Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 7 >> 

1Ti dinya, Isa angkat ngider ka sakuliah tanah Galilea. Anjeunna henteu kersaeun matuh di Yudea lantaran diarah-arah ku urang-urang Yahudi rek ditelasan.

2Harita teh, geus deukeut kana hari raya urang Yahudi, anu disebut Hari Raya Saung Dangdaunan.

3Cek saderek-saderek-Na, “Mending ge angkat ka ditu ka Yudea, supaya murid-murid nu di daritu oge bisa nyaraksian kana sakur pagawean Anjeun.

4Baranggawe teh ulah ririkipan bae, ari hayang meunang pangakuan ti masarakat mah. Tembongkeun eta pagawean Anjeun teh ka masarakat.”

5Saderek-saderek-Na mah, teu daek percaya ka Anjeunna.

6Isa ngawaler, “Waktu Kami tacan cunduk, ari aranjeun mah salawasna aya waktu.

7Da jalma rea, ka aranjeun mah moal mikangewa; ari ka Kami mah, ngarewaeun lantaran Kami nyebut jahat kana kalakuanana.

8Jung bae, aranjeun ka ditu muru pesta. Kami mah moal waka, sabab acan waktuna,”

9kitu saur-Na ka maranehna. Isa mah angger bae linggih-linggih di Galilea.

10Tapi sabada saderek-saderek-Na arindit kana eta pesta, Isa oge angkat ka ditu, ngan henteu terang-terangan.

11Di tengah-tengah pesta, Anjeunna ditareangan ku urang Yahudi, bari aromongna, “Di mana atuh eta Jelema teh?”

12Jelema-jelema loba anu tingkarecewis ngaromongkeun Anjeunna. Aya nu nyebut kieu, “Anjeunna mah jelema bener.” Aya deui nu nempas, “Wah, puguh tukang mawa murtad ka rayat.”

13Tapi ari ngomongkeun terang-terangan mah teu waranieun, sarieuneun ku urang Yahudi nu sejenna.

14Tengah-tengah pesta, Isa lebet ka Bait Allah lajeng ngawulang.

15Urang Yahudi kabeh hareraneun aromongna, “Naha ku luhur teuing pangartina, padahal henteu sakola!”

16Dawuhan Isa ka maranehna, “Anu diwurukkeun ku Kami teh, lain tina pangarti Kami sorangan, tapi asal ti Anu ngutus ka Kami.

17Sakur anu daek ngalampahkeun Pangersa-Na mah, tangtu bakal nyaho; naha ieu piwuruk Kami teh, ti Allah atawa tina pangarti sorangan.

18Sing saha anu nyaritakeun dirina sorangan, eta teh hayang kapuji. Tapi lamun nyaritana teh pikeun kamulyaan Anu ngutus-Na, anu dicaritakeunana teh tangtu bener, moal aya teu benerna.

19Aranjeun lain geus dibere Toret ku Musa? Tapi teu saurang-urang acan nu ngalakonan parentahna. Naon alesanana maraneh hayang maehan ka Kami?”

20Jawab jalma rea, “Sugan Anjeun karanjingan setan. Na saha nu rek maehan Anjeun?”

21Saur Isa, “Ku hiji pagawean nu ku Kami dilampahkeun, maraneh kabeh heran.

22Musa geus netepkeun hal sunat, — saenyana sunat teh ti karuhun urang, lain ti Musa — maraneh sok nyunatan dina poe Sabat.

23Lamun meunang nyunatan dina poe Sabat pikeun nyumponan kana hukum Musa tea, naha maraneh ararambek pedah Kami geus nyageurkeun hiji jelema sakujur awakna dina poe Sabat?

24Ulah sok gampang-gampang ngahukuman ku nenjo sare'atna wungkul; kudu timbang-timbang heula sing asak supaya adil.”

25Cek sawatara urang Yerusalem, “Eta Jelema teh lain anu keur diarah rek dipaehan tea?

26Geuning, bisa nyarita laluasa kitu tur euweuh anu bisa kua-kieu ka Manehna. Kawasna, pamingpin-pamingpin urang teh, saenyana mah nyahoeun yen eta Jelema teh Al Masih.

27Tapi kapan urang oge nyaho kana asal-usul-Na teh. Cacakan mun enya Al Masih, saha nu rek nyaho kana asal-usul-Na?”

28Dina piwulang-Na di Bait Allah, Isa ngadawuh, “Memang maraneh wawuh ka Kami sarta nyaho kana asal-usul Kami. Kami mah diutus ku Rama nu Langkung Estu, anu maraneh teu wawuh.

29Kami mah wawuh sabab asal ti Mantenna sarta diutus ku Mantenna.”

30Tuluy maranehna nareangan akal pikeun nangkep Anjeunna, tapi saurang oge euweuh anu wani prak sabab acan cunduk kana waktu-Na.

31Tapi loba oge jelema, anu percaya ka Anjeunna, ngaromong kieu, “Lamun Al Masih tea datang, naha bakal midamel mujijat leuwih hebat ti batan nu dijieun ku ieu jelema?”

32Kadenge ku urang Parisi ge, tingharewosna jelema-jelema anu nyaritakeun hal Anjeunna teh. Ku sabab eta, imam-imam kapala jeung urang Parisi marentahkeun ka pangawal-pangawal Bait Allah kudu nangkep Anjeunna.

33Isa ngadawuh, “Moal bisa lila-lila deui, Kami aya di maraneh teh, sabab kudu buru-buru mulang ka Anu ngutus Kami.

34Maraneh bakal nareangan Kami, tapi moal kapanggih sabab maraneh moal bisa nepi ka tempat Kami.”

35Cek urang Yahudi pada batur, “Na rek ka mana cenah nepi ka moal bisa papanggih deui jeung urang? Naha kitu rek ka sebrang ka tanah Yunani, nyampeurkeun nu ngalumbara di ditu? Rek ngajar ka urang Yunani kitu?

36Carek-Na tadi: Maraneh bakal nareangan, tapi moal kapanggih. Jeung cenah: Maraneh moal bisa nepi ka tempat Kami. Naon eta teh maksudna?”

37Dina poe panutupan hari raya, keur raramena pesta, Isa ngadeg tuluy ngadawuh, “Saha-saha anu halabhab, hiap ka Kami, nginum!

38Saha-saha anu percaya ka Kami, sakumaha cek Kitab Suci: Dina hatena bakal aya cinyusu anu hirup.”

39Anu dimaksud ku Anjeunna teh, nya eta Ruh anu bakal ditarima ku anu percaya ka Anjeunna. Harita mah, Ruh teh acan lungsur sabab Isa acan dimulyakeun.

40Ti anu ngabarandungan piwulang-Na, aya sawatara urang anu ngaromong kieu, “Enya, ieu mah Nabi (anu didago-dago).”

41Aya deui nu nyebutkeun, “Ieu mah Al Masih.” Tapi aya nu ngabantah, “Lain! Piraku Al Masih datangna ti Galilea.

42Cek Kitab Suci oge: Al Masih teh rundayan Daud, kalahiran kota Betlehem, tempat Daud baheula matuh.”

43Timbul bae paham anu pabentar ngeunaan Anjeunna.

44Aya sababaraha urang anu niat nangkep Anjeunna, tapi euweuh anu wani terus jeung prakna.

45Pangawal-pangawal tea, ngadareuheus ka imam-imam kapala jeung ka urang-urang Parisi. Tuluy saur aranjeunna, “Mana Jelemana, ku naon teu dibawa?”

46Jawab pangawal-pangawal, “Jalmi biasa mah, moal tiasa cacarios sapertos Anjeunna!”

47Cek urang Parisi, “Kutan maraneh oge milu kabaud ka ditu?

48Naha aya pepentol atawa salah saurang urang Parisi anu kabengbat ku eta Jelema?

49Tapi eta jelema-jelema anu teu nyaraho kana Toret! Katulah tah jelema-jelema anu karitu teh!”

50Pok, Nikodemus — salah saurang Parisi anu kungsi gunem catur jeung Isa — tumaros, saurna,

51“Naha ari Toret urang ngahalalkeun ngahukum jelema memeh perkarana dipariksa, memeh puguh salah benerna?”

52Tuluy ceuk aranjeunna teh, “Naha anjeun oge urang Galilea kitu? Talungtik deui Kitab Suci masing telik, tangtu engke kauninga, yen ti Galilea mah henteu aya saurang oge anu jadi nabi.”

53Sanggeus kitu, maranehna baralik ka imahna sewang-sewang.



Download Audio MP3 (Yohanes 7):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Yohanes 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel