Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 15 >> 

1Geus kitu, aya deui hiji totonde anu aheng, di langit: Agung sarta matak helok kabina-bina. Aya tujuh malaikat, mawa tujuh rupa balai anu panganggeusan, nya eta kanyataan anu panutup tina bebenduning Allah.

2Breh, aya anu jiga laut kaca pagalo jeung seuneu. Jelema-jelema anu geus ngelehkeun sato, arcana, katut nu make cap angka-angka lambang tina ngaranna tea, narangtung di sisi eta laut kaca, nyarekel kacapi ti Allah.

3Breng ngawihkeun pupujian Musa, — abdi Allah tea — jeung pupujiana-Na Anak Domba: “Nun Pangeran, Allah Nu Murba Wisesa, padamelan Gusti agung aheng teu aya bandingna! Nun Rajaning sadaya bangsa, jalan Gusti estu adil tur sayaktosna!

4Saha anu teu gimir ku Gusti? Saha anu moal ngaku kaagungan Gusti? Anging Gusti Anu suci. Bangsa-bangsa sadayana baris darongkap sumembah, wireh padamelan Gusti anu adil, nyata kasaksi ku sadayana.”

5Ti dinya, katingal Bait Suci nu di sawarga, muka; breh, anu aya di jerona katembong.

6Tujuh malaikat anu mawa tujuh rupa balai, kalaluar ti Bait Suci; papakeanana ngeplak bodas jeung harerang; dadana, marake beulitan emas.

7Salah sahiji mahluk nu opat tea, ngabagikeun tujuh pinggan emas, — anu dieusi ku bebenduning Allah Anu jumeneng salalanggengna — ka malaikat anu tujuh tea.

8Geus kitu, Bait Suci teh pinuh ku haseup ku karana kaagungan jeung kakawasaan Allah. Teu aya saurang-urang acan anu bisa asup ka dinya: Samemeh balai anu tujuh rupa anu dicekel ku tujuh malaikat tea, dilaksanakeun kabeh.



Download Audio MP3 (Wahyu 15):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel