Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Petrus 5 >> 

1Ka para kokolot jamaah sim kuring arek meredih, da sim kuring oge sarua jadi kokolot jamaah, jeung jadi saksi tina kasangsaraan Kristus, jeung bakal milu mulya lamun Anjeunna geus nganyatakeun salira.

2Sim kuring menta supaya aranjeun jadi lir pangangon anu kudu ngangon domba-domba Allah, ngasuh jamaah anu dipercayakeun ka aranjeun. Jamaah urus sing enya-enya, sing iklas sakumaha anu dipikahoyong ku Allah, ulah jeung aral subaha. Kudu kajurung ku enya-enya hayang ngurus, lain ku karana mandang gajih.

3Ka anu diurus ulah jadi anu kawasa, anggur kudu jadi tuladan.

4Engke di mana Gusti Pangangon Agung sumping, aranjeun bakal narima makuta anu kamulyaanana moal susut moal aya sudana.

5Ari aranjeun barudak ngora, ka nu leuwih kolot masing ngesto. Aranjeun kudu ngarendahkeun diri jeung silih ladenan, sabab ceuk Kitab Suci, "Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka nu rendah ati."

6Kudu ngarendahkeun maneh kana panangan Allah nu ngagem kawasa, supaya ari geus dina waktuna aranjeun ku Mantenna dijungjung.

7Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.

8Sing caringcing taki-taki, sabab Iblis musuh aranjeun keur guar-gaur kawas singa, kukulayaban neangan leglegeun.

9Lawan, sing teguh iman. Inget, nu sejen oge anu sakapercayaan jeung aranjeun di sakuliah dunya sarua nandangan sangsara kitu.

10Lamun sangsara geus liwat, da moal lila, Allah nu kagungan saniskara sih kurnia, anu geus nyaur aranjeun sangkan milu kana kamulyaana-Na ku jalan satunggal jeung Kristus, bakal nyampurnakeun, nguatkeun jeung mageuhkeun kaayaan aranjeun.

11Nya Mantenna anu kagungan kakawasaan salalanggengna. Amin.

12Ieu surat anu pondok nulisna dibantuan ku Silas, anu ku sim kuring dianggap dulur Kristen anu satuhu, pikeun ngadorong jeung ngayakinkeun ka aranjeun, yen anu ditulis dina ieu surat teh estu sih kurnia Allah. Eta rahmat Mantenna ku aranjeun kudu terus dipuntangan.

13Aya salam ti dulur-dulur di jamaah Babul, anu papada geus disaur ku Allah, kitu deui ti anak sim kuring ki Markus.

14Sing silih pikasono, silih rangkul anu kajurung ku kanyaah iman Kristen. Mugia Gusti maparin katengtreman batin ka aranjeun nu jadi milik Kristus. Wassalam, Petrus


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Petrus 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel