Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 8 >> 

1Barang segel anu katujuh dibuka; jep, sawarga jempling kira-kira satengah jam lilana.

2Geus kitu, tujuh malaikat anu narangtung payuneun Allah tea, dibagi tujuh sangkakala.

3Datang deui hiji malaikat anu mawa parukuyan emas, tuluy eta malaikat nangtung deukeut hiji mezbah; seug, ka eta malaikat dibere dupa loba pisan, anu kudu dikukuskeun dina mezbah emas payuneun singgasana tea, bareng jeung paneda jelema-jelema anu aribadah.

4Haseup tina parukuyan ngelun, nyambuang bareng jeung paneda jelema-jelema nu aribadah, kahaturkeun ka lenggah Allah.

5Ari parukuyan tea, ku eta malaikat, dieusian ruhak tina mezbah, terus diawurkeun ka bumi; tuluy bae disusul ku gelap tingbeledag, tinggulugur, jeung dibarengan ku kilat; jaba ti eta, bumi ge, inggeung ku lini.

6Tujuh malaikat nu nyarekel sangkakala geus sadia-sadia.

7Malaikat nu kahiji, niup sangkakalana: Breg, aya hujan es campur seuneu jeung getih ditamplokkeun kana beungeut bumi. Sapertilu taneuh, sapertilu tatangkalan, jeung sapertilu jujukutan nu keur harejo kahuru.

8Malaikat nu kadua, niup sangkakalana: Breh, aya nu siga gunung ngajungkiring, hurung ku seuneu, dikunclungkeun ka laut; sapertilu laut ngajadi lautan getih.

9Sapertilu mahluk nu hirup di laut, kitu deui sapertilu kapal-kapal, beak musna.

10Malaikat nu katilu, niup sangkakalana: Hiji bentang anu kabina-bina gedena nyuruwuk ti langit bari hurung ngagugudag; breg, eta bentang, ninggang kana sapertilu walungan-walungan jeung sumber-sumber cai lianna.

11Ieu bentang, ngaranna Apsintos anu hartina, pait. Cai anu katinggang ku eta bentang, jadi pait teu bisa diinum; akibatna, loba manusa nu paeh.

12Malaikat nu kaopat, niup sangkakalana: Eta sora sangkakalana ngahantem sapertilu panonpoe, sapertilu bulan, sapertilu bentang-bentang nepi ka sapertilu cahayana leungit. Jaba ti eta sapertiluna beurang ge, henteu kacaangan; kitu deui sapertiluna peuting.

13Ari di langit, aya hiji galudra anu keur ngalayang, — kacida luhurna — bari disada; sorana gede jeung aya unina: “Balai! Balai! Balai pangeusi bumi, upama tilu sangkakala malaikat sejenna deui enggeus ditiup!”



Download Audio MP3 (Wahyu 8):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel