Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 1 >> 

1Surat sim kuring Paulus, anu geus disaur ku pangersa Allah, dijadikeun rasulna Kristus Yesus.

2Kahatur jamaah Allah di Korinta, ka sakur anu geus disaur dijadikeun umat suci Allah, geus jadi kagungana-Na ku jalan ngahiji jeung Kristus Yesus, babarengan jeung anu di mana-mana anu nyarembah ka Kristus Yesus Gusti urang, Gusti maranehanana oge.

3Sim kuring, jeung oge Sostenes, ngadoakeun mugia Allah Rama urang, jeung Gusti Yesus Kristus maparin rahmat salamet ka aranjeun.

4Sim kuring teu pegat-pegat muji sukur ka Allah ku hal aranjeun, anu geus mareunang rahmat Allah ku jalan ngahiji jeung Kristus Yesus.

5Sabab ku jalan kitu aranjeun jadi beunghar ku sagala rupa, tur perceka sarta rebo ku kanyaho.

6Eta tandana warta hal Kristus teh geus nyerep enya-enya ka aranjeun,

7nepi ka teu aya hiji berkah anu leupas ti aranjeun sajeroning ngadago-dago Gusti urang Yesus Kristus ebreh sumping.

8Anjeunna tangtu mengkuhkeun iman aranjeun nepi ka ahir, supaya di mana Poe sumpingna cunduk, aranjeun teu aya cawadeunana.

9Allah anu nuyun aranjeun ngahiji jeung Yesus Kristus Putra-Na teh bisa ku aranjeun diandel.

10Kalawan jenengan Gusti urang Yesus Kristus sim kuring meredih, aranjeun sing saluyu samupakat, ulah nepi ka pagetreng. Sing raket ngahiji, sahate jeung sapikir.

11Sim kuring terang ti sawatara urang kulawarga Kloë yen tetela pisan, aranjeun teh keur pagetreng.

12Maksud sim kuring, aranjeun masing-masing beda pamadegan. Ceuk nu saurang, "Kuring biluk ka Paulus"; ceuk nu saurang deui, "Kuring biluk ka Apolos"; ceuk nu sejen, "Kuring biluk ka Petrus"; ceuk nu sejen deui, "Kuring biluk ka Kristus."

13Kristus nepi ka dibagi-bagi! Naha Paulus kitu anu pupus disalib gaganti aranjeun teh? Aranjeun dibaptis teh naha supaya jadi murid-murid Paulus?

14Hadena sim kuring teu ngabaptis aranjeun saurang-urang acan, kajaba Krispus jeung Gayus.

15Anu matak moal aya anu nyebut-nyebut yen aranjeun dibaptis dijadikeun murid sim kuring.

16(Aya keneh ketah anu dibaptis ku sim kuring teh, Stepanus jeung kulawargana. Tapi salian ti eta mah asana teu aya deui.)

17Kristus ngutus sim kuring teh lain pikeun ngabaptis, tapi pikeun nguarkeun Injil Kasalametan. Ari nguarkeunana lain ku kapinteran nyarita tina cara manusa, supaya ulah nepi ka matak ngagaplahkeun kakuatan kawasa pupusna Kristus dina salib.

18Sabab ku jelema-jelema hukumeun mah warta hal Kristus pupus disalib teh dianggap omong kosong. Sabalikna pikeun urang anu geus disalametkeun ku Allah, hal eta teh taya lian ti kakawasaan Allah.

19Kitab Suci nyebutkeun, "Kanyaho jalma palinter ku Kami rek dieuweuhkeun, pangarti kaom terpelajar rek dileungitkeun."

20Jadi pikeun naon aya nu palinter, aya kaom terpelajar, aya ahli-ahli sawala di ieu dunya? Ku Allah geus ditetelakeun kapinteran manusa teh taya lian ti omong kosong!

21Sabab Allah anu bijaksana midamel, sangkan manusa mustahil bisa nyaho ka Mantenna ku kapinteranana sorangan. Sabalikna pikeun nyalametkeun umat-Na anu percaya teh ku hiji warta, nya eta anu diwawarkeun ku sim kuring sabatur-batur, anu ku dunya dianggap kabodoan.

22Pikeun ngayakinkeun hal eta, urang Yahudi marenta tanda mujijat, urang Yunani ngarulik pangarti.

23Ari ku sim kuring sabatur-batur ngan disodoran wawaran hal Kristus disalib. Puguh bae urang Yahudi asa dihina, bangsa lianna ngabodo-bodo.

24Tapi pikeun anu geus disalaur ku Allah — boh urang Yahudi, boh nu lain Yahudi — eta warta hal Kristus teh bukti tina kakawasaan jeung kabijaksanaan Allah.

25Sabab anu ku manusa dianggap kabodoan Allah, masih leuwih luhung ti batan kapinteran manusa; anu ku manusa dianggap kalemahan Allah, masih leuwih bedas ti batan kakuatan manusa.

26Inget dulur-dulur, kumaha kaayaan aranjeun waktu mimiti disalaur. Anu ceuk manusa pinter, atawa kawasa, atawa luhur harkat teh ngan saeutik bae.

27Ngahaja Allah milih anu ku dunya dianggap bodo, pikeun ngera-ngera anu palinter. Ngahaja milih anu ku dunya dianggap lemah, pikeun ngera-ngera anu garagah perkasa.

28Ngahaja Allah milih anu ku dunya dianggap hina, kuricakan, taya harga, pikeun ngaruntagkeun anu ku dunya diajen-ajen.

29Anu matak moal aya manusa anu bisa adigung di payuneun Allah.

30Aranjeun oge pang bisa ngahiji jeung Kristus Yesus teh ku sih kurnia Allah, ari Kristus ku Mantenna dijadikeun kabijaksanaan urang, tegesna kabijaksanaan urang teh asalna ti Kristus. Nya ku Anjeunna pang urang bisa diangken bener ku Allah teh, pang urang jadi umat suci Allah, pang urang bisa bebas.

31Ku sabab eta, "Lamun urang arek agul, kudu agul teh ngan ku anu geus dipidamel ku Gusti pikeun urang." Kitu ceuk Kitab Suci.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Korintus 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel