Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 12 >> 

1Kira-kira dina jaman eta keneh, raja Herodes mimiti nyieun talajak keras ka sawatara anggota jamaah.

2Yakobus, lanceukna Yahya tea, ku anjeunna dipaehan ku pedang.

3Uninga yen talajakna kitu teh kapake ku urang Yahudi; kerewek deui bae, manehna teh nangkep Petrus, nya eta dina hari raya “Roti Teu Ragian.”

4Terus, Petrus teh dipanjarakeun sarta dijaga ku opat regu serdadu, sareguna opat-opat. Maksudna, sabada Paska Petrus teh arek dipariksa perkarana kalawan disaksian ku balarea.

5Jamaah ngan ukur bisa mangdo'akeun ka Allah, muga anjeunna ditangtayungan.

6Piisukaneun Herodes rek nyerenkeun Petrus, peutingna, anjeunna kulem teh dihapit ku dua serdadu sarta dirante dua beulitan. Jaba ti eta, aya serdadu sejenna deui anu ngajaraga panto.

7Ujug-ujug, Jleg, aya malaikat ngadeg deukeut Petrus; kamar jadi hibar ku cahayana. Petrus digeuingkeun, saurna, “Geuwat hudang!” Dadak sakala, rante lesot tina leungeun Petrus.

8“Buru pake jubah maneh, tuturkeun kami,” saurna deui.

9Petrus ngiclik nuturkeun malaikat ka luar bari asa samar; naha ieu teh malaikat enyaan atawa titingalan bae.

10Tempat jaga kahiji jeung kadua geus kaliwat, jol ka panto beusi, nya eta gapura anu losna ka kota. Eta panto, bray, muka ku maneh; bras aranjeunna ka luar, maraju nepi ka tungtung jalan; barang nepi ka dinya tuluy, les, malaikat ngaleungit.

11Barang emutanana geus jejeg, Petrus ngagerendeng, “Yakin atuh, mo salah deui, Gusti geus ngutus malaikat-Na ngaluputkeun aing tina genggeman raja Herodes jeung tina angkara murkana urang Yahudi.”

12Sanggeus mikir-mikir sakeudeung, anjeunna terus bae ka imah Maryam, indungna Yahya Markus. Kabeneran, di dinya, loba jelema karumpul keur ngadaro'a.

13Anjeunna keketrok, tuluy disampeurkeun ku hiji awewe ngaran Rode; anjenna teh, disaha-saha.

14Rode ujug-ujug tenget bae kana sorana; tapi bawaning ku atoh-atohna, manehna lain buru-buru muka panto, anggur ngadon hariweusweus heula ka anu araya di jero: Petrus cenah anu keketrok teh.

15Cek batur-baturna, “Boa ngalindur maneh mah!” Tapi manehna, keukeuh ngaenyakeun. Tuluy cek batur-baturna, “Malaikatna meureun eta mah!”

16Petrus haben bae keketrok. Barang panto dibukakeun, gok, maranehna ngajarenghok karaget.

17Petrus pepeta ngisarahan ulah recok, bari pok medarkeun lalakonna ditulung ku Gusti lolos ti pangbuian. “Pangbejakeun bae ka Yakobus, kitu deui ka dulur-dulur sejenna,” saurna bari terus ka luar deui muru tempat sejen.

18Isukna, serdadu-serdadu jaga, raribut silih tanyakeun Petrus;

19raja Herodes gancang marentahkeun supaya Petrus diteangan, tapi weleh teu kapanggih. Ari serdadu-serdadu jaga sanggeus dipariksa, tuluy bae maranehna, kabehanana, diparaehan. Beres eta, sang raja ngantunkeun Yudea, angkat ka Kesarea sarta linggih di dinya.

20Hiji mangsa, raja Herodes bendu pisan ka urang Tirus jeung Sidon. Sanggeus samupakat, urang Tirus jeung Sidon teh ngadareuheusan ka anjeunna. Eta teh sanggeus maranehna hasil ngawujukan salah saurang pagawe karaton anu ngaran Blastus, nepi ka biluk daek ngadeudeul mangmentakeun pangampura raja. Ari sababna mah, bahan pangan Tirus jeung Sidon teh, kacida gumantungna ka wilayah cangkingan eta raja.

21Dina hiji waktu anu geus ditetepkeun, Herodes dangdan, nya eta make anggoan karajaan; tuluy manehna linggih dina singgasana sarta ngagalantang ka rayatna.

22Rayatna nempas ku surak, majar teh, “Ieu mah gentra ilahi, lain sora manusa!”

23Sapada harita keneh, sang raja digebug ku malaikat Pangeran lantaran kacida teu hormatna ka Allah. Anjeunna keuna ku panyakit, salirana beak dihakanan ku bilatung nepi ka pupusna.

24Ari pangandika Gusti beuki sumebar bae, kawentar ka jalma rea.

25Barnabas jeung Saulus marulang deui, — ti Antioki ka Yerusalem — sanggeus tugas-tugasna beres, bari mawa Yahya anu sok katelah oge Markus.



Download Audio MP3 (Kisah Para Rasul 12):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Kisah Para Rasul 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel