Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Roma 14 >> 

1Sing ngama'lum ka batur nu kurang yakin. Sual kurang kayakinan ulah direcok-recok.

2Jelema mah, kayakinanana teh teu sarua. Aya nu yakin yen ngadahar naon oge meunang; aya nu ukur ngadahar bangsa sayuran lantaran kurang yakin meunang henteuna ngadahar sagala rupa.

3Dina sual ieu, anu sok ngadahar sagala rupa, ulah nyawad ka nu tara. Masing-masing bae, da Allah mah ka duanana oge nampi.

4Barina oge naon hak aranjeun nyawad ka bujang batur? Masih kumaha bae oge, ari anu wenang nangtukeun mah, dununganana; naha bujangna teh, suhud atawa henteu. Urang ulah manghamhamkeun, da Allah mah iasa bae ngarobah jelema jadi suhud sumujud.

5Aya jalma anu nganggap, yen ‘poe anu’ leuwih penting batan poe-poe sejen; aya oge anu nganggap poe mah kabeh ge sarua. Keun, eta mah, nurutkeun kayakinan masing-masingna bae.

6Anu yakin, yen aya poe anu istimewa, yakinna teh ka Gusti Allah. Anu dahar, daharna teh bari teu poho ka Gusti, ku ngucap sukur ka Allah anu maparin dahareunana. Anu puasa, puasana bari eling ka Gusti, ku ngucap sukur pedah bisa ngajalankeun puasa.

7Sabab jelema mah, — boh hirupna, boh paehna — lain ngan keur sadirieunana bae.

8Eukeur hirup, hirupna teh kanggo Gusti; ana paeh, nyawana teh kanggo Gusti. Boh hirupna, boh paehna, nyawana teh kagungan Gusti.

9Nya kitu oge pangna Al Masih pupus sarta hirup deui teh, supaya jumeneng Gusti Jungjunan: Boh keur nu geus paraeh; boh keur nu harirup keneh.

10Ku sabab eta, nanaonan cuwud-cawad kana kayakinan batur? Naha kayakinanana dianggap hina? Urang teh, kabeh oge, kudu jagrag kana pangadilan Allah ku manten.

11Sabab cek Kitab: ‘Demi Kami jumeneng, timbalan Pangeran, unggal jalma baris tapak deku ka Kami. Kabeh jalma baris ngamulyakeun ka Allah.’

12Jadi, urang teh moal bisa sumingkir deui; kudu tanggung jawab kana laku lampah masing-masing.

13Ku sabab eta, poma ulah silih cawad deui. Rek nyawad mah kana kalakuan sorangan bae. Jaga, supaya batur ulah nepi ka kasigeung perasaanana.

14Simkuring yakin, — dina kamanunggalan jeung Isa, Gusti Jungjunan urang — yen dina hakekatna mah, taya barang anu najis. Najis soteh, cek nu nganggap najis.

15Jadi, upama aranjeun nyigeung perasaan batur ku alatan anu didaharna; hartina, aranjeun geus ingkar tina kanyaah. Poma, ulah nyieun nu matak tideuha ka batur ku sual kadaharan; sabab Al Masih teh, pupusna, keur guna manehna ongkoh.

16Anu hade pikeun aranjeun ulah dipake ngadorakakeun batur.

17Sabab Karajaan Allah mah, moal ngarecokkeun sual naon nu wenang didahar atawa diinum. Karajaan Allah mah, ukur mentingkeun sual kasaestuan, karapihan, jeung kabagjaan hirup dina aub-aubna Ruh Allah.

18Sing saha anu ngawula ka Al Masih ku cara kitu, tangtu ku Allah kamanah, ku pada jalma oge diajenan.

19Ku sabab eta, hayu rampak ngudag hal-hal anu nuju kana karapihan sarta silih kuatkeun iman kapercayaan.

20Poma, ulah ngaruksak padamelan Allah ku sual kadaharan! Enya kadaharan teh taya nu najis, tapi ari ngadaharna matak nyigeung hate batur mah, kacida gorengna.

21Utamana, ari matak jaheut hate batur mah, hade ge, ulah ngadahar daging atawa inuman keras jeung sabangsana.

22Nu dipake kayakinan ku sorangan, tungkus sajeroning ati; da eta mah, urusan iman sorangan ka Gusti Allah. Bagja, jalma anu teu kaganggu ku budi rasana enggoning milampah naon-naon anu cek kayakinanana hade.

23Sabalikna, jalma anu hamham, — tapi teu burung ngalampahkeun anu cek kayakinanana teu meunang — eta teh geus kahukum; lantaran ngalampahkeunana, henteu dibarengan ku imanna. Sabab naon-naon anu henteu dibarengan ku iman, eta teh dosa.



Download Audio MP3 (Roma 14):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Roma 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel