Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 7 >> 

1Geus kitu, aya opat malaikat, narangtung di opat jihat bumi. Eta malaikat-malaikat nyerek angin bumi anu opat, teu meunang nebak ka daratan, lautan, atawa kana tatangkalan.

2Breh deui hiji malaikat, unggah tina pangbijilan panonpoe nyekel cap-Na Allah Nu jumeneng. Eta malaikat, cumeluk ka opat malaikat anu dibere kawasa pikeun ngaruksak daratan jeung lautan tea; kieu cumelukna:

3“Daratan, lautan, tatangkalan, ulah waka digempur; urang cap heula tarang abdi-abdi Allah nu disembah ku urang!”

4Ku simkuring kadenge, jumblah anu geus dicap teh aya saratus opat puluh opat rebu urang ti sakabeh kaom Israil.

5Anu dicap ti kaom Yuda dua belas rebu urang. Ti kaom Rubin dua belas rebu urang. Ti kaom Gat dua belas rebu urang.

6Ti kaom Aser dua belas rebu urang. Ti kaom Naptali dua belas rebu urang. Ti kaom Menase dua belas rebu urang.

7Ti kaom Simon dua belas rebu urang. Ti kaom Lewi dua belas rebu urang. Ti kaom Isaskar dua belas rebu urang.

8Ti kaom Sebulun dua belas rebu urang. Ti kaom Yusup dua belas rebu urang. Ti kaom Binyamin dua belas rebu urang.

9Ti dinya, simkuring ningal jelema mangpirang-pirang reana tanpa wilangan, — ti sagala bangsa, seler-seler bangsa, kaom-kaom, jeung basa-basa — narangtung payuneun singgasana jeung payuneun Anak Domba, marake jubah bodas ngeplak jeung nyarekel daun palem.

10Breng bareng ngararucap, sorana ngageder: “Kasalametan urang asal ti pangersa Allah, anu linggih dina singgasana, jeung ti Anak Domba!”

11Malaikat-malaikat anu rajeg sabudeureun singgasana, kitu oge parasesepuh jeung mahluk anu opat tea, — payuneun singgasana — bruk sarujud ka Allah;

12breng, kabeh ngarucap: “Amin! Puja, puji, kaagungan, kaluhungan, pamuji sukur, kahormatan, kakawasaan, kawisesaan, salamina kagungan Allah nu disembah ku urang, salalanggengna. Amin!”

13Hiji sesepuh mariksa ka simkuring, saurna, “Anu dijarubah bodas teh saha, jeung ti mana?”

14Walon simkuring, “Sumuhun teu terang. Juragan anu langkung uninga.” Saurna deui, “Eta teh jelema-jelema anu tas dikaniaya kacida hebatna. Jubahna jadi barodas ngeplak sabab geus diseuseuh dina getih itu Anak Domba.

15Kitu lantaranana, pangna ayeuna araya di dieu, di payuneun singgasana Allah. Beurang peuting ngabdi ka Mantenna di Bait-Na anu suci. Maranehna ditangtayungan ku Mantenna, anu linggih dina singgasana tea.

16Maranehna moal kasorang deui ku lapar, moal ngarasa halabhab deui, moal karerab deui ku panasna panonpoe, atawa ku panas naon bae.

17Sabab baris diaping ku Anak Domba nu aya di tengah-tengah singgasana, dituyun ka cinyusu kahirupan sarta cipanon maranehna ge, ku Allah, bakal dipupus.”



Download Audio MP3 (Wahyu 7):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel