Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Roma 5 >> 

1Sanggeus urang diangken bener lantaran iman, urang teh dicandak rapih deui ku Allah ku karana Isa, Gusti Jungjunan urang.

2Ku karana Anjeunna, urang anu iman meunang asup kana alam sih kurnia, alam hirup anu pinuh ku bagja sarta dipaparin harepan baris meunang kamulyaan ti Allah.

3Untungna deui, sanajan dina lara balangsakna, bagjana mah mo weleh karasa; dumeh urang terang yen kasangsaraan teh ngan keur nguji kasabaran wungkul.

4Lamun geus bisa sabar, tangtu baris tahan uji; ari anu tahan uji boga pangharepan.

5Eta pangharepan teh, moal matak kaduhung ahirna; sabab urang geus meunang sih kurnia Allah, nya eta Ruh Allah anu ngancik di jero hate.

6Sajeroning urang dina kaayaan teu daya teu upaya keneh, — dina mangsa nu ku Allah geus dipasti — Al Masih geus nemahan pati pikeun nalangan urang jalma doraka tea.

7Manusa mah arang langka aya nu bela pati, sanajan ka jalma anu teu tuah teu dosa. Di ayana ge, tangtu anu dibelana teh jalma anu luar biasa hadena.

8Ari Allah mah, ti alam urang hirup dina kadorakaan keneh oge geus ngabuktikeun asih-Na, nya eta nepi ka Al Masih kudu pupus pikeun urang.

9Komo ayeuna, sanggeus urang diangken bener ku karana getih Al Masih, tinangtu luput tina bebendu-Na.

10Ti alam urang nyatru keneh, Anjeunna kersa ngarapihkeun anjeun jeung urang ku jalan maparin panebus, nya eta nyawa Putra-Na. Komo ayeuna, sanggeus puguh aya karapihan; urang teh, ku Anjeunna tangtu kana leuwih dirahayukeun deui ku lantaran Putra-Na anu jumeneng di jero diri urang.

11Lain ngan sakitu bae, ayeuna mah, urang teh malah bisa maruji sarta ngagungkeun ka Allah ku lantaran Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, nu geus maparinkeun karapihan tea.

12Ku sabab dosa nu mateni teh asupna ka alam dunya ku pamolahna jelema saurang, temahna kabeh manusa kudu paeh; lantaran kabeh ge, geus karingkus ku dosa.

13Ari dosa teh, ayana di alam dunya, jauh ti samemeh aya Toret. Ngan samemeh aya Toret mah, dosa teh teu dibalitungkeun.

14Najan kitu, ari paeh mah teu meunang henteu; sabab ajal mah geus murba, ti jaman Adam nepi ka jaman Musa. Kabeh keuna ku paeh, najan dosana henteu sarua jeung dosa anu dilampahkeun ku Adam, nya eta manusa anu jadi gambaran Anu baris pisumpingeun tea.

15Sukur, ari sih kurnia Allah mah, beda deui sipatna ti pangrempak Adam. Ari pangrempak mah najan anu ngalampahkeunana ngan saurang, balukarna matak paeh ka sarerea. Sabalikna, kamurahan sarta sih kurnia Allah, matak jembar ka kabeh manusa. Sabab ku lantaran hiji Manusa, nya eta Isa Al Masih kabeh manusa geus ginuluran berkah tanpa wangenan.

16Kaasihan jeung sih kurnia Allah mah sabalikna ti dosa anu saurang tea, anu nungtunna kana pangdakwa jeung hukuman. Ari sih kurnia Allah mah ngalantarankeun kabeh manusa najan geus migawe kadorakaan mangpirang-pirang oge dihampura, dietang bener.

17Sabab nyata, pangrempak nu saurang ngalantarankeun kabeh manusa kapurba ku ajal; sabalikna, padamelan nu saurang deui mah, nya eta Isa Al Masih, matak jembar taya babandinganana, nepi ka kabeh manusa meunang sih kurnia anu taya wiwilanganana, nya eta diangken bener tur baris hirup murba jeung kawasa.

18Jadi ku lantaran dosa jalma saurang, sakabeh manusa geus keuna ku hukuman; nya kitu deui, sakabeh manusa geus diangken bener ku lantaran benerna manusa anu saurang tea.

19Cindekna, tina sabab teu ta'atna manusa anu saurang, sakumna manusa geus kabawah ku dosa; nya kitu oge, ku ta'atna manusa anu saurang deui teh, sakabeh manusa geus diangken bener.

20Sanggeus aya hukum Toret, dosa teh anggur beuki tambah-tambah. Tapi puji sukur ka Pangeran, sih kurnia Anjeunna estuning tanpa wangenan!

21Sabab sakumaha dosa, geus ngawasaan alam maot; kitu keneh sih kurnia-Na oge, murba di alam hirup anu langgeng ku karana Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.



Download Audio MP3 (Roma 5):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Roma 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel