Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 18 >> 

1Waktu eta, murid-murid mihatur deui, “Dupi anu punjul di Karajaan Sawarga, saha?”

2Ti dinya, Isa nyandak hiji budak leutik sina nangtung di tengah.

3Saur-Na, “Ingetkeun ieu: Lamun maraneh henteu robah kalakuan jeung teu jadi cara barudak leutik, pimoaleun bisa asup ka Karajaan Sawarga.

4Anu punjul di Karajaan Sawarga teh, nya eta anu handap asor jeung nu jadi saperti barudak leutik.

5Jeung saha-saha nu nyaah ka barudak leutik demi ngaran Kami, eta teh nyaah ka Kami.”

6“Saha-saha anu ngalantarankeun ingkarna salah sahiji ti barudak leutik anu anut ka Kami, leuwih hade dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, tuluy balangkeun ka laut.

7Cilaka dunya teh, loba gogoda dodoja. Tapi leuwih cilaka deui jelema anu nyieun gogoda.

8Upama leungeun atawa suku maraneh matak sasar, teukteuk: Piceun! Sabab mending boga leungeun hiji atawa suku hiji, tapi matak salamet di aherat; tinimbang lengkep anggahota, tapi tigebrus ka seuneu naraka.

9Upama panon maraneh nu sabeulah matak sasar, cokel: Piceun! Mending pecak, tapi salamet di aheratna; tinimbang panon dua, tapi tigebrus kana seuneu naraka.”

10“Ati-ati, maraneh ulah nepi nyapelekeun salah sahiji barudak leutik ieu. Sabab cek Kami: Malaikat-malaikatna teh salawasna aya di payuneun Rama Kami di Sawarga.

11Sabab Putra Manusa sumping teh, nya seja nulungan anu sasab.

12Cik, upama aya nu boga saratus domba, leungit hiji; cek maraneh, eta jelema baris kumaha? Tangtu manehna indit neangan, ari anu salapan puluh salapan mah ditinggalkeun heula nyaratuan di lamping pasir.

13Ana nu leungit kapanggih; cek Kami mah, nu bogana, atoheunana teh leuwih ti batan ku anu salapan puluh salapan nu teu kungsi leungit.

14Pangersa Rama Kami di Sawarga oge nya kitu: Ulah aya saurang-urang acan, ti barudak leutik ieu, anu leungit.”

15“Lamun aya dulur boga salah, teang, elingan. Lamun meunang dielingan, dulur urang teh beunang deui.

16Lamun pepeling maneh teu didenge, sakali deui elingan dibantu ku saurang atawa duaan, nepi ka dadaran sualna kasaksi ku duaan atawa tiluan, luyu jeung pangajaran Kitab Suci.

17Lamun nu sejen oge henteu didenge, unjukkeun ka jamaah. Lamun ku jamaah oge teu beunang dipepelingan, hade dianggap deungeun-deungeun atawa Tukang Cuke.

18Jeung Kami ngabejaan ka maraneh sakabeh, yen sagala rupa anu ku maraneh dilarang di ieu dunya, di Sawarga oge baris dilarang; naon-naon anu ku maraneh diidinan di ieu dunya, di Sawarga oge baris diidinan.

19Oge Kami ngabejaan, yen iraha bae maraneh ngunjukkeun panuhun kalawan mupakat duaan, ku Rama di Sawarga tangtu dikabul.

20Sabab mun aya dua atawa tilu jalma kumpul mawa ngaran Kami, Kami tangtu aya ngareujeungan.”

21Ti dinya Petrus mihatur ka Isa, “Jungjunan, upami pun dulur gaduh dosa ka abdi, sabaraha kali abdi wajib ngahampura? Tujuh kali?”

22Waler Isa, “Lain ngan tujuh kali, tapi tujuh puluh kali tujuh kali.

23Sabab Karajaan Sawarga teh, ibarat hiji raja anu mariksa hutang gandek-gandekna.

24Barang prak mariksa, aya saurang anu dideuheuskeun, hutangna jutaan rupia.

25Jelemana teu bisa mayar. Ku eta raja, gandek teh sina dijual jadi budak beulian; nya kitu deui anak pamajikanana katut sagala pangabogana, pikeun ngalunasan hutangna tea.

26Gandek teh ngarumpuyuk, ngomong melas-melis ka dununganana, ‘Nyuhunkeun sarantos bae, tangtos tiasa lunas sadayana.’

27Dununganana karunyaeun, tuluy hutangna dibebaskeun.

28Gandek nu geus dibebaskeun tina hutangna tea, balik; di jalan amprok jeung batur papada gandek, anu boga hutang ka manehna ukur rerebuan bae. Ku manehna dicerek, terus ditagih jeung dicarekan, pokna, ‘Hayoh, bayar hutang teh!’

29Nu ditagih mani nyembah, walonna, ‘Tempoan heula atuh, sugan kabayar.’

30Tapi teu didenge, malah terus dijebloskeun ka jero panjara geusan ngalunasan hutangna.

31Barang gandek-gandek sejenna nyarahoeun, pohara ngareneseunana, tuluy arunjukan ka dununganana.

32Eta gandek bengis teh, disaur deui. Cek dununganana, ‘Maneh gandek nu teu boga rasa rumasa. Hutang maneh geuning ku kami dibebaskeun lantaran ngadenge maneh ngalengis.

33Atuh maneh oge wajib ngaraskeun ka batur, kawas kami ngaraskeun ka maneh!’

34Ku bawaning dununganana jengkel, gandek teh dijebloskeun ka panjara pikeun ngalunasan hutangna.”

35Jungjunan nutup carios-Na, “Rama Kami di Sawarga oge, moal aya hampura-Na ka maraneh; lamun maraneh, masing-masing, taya hampura ka sasama.”



Download Audio MP3 (Matius 18):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Matius 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel