Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 24 >> 

1Heuleut lima poe, Ananias Panghulu Agung tea, sumping ku anjeun ka gupernur; manehna dibarengan ku sawatara kokolot bangsa jeung pokrol saurang ngaran Tertulus, anu rek ngadakwa Paulus.

2Sanggeus Paulus disaur, galantang Tertulus ngelakkeun, kieu pokpokanana, “Bapa gupernur anu mulya. Kalayan berkah tarekah bapa gupernur, abdi-abdi teu kendat-kendat ginanjar kani'matan tur karaos, yen bangsa abdi aya dina kamajengan ku kawijaksanaan bapa gupernur.

3Eta sadayana, boh di mana bae sapapaosna estu katampi, kasuhun ku abdi-abdi sadaya.

4Ayeuna, supados waktos bapa henteu patos kaganggu, bade dibujeng enggalna bae seja nyuhunkeun sih citeres bapa gupernur anu parantos kakoncara, mugi kersa ngadangukeun ieu pihatur sakedap.

5Ieu jalmi teh parantos nyata jadi sasalad, tukang nagiwurkeun urang-urang Yahudi di sa-alam dunya, hiji ulon-ulon ti madhab agama Masihi.

6Malah kantos nyobi-nyobi menalkeun kasucian Bait Allah. Kitu kawitna, nu mawi ku abdi sadaya ditangkep, bade dihukum anu satimpal numutkeun hukum Toret bangsa Yahudi.

7Nanging kapegat ku komandan Lisias, eta jalmi teh dileupaskeun tina genggeman abdi-abdi.

8Saurna, upami bade ngadakwa mah, kedah ka Gupernur bae. Upami jinisna ku bapa diparios, tangtos baris ka uninga saniskanten pakelakan abdi sadaya ka dirina.”

9Kitu dakwaanana sarta dikuatkeun ku urang-urang Yahudi yen memang kitu duduk perkarana.

10Gupernur maparin isarah ka Paulus miwarang nyarita. Pok Paulus sasauran, “Ku margi Bapa Gupernur parantos mangtaun-taun ngatur ieu bangsa, simabdi moal asa-asa deui ngunjukkeun ieu perkawis.

11Bapa tangtos langkung tingali, simabdi aya di Yerusalem teh nembe dua welas dinten kalangkung, nya eta bade ngalakonan ibadah.

12Iraha tea simabdi sok kapendak papaduan, sumawonten ngarusuhkeun, boh di Bait Allah, boh di tempat pangibadahan, atanapi di tempat sanesna di kota.

13Aranjeunna sorangan moal tariasa ngabuktikeun pangdakwaanana.

14Nanging sumeja diangken pisan ku simabdi, yen sajeroning babakti ka Allah nu disembah ku karuhun simabdi sarerea teh, abdi nganut Jalan Lempeng; nya hiji agama anu ku aranjeunna disebut Madhab.

15Abdi ngagaduhan pangarep-ngarep ka Allah, sami sareng anu diarep-arep ku aranjeunna, nya eta pangarep-ngarep kana hudangna deui anu maraot, boh anu ibadah, boh nu doraka.

16Dumasar kana eta pangarep-ngarep, sapapaosna abdi teh ihtiar satekah polah supados hirup teh taya kuciwana di payuneun Allah; pon kitu deui ka sasama.

17Mangtaun-taun abdi lunta ti Yerusalem, wangsul deui teh sumeja amal ibadah ka sasama bangsa sareng bade ngalampahkeun kurban.

18Sabot ngalaksanakeun niat, nya eta nuju abdi aya di Bait Allah, kasampak ku urang-urang Yahudi ti Asia. Harita abdi teh nembe ngalakonan susuci,

19teu ngabantun jalmi seueur sareng henteu aya karusuhan. Ku emutan, pantesna mah anu ngadakwa teh, ya eta urang Yahudi anu ti Asia, upami aya tea mah kelakeunana.

20Nanging anu ayeuna parantos araya di dieu oge mangga teh teuing bade ngadakwa mah, naon dosa abdi anu kapendak ku aranjeunna nalika diparios ku Mahkamah Agama.

21Rupina anu dianggap dosa ku aranjeunna teh ku margi simabdi harita nyebatkeun kieu: Lantaran percaya kana pihudangeunana anu maraot, simkuring dijagragkeun ka ieu Mahkamah Agama.”

22Tapi lantaran Gupernur Peliks parantos apal kana seluk-belukna Jalan Lempeng, papariksaan ku anjeunna ditunda. Saurna, “Ieu perkara ku kami rek diputus upama komandan Lisias geus datang.”

23Geus kitu, anjeunna marentah ka perwira tea, supaya Paulus tetep ditahan, tapi tahanan enteng bae; bari saurna, bisi aya kanca mitrana anu niat ngalaladenan kaperluan anjeunna, ulah dihalang-halang.

24Sawatara poe ti harita, Gupernur Peliks sumping deui jeung Drusila geureuhana, urang Yahudi. Paulus disaur, ditimbalan nyaritakeun sual iman kapercayaanana ka Isa Al Masih.

25Barang ngabandunganana nepi kana sual bebeneran, sual mawas diri jeung sual hukuman aherat, anjeunna kacida sieuneunana; tuluy anjeunna sasauran ka Paulus, “Cukup, sakitu bae heula; jung, ka ditu deui. Mun kami aya waktu engke maneh disaur deui.”

26Sajeroning kitu, Gupernur Peliks teh dina manahna mah, ngarep-ngarep kana hadiah duit ti Paulus. Ku sabab eta, Paulus mindeng pisan disaur diajak gunem catur.

27Tapi heuleut dua tahun, gupernur teh diganti ku Perkius Pestus. Ari Paulus angger keneh diantep dina tahanan, dumeh Gupernur Peliks teh hayang kapake ku urang Yahudi.



Download Audio MP3 (Kisah Para Rasul 24):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Kisah Para Rasul 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel