Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Titus 1 >> 

1Ti Paulus, abdining Allah sarta rasul Isa Al Masih, anu dipiwarang nguatkeun iman umat Allah sarta nungtun maranehna kana kayaktian nurutkeun agama anu diagem ku urang,

2anu didadasaran ku pangarep-ngarep kana hirup langgeng tea. Allah anu ngajangjikeun hal ieu ka urang, ti alam bihari keneh, mustahil jalir.

3Sanggeus nitih kana wanci, eta jangji teh ku Mantenna dibuktikeun dina pangwawarana-Na. Eta pangwawaran teh dipercayakeun ka simkuring, ku Allah, Juru Salamet urang.

4Surat dumateng Titus, anu ku karana saiman sasat anak pituin, nepi ka urang jadi sabeungkeutan. Muga anjeun pinanggih rahmat, piwelas katut rahayu ti Allah Rama, jeung ti Isa Al Masih, Juru Salamet urang.

5Nu matak anjeun ditinggalkeun di pulo Kreta teh, nya eta pikeun memeres jeung neruskeun hanca. Anjeun kudu ngangkat kokolot-kokolot pikeun jamaah, di unggal-unggal tempat. Dasarna kudu nurutkeun pituduh ti simkuring tea, nya eta:

6Nu kudu diangkat teh, anu mulus kalakuan, anu teu nyandung, anu anak-anakna balageur, anu taya cawadeunana, jeung anu tara ngabarandel.

7Sabab jeneng pamingpin jamaah teh manggul papancen ti Allah, teu meunang nyieun codeka, teu meunang gumede, panas-baran, mabok, teu kaopan, jeung hawek.

8Sabalikna, pamingpin jamaah mah kudu darehdeh, biluk ka nu hade, sabar, adil, iklas, lantip,

9kukuh kana ajaran sajati sarta luyu jeung pangajaran anu geus katarima. Tah nu karitu anu baris bisa nerapkeun ajaran sajati teh, anu baris bisa ngahatean jamaahna, tur wani menerkeun kasalahan-kasalahan jelema-jelema anu boga tekad ngalawan.

10Da loba keneh atuh anu ngaralawan teh, anu rek ngasupkeun pangajaran nu nyeleweng; pangpangna mah, ti golongan umat turunan Yahudi.

11Nu kararitu, kudu dibekem sungutna. Sabab pangajaranana, matak runtag sajamaah. Pangna ngarulik elmu teu uni oge, taya lian ti rek nyiar untung nu teu halal.

12Nepi ka aya urang Kreta, nabina pisan, kungsi ngomong kieu: "Urang Kreta mah, saumur-umur, jaba ti wadul teh teu beda ti kerud, nya gembul nya kedul."

13Bener naker eta ucapan teh. Weweleh nu karitu teh ku anjeun, malakmandar iman kapercayaanana pulih deui;

14ulah sina ngeukeuweuk bae talari karuhun Yahudi, ngagul-ngagul aturan-aturan beunang manusa, teu malire kayaktian.

15Pikeun anu hatena suci mah, sagala ge suci. Sabalikna, pikeun nu pecat iman mah, euweuh nu suci lantaran nya pipikiran nya kalakuan, kotor bae.

16Majar maneh nyaho ka Allah, ari kalakuan sabalikna. Jelema-jelema karitu mah, gawena ngan ngaralawan bae, pinuh ku kaijid, jeung taya pupurieunana.



Download Audio MP3 (Titus 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Titus 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel