Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Kolose 3 >> 

1Dulur-dulur, kapan aranjeun teh geus dihirupkeun deui bareng jeung Al Masih. Atuh geus kuduna aranjeun mikiran hal-hal kasawargaan, nya tempat panglinggihan Al Masih tea, anu calikna teh tengeneun Allah.

2Implengkeun angen-angen teh kana hal kasawargaan, ulah kana hal-hal anu asal ti dunya keneh.

3Dulur-dulur teh, sasatna mah, geus paeh; ari hirup aranjeun geus ngancik buni jeung Al Masih di Allah.

4Di mana Al Masih, — anu jadi hirup urang tea — nganyatakeun salira-Na ka umum; dina waktu eta oge, dulur-dulur baris nganyatakeun diri sarta baris kaauban ku kamulyaana-Na.

5Ku sabab eta, geura eureunan eta kalakuan aranjeun anu nurutkeun perbawa hawa dunya teh. Ulah rucah, jinah ma'siat, goreng hate, jeung sarakah. Sarakah teh, kaasup nyembah ka brahala keneh.

6Kalakuan anu kitu, tangtu baris dihukum ku Allah.

7Tah hirup dulur-dulur oge, ka tukang-tukang mah kitu, teu uni.

8Ayeuna, geura piceun eta kalakuan teh, ulah sok ngumbar amarah, ngunek-ngunek, supu-sapa jeung ngumbar sungut.

9Jeung ulah sok silih bohongan deuih!

10Pribadi aranjeun anu heubeul teh, anu teu uni, kapan geus dipiceun, geus diganti ku kapribadian anu anyar. Tegesna mah, geus jadi manusa anyar, supaya bisa nyusul pangaweruh anu sajati; tur salawasna dina kaayaan anyar sakumaha gambaran Anu Nyiptana.

11Di alam hirup anyar mah, sual-sual urang Yunani, urang Yahudi, nu disunat, nu teu disunat, urang Barbar, urang Tartar, nu kumawula, nu merdika teh geus moal aya deui; sabab kabeh, geus jadi kagungan Al Masih.

12Dulur-dulur teh, umat anu geus kapilih jeung diasih ku Allah. Kudu karunyaan, sing boga rasrasan, rendah hate, someah darehdeh, tur sabar.

13Kudu silih eledan jeung silih hampura pada batur. Ngahampura teh wajib, kapan Gusti oge ngahampura ka dulur-dulur.

14Pangpangna mah, urang teh kudu silih pikanyaah. Sabab eta teh, jadi simpayna kasatunggalan.

15Mugi, dulur-dulur, ku Gusti dipaparinan reugreug hate. Kapan pangna dulur-dulur disaur teh, supaya ngajadi satunggal, ngawangun hiji badan. Lebah dieu, urang teh wajib muji sukur.

16Piwulang Al Masih, anu sakitu matak jembarna teh, sing nepi ka ngancik dina ati sanubari. Kudu silih papatahan, silih elingan kalawan hate anu lantip. Sanggakeun ka Allah puji tina Zabur, pupujian, jeung kidung-kidung rohani sejenna dibarengan ku pinuh rasa panarima jeung sukur.

17Ucap lampah, salawasna, kudu kalawan asmana Isa, Gusti Jungjunan urang, sarta ulah tinggal ti muji sukur ka Allah nu kersa jumeneng Rama, kulantaran Anjeunna.

18Aranjeun, parawanita anu rumah tangga, masing ngesto ka salaki. Sabab eta teh, kawajiban umat Al Masih.

19Aranjeun, nu jaradi salaki, kudu nyaah ka pamajikan jeung ulah nganyenyeri.

20Maraneh barudak, dina sagala rupa masing nurut ka kolot. Budak anu nurut ka kolot teh, ku Gusti dipikanyaah.

21Aranjeun anu jadi kolot, ulah sok cempadan teuing ka anak, bisi matak tinggar kalongeun.

22Aranjeun anu keur kumawula, satungtung hirup mah, dina sagala hal kudu ngesto ka dunungan. Nurut teh, ulah ngan keur hareupeun wungkul, nya ngarah kapake tea. Nurut teh, kudu saiklas-iklasna kalawan sieun ku Pangeran.

23Lampahkeun sagala pagawean sing enya-enya, kawas digawe pikeun Al Masih ku anjeun, lain keur manusa.

24Sing yakin, yen Gusti anu baris ngaganjarna teh; sakumaha anu geus ditangtukeun ku Anjeunna. Sabab dunungan anu sajati pikeun aranjeun mah, nya Al Masih.

25Sing saha bae anu lampahna jahat, tangtu meunang hukuman. Pangeran mah, moal rek pilih bulu.



Download Audio MP3 (Kolose 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Kolose 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel