Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 1 >> 

1Sarsilahna Isa Al Masih turunan Daud sareng Ibrahim teh kieu:

2Ibrahim puputra Ishak; Ishak puputra Yakub; Yakub puputra Yuda jeung saderek-saderekna pameget;

3Yuda puputra Pares jeung Sara, ti Tamar; Pares puputra Esrom; Esrom puputra Aram;

4Aram puputra Abinadab; Abinadab puputra Nahason; Nahason puputra Salmon;

5Salmon puputra Boas, ti Rahab; Boas puputra Obed, ti Rut; Obed puputra Isai;

6Isai puputra raja Daud. Daud puputra Sulaeman, ti garwa Uria;

7Sulaeman puputra Rehabeam; Rehabeam puputra Abia; Abia puputra Asa;

8Asa puputra Yosapat; Yosapat puputra Yoram; Yoram puputra Usia;

9Usia puputra Yoatam; Yoatam puputra Ahas; Ahas puputra Hiskia;

10Hiskia puputra Manase; Manase puputra Amon; Amon puputra Yosia;

11Yosia puputra Yehonia jeung saderek-saderekna pameget, keur jaman diboyong ka nagara Babul.

12Di pangboyongan di nagara Babul, Yehonia puputra Salatiel; Salatiel puputra Serubabel;

13Serubabel puputra Abiud; Abiud puputra Elyakin; Elyakin puputra Asor;

14Asor puputra Sadok; Sadok puputra Ahim; Ahim puputra Eliud;

15Eliud puputra Eleasar; Eleasar puputra Matan; Matan puputra Yakub;

16Yakub puputra Yusup, caroge Siti Maryam; nya ti anjeunna medalna Isa, anu disebat Al Masih teh.

17Jadi, ti Ibrahim nepi ka Daud teh, kabehna aya opat belas turunan; ti Daud tepi ka jaman pangbuangan ka nagara Babul, aya opat belas turunan; ti jaman pangbuangan ka nagara Babul, nepi ka Al Masih, aya opat belas turunan oge.

18Riwayat dibabarkeunana Isa teh kieu: Ti waktu Siti Maryam jeung Yusup babakalan keneh; Maryam teh, ku kersana Ruh Allah bobot.

19Ku sabab Yusup, picarogeeunana tea, jelema bener; nya anjeunna henteu kersaeun ngawiwirang Maryam teh. Jadi, anjeunna rek ngabatalkeun niatna pikeun mibojo Maryam teh bari ririkipan.

20Sajeroning mikir, beh, aya malaikat ti Pangeran nembongan dina impian, lahirna, “He Yusup, turunan Daud, ulah hamham mibojo Maryam. Sabab anu keur dikandung teh, asalna ti Ruh Allah.

21Nu bakal dibabarkeun teh, nya eta hiji Murangkalih pameget nu ku anjeun kudu dingaranan Isa. Sababna, nya Anjeunna pisan nu baris nyalametkeun umat-Na tina sagala dosa-dosana.”

22Kajadian ieu teh, tandaning sakur nu geus didawuhkeun ku Pangeran ka nabi tea tinekanan; kieu dawuhana-Na:

23“Tah lanjang teh bakal bobot, bakal ngababarkeun hiji anak lalaki, nu ku maranehna baris dingaranan Imanuel.” Imanuel teh hartina ‘Allah nyarengan ka urang’.

24Sanggeus hudang, sakumaha piwarangan malaikat Pangeran, ku Yusup dilampahkeun: Maryam lajeng ditikah,

25tapi anjeunna henteu sapatemon jeung bojona nepi ka dibabarkeunana putra pameget tea, nu dingaranan Isa.



Download Audio MP3 (Matius 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Matius 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel