Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 9 >> 

1Geus kitu, malaikat nu kalima, niup sangkakalana. Tuluy aya hiji bentang anu ragrag ti langit ninggang ka bumi. Eta bentang diserenan sosi hiji guha anu jero (pangancikan roh-roh jahat).

2Barang lawang eta guha dibuka, peledug bijil haseup, — pohara kandelna, kawas haseup tina pameuleuman gede — anu moekan panonpoe.

3Ti jero eta haseup, merul simeut, — matih lir kalajengking — ambreg ka bumi.

4Eta simeut-simeut teh, geus dibere parentah teu meunang ngaruksak bangsa jujukutan, tatangkalan, atawa tutuwuhan lianna; tapi ngan pikeun ngagalaksak ka manusa wungkul, anu dina tarangna henteu marake cap Allah.

5Sanajan kitu, eta jelema-jelema teh henteu meunang nepi ka dipaehan; cukup ku disiksa, — dibere kanyeri kawas diseureud ku kalajengking — lilana lima bulan.

6Di sajero lima bulan tea, jelema-jelema teh nareangan jalan pikeun paeh, tapi teu nimu. Paeh diteangan, tapi Paehna nyingkir.

7Simeut-simeut tea, bangunna, siga kuda beunang ngararahaban ku dangdanan perang. Huluna, siga make makuta emas; beungeutna, siga beungeut jelema;

8jeung baruukan, siga buuk awewe; huntuna, siga huntu singa;

9dadana, siga nu make baju beusi; sora jangjangna, ngaguruh lir sada kareta perang anu ditarik ku kuda loba;

10buntutna, siga buntut kalajengking jeung peurahan deuih; nya pikeun nyiksa jelema-jelema tea, lilana lima bulan.

11Jeung aya rajana anu ngatur, nya eta malaikat guha tea; ngaranna dina basa Ibrani, Abadon, ari dina basa Yunani Apolion (hartina: Tukang ngamusnakeun).

12Liwat balai nu ieu, aya dua rupa keneh balai.

13Malaikat nu kagenep niup sangkakalana: Ti opat juru mezbah emas, — di payuneun Allah tea —

14bijil parentah ka malaikat anu bieu niup sangkakala: “Bebaskeun opat malaikat anu ditahan di sisi walungan Ci-Eprat!”

15Tuluy malaikat nu opat teh, dileupaskeun. Eta opat malaikat ditahan di dinya teh, diancokeun kana hiji wanci anu geus dipasti jamna, poena, bulanna, jeung taunna pikeun maehan sapertilu umat manusa.

16Ti dinya, simkuring ningal aya wadyabalad gede kacida; bilanganana kadenge aya dua puluh juta urang.

17Kabeh tarumpak kuda, dibaraju kere, warnana beureum euceuy, biru langit, jeung koneng walirang. Ari kudana, huluna siga hulu singa. Tina bangusna, bijilan seuneu, haseup, jeung walirang.

18Ieu tilu rupa balai anu kaluar tina bangus-bangus kuda teh, nya eta seuneu, haseup, jeung walirang. Ngabalaikeun ka manusa, nepi ka sapertilu umat manusa paraeh.

19Kasaktian eta kuda memang dina bangusna, jeung dina buntut-buntutna anu bangunna jiga oray haruluan, sarua ngaruksakna.

20Manusa nu sakarina, anu teu paraeh ku eta bahla, tetep henteu euih-euih tina kalakuan masiatna. Angger bae nyararembah ka brahala, anu dijieunna tina emas, tina perak, tina parunggu, tina batu, jeung tina kai; nya jijieunan maranehna keneh: Arca anu teu nenjo teu ngadenge, jeung teu leumpang.

21Angger bae maranehna resep maehan, resep sihir, resep rucah, sarta resep pulang-paling.



Download Audio MP3 (Wahyu 9):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel