Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 2 >> 

1Tilu poe ti harita, di lembur Kana, Galilea, aya nu hajat nikahkeun. Ibu Isa angkat ka dinya;

2Isa oge jeung murid-murid-Na diondang.

3Barang nu hajat beakeun anggur, ibu-Na wawartos ka Isa, “Nu hajat teh seepeun anggur!”

4Waler Isa, “Kedah dikumahakeun kitu ku Abdi, ibu? Teu acan waktosna ayeuna mah.”

5Tapi ibu-Na marentah ka anu laladen, “Turutkeun engke saparentah-Na!”

6Di dinya, aya genep buyung, biasana paranti wawasuh sakumaha tali paranti urang Yahudi, masing-masing bisa muat ti salapan nepi ka dua welas liter.

7Tuluy Isa ngadawuh ka nu laladen, “Pinuhan buyung teh ku cai.” Tuluy buyung-buyungna, diareusian sapinuhna.

8Isa ngadawuh deui, “Pek siukan, bawa ka ditu, ka nu mangku hajat.” Tuluy ku maranehna dianteurkeun.

9Sanggeus ku nu mangku hajat diasaan, cai teh geus jadi anggur, teu nyahoeun asal-asalna mah. Tapi anu laladen, nya eta anu nyiukan tea mah nyarahoeun. Manehna tuluy manggil ki panganten,

10pok nyarita, “Biasana nu disuguhkeun ti heula teh anggur nu raos nepi ka warareg, nembe anu kirang raos. Dupi ieu tibalik, nu raosna kaluar nembe ayeuna.”

11Eta mujijat di lembur Kana, Galilea, mujijat Isa anu munggaran pisan, dianggo mintonkeun kamulyaana-Na. Ku hal eta, murid-murid-Na jadi mantep hatena percaya ka Anjeunna.

12Ti dinya, Isa angkat ka kota Kapernaum disarengan ku ibu-Na, saderek-saderek-Na, jeung ku murid-murid-Na. Di Kapernaumna teu lami, ngan popoean bae.

13Sanggeus deukeut kana hari raya Yahudi nu disebut “Paska,” Isa angkat ka Yerusalem.

14Di emper Bait Suci ku Anjeunna ka sampak loba tukang dagang, nu dagang sapi, nu dagang domba, tukang japati, jeung tukang nukeur-nukeurkeun duit.

15Anjeunna ngarara tali, ngadamel pecut. Tuluy anu daragang teh, kabeh, diusir sadagang-daganganana: Embe, domba, jeung sapi. Tukang nalukeur-nukeurkeun duit, duitna dibahe-bahekeun, mejana dijungkir-jungkirkeun.

16Ka nu dagang japati, Isa sasauran, “Bawaan kabeh ka ditu, Panglinggihan Ama Kami, ulah dijarieun pasar.”

17Murid-murid-Na, ras bae, inget kana ungelna Kitab Suci anu kieu, “Lantaran banget deudeuhna ka padaleman Anjeun, hate asa kaleleban.”

18Urang Yahudi nangtang ngaralawan ka Isa, pokna, “Mana buktina hak Anjeuna nyieun tindakan kieu teh?”

19Waler Isa, “Ruag ieu Bait Allah, di jero tilu poe ku Kami rek ditangtungkeun deui.”

20Dijawab ku maranehna, “Opat puluh taun ngadegkeun ieu Bait Allah teh! Ari Anjeun sanggup ku tilu poe?”

21Padahal, nu ku Isa disebut Bait Allah teh, maksudna mah salira-Na ku Anjeun.

22Ngeunaan hal ieu, murid-murid-Na teh kakara aringeteun deui yen Isa geus pernah ngadawuh kitu, nya eta sanggeus Anjeunna hirup deui tina pupus-Na. Ku sabab eta, kakara maranehna percaya kana eusi Kitab Suci jeung ka eta dawuhan Isa tea.

23Sabot Anjeunna di Yerusalem, — sapanjang hari raya Paska tea — loba nu jaradi percaya ka Jenengana-Na lantaran narenjo mujijat-mujijat damelana-Na.

24Najan kitu maranehna ku Isa henteu didamel andelan; da kabeh ge, ku Anjeunna mah geus kauninga tabeatna teh.

25Lian ti eta, Anjeunna ge teu butuh ku katerangan saha bae, tina hal kaayaan manusa mah. Sabab Anjeunna mah, geus uninga kana keretegna hate masing-masing.



Download Audio MP3 (Yohanes 2):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Yohanes 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel