadi rasul, pikeun nambahan anu sabelas urang tea.



Download Audio MP3 (Kisah Para Rasul 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Kisah Para Rasul 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel