Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 11 >> 

1Tamat ngawurukan murid-murid nu dua welas, tuluy ti dinya, Anjeunna angkat ngabujeng ka kota-kota sejenna seja ngawulang jeung nguarkeun Injil.

2Mangsa Yahya keur dipanjara, sakur padamelan Al Masih teh kawartoskeun ka anjeunna.

3Ti dinya, anjeunna ngajurungan sababaraha urang muridna ngadeuheus ka Isa; maksudna, rek naros kieu, “Naha leres Anjeun nu bade rawuh teh, atanapi kedah ngantos-ngantos anu sanes?”

4Ku Isa diwaler, “Geura bejakeun bae ku maraneh, caritakeun ka anjeunna sakur nu geus kadenge jeung kasaksian ku maraneh!

5Nu lolong jadi beunta; nu lumpuh bisa leumpang; nu lepra jadi setra; nu torek bisa ngadenge; nu paeh dihirupan deui; jaba ti eta, anu malarat diwawaran Injil.

6Bagja sakur nu teu nganggap tatajongan ka Kami.”

7Sanggeus murid-murid Yahya tea arindit deui, Isa ngawitan nerangkeun ka jelema anu karumpul di dinya tina hal Yahya, saur-Na, “Ari maraneh arindit ka tegalan keusik teh rek narenjo naon? Naha rek narenjo luak-leokna tangkal kaso katebak angin?

8Naon sababna, maraneh ngajugjug ka eta tempat? Naha rek ngadon ngalalajoanan nu keur mararidang? Atuh anu gararinding, nu papakeanana sarwa aralus mah, ayana teh di karaton raja-raja!

9Jadi, rek naon atuh maraneh teh? Hayang nyaraho kana rupana nabi? Tah, lamun eta maksud maraneh teh, memang bener kudu ka dinya. Malah ceuk Kami, Yahya teh leuwih luhur harkatna ti batan nabi.

10Sabab tina hal diri anjeunna, geus kaserat kieu: Mangka waspada, Kami geus ngutus utusan Kami saheulaeun Anjeun, anu baris nyadiakeun pijalaneun Anjeun.

11Ceuk Kami ka maraneh: Di antara jelema nu dijurukeun ku awewe mah, acan manggih anu leuwih mulya harkatna ti Yahya Juru Baptis; tapi di Karajaan Allah mah, nu panglaip-laipna oge, leuwih mulya ti batan anjeunna.

12Ti semet sumpingna Yahya Juru Baptis, — nepi ka kiwari — Karajaan Sawarga teh pada nyerbu sarta anu nyerbuna tea alihtiar supaya bisa kumawasa di dunya.

13Sabab hal eta teh, geus diwawarkeun ku sakabeh nabi jeung ku Kitab Toret nepi ka waktuna Yahya sumping;

14jeung deui — upama ku maraneh katarima — anjeunna teh nya Elias tea anu geus dijangjikeun.

15Lamun rumasa baroga ceuli, kudu diraregepkeun!

16Ari jelema-jelema jaman kiwari, naha kudu diupamakeun kana naon? Maranehna teh ibarat barudak nu keur dariuk arulin di pasar bari tinggorowok ka papada baturna, pokna:

17‘Ku urang dipangnyulingkeun, sarilaing mah henteu daraek ngigel; ari urang careurik, midangdam, sarilaing mah bangun nu teu riuk-riuk milu sedih!’

18Ayeuna, sumping Yahya anu teu tuang teu leueut, majar teh anjeunna kasurupan setan.

19Geus kitu, Putra Manusa ku anjeun rawuh, tuang leueut sakumaha biasa; aromongna: Tuh tenjo jelema rakus, pamabokan tukang nginum, komplotan tukang-tukang cuke jeung bangsa jelema daroraka! Tapi mungguhing hikmat Allah mah, kaestuanana teh, nyata tina padamelana-Na.”

20Sanggeus kitu, Isa nyeukseukan pangeusi kota anu henteu daraek tobat, padahal Anjeunna midamel mujijat teh panglobana di dinya.

21“Cilaka maneh, Korasim! Cilaka maneh, Betsaida! Sabab upama di kota Tirus jeung di Sidon aya nu nyieun mujijat saperti nu geus kasaksian ku maraneh di dieu, tangtu maranehna geus lila tarobat sarta ngarasa prihatin.

22Tapi Kami rek ngabejaan ka maraneh: Engke, dina poean Pangadilan, hukuman anu baris ditibankeun ka Tirus jeung ka Sidon teh, tangtu leuwih enteng ti batan hukuman maraneh.

23Jeung ari maneh, Kapernaum, naha maneh teh marukankeun bakal dijungjung diugung-ugung tepi ka langit? Moal, sabalikna, maneh bakal dirorod dibalangkeun ka jero Karajaan Maot! Sabab upama kabeh mujijat anu geus kasaraksian ku maraneh kajadianana di Sadumu, tangtu eta kota teh masih keneh ngadeg nepi ka kiwari.

24Tapi Kami rek ngabejaan ka maraneh: Dina poean Pangadilan, hukuman pikeun kota Sadumu, bakal leuwih enteng ti batan hukuman ka maraneh.”

25Harita Isa mihatur kieu, “Simabdi muji sukur ka Payuneun Ama, nun Allah nu kagungan langit sareng bumi; wireh eta perkawis teh ku Ama dibunikeun ka sakur nu laluhung sareng palinter, nanging Ama parantos kersa ngebrehkeun eta sadayana ka jalmi-jalmi laip.

26Sayaktosna pisan, nun Ama, eta sadayana parantos sapuk sareng pangersa Ama.

27Sagemblengna ku Rama geus dipasrahkeun ka Kami sarta moal aya anu bisa wawuh ka Putra iwal ti nu jadi Rama jeung deui moal aya anu bisa wawuh ka Rama lian ti nu jadi Putra-Na jeung sakur jelema anu geus dikersakeun diebrehan ku Putra.

28Hiap ka dieu ka Kami, sakur nu mopo sarta kalempohan jeung nu loba kabeubeurat, ku Kami maraneh rek sina reureuh.

29Geura pake, — ku maraneh — ieu pasangan Kami; jaba ti eta, seug, guguru oge ka Kami, — sabab Kami mah lemah lembut tur rendah hate — supaya batin maraneh manggih katengtreman.

30Sabab pasangan ti Kami mah, genah jeung momotanana ge hampang.”



Download Audio MP3 (Matius 11):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Matius 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel