Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 20 >> 

1Hiji mangsa Benhadad Raja Siria mepek baladna, direujeungan ku tilu puluh dua raja-raja lianna, mawa pasukan kuda katut pasukan karetana. Tuluy ngepung jeung narajang kota Samaria.

2Geus kitu Benhadad ngirim jelema-jelemana ka Ahab raja Israil di eta kota, mawa timbalan kieu, "Raja Benhadad mundut supaya

3anjeun nyerenkeun emas, perak, pamajikan-pamajikan anjeun, kitu deui anak-anak anjeun anu karuat awakna."

4Waler Ahab, "Unjukkeun ka gusti Raja Benhadad, kaula nurut masrahkeun diri katut sagala pangaboga."

5Tapi ari geus kitu, para utusan teh daratang deui ka Ahab, ngemban deui timbalan Raja Benhadad, "Dawuhan kami ti heula, emas, perak, pamajikan-pamajikan, jeung anak-anak maneh, serenkeun ka kami.

6Dawuhan kami ayeuna, kami rek miwarang perwira-perwira kami ngarahrah karaton maneh jeung imah-imah para pagawe maneh. Sakur nu dianggap aya hargana arek dijabel. Perwira-perwira kami daratangna isukan wayah kieu."

7Raja Ahab badanten jeung para pamingpin kota, timbalanana, "Kawas kitu mah eta manusa teh rek numpurkeun! Kamari menta garwa-garwa jeung putra-putra kami katut emas perak. Kami geus rujuk."

8Pihatur para pamingpin, kitu deui jalma-jalma nu araya, "Teu kedah dipalire, ulah dirujukan."

9Saur Ahab ka para utusan Benhadad, "Unjukkeun ka gusti sang raja, kaula rujuk nyumponan pamundutna nu ti heula. Pamundutna anu ayeuna kaula teu bisa narima." Utusan arindit. Tapi ari geus kitu bet daratang deui mawa timbalan

10ti Benhadad, "Kami rek ngarurug, mawa balad gede rek ngabasmi ieu kota maneh, nepi ruruntukna diakut ngan ku leungeun maranehna wungkul oge tangtu beak. Kami menta ka para dewa supaya kami dihukum, malah sing dipaehan upama hal ieu ku kami teu dibuktikeun!"

11Waler Raja Ahab, "Bejakeun ka Benhadad, prajurit sajati mah kumalungkungna sanggeus tarung, lain samemehna!"

12Waleran ti Raja Ahab katarimana waktu Raja Benhadad jeung raja-raja anu ngareujeunganana keur nginum-nginum di pakemahan. Seug anjeunna marentah ka balad sangkan tatan-tatan geusan narajang.

13Sajeroning kitu, aya nabi marek ka Raja Ahab, unjukan kieu, "Kieu timbalan PANGERAN, ‘Teu kudu gimir ku balad anu sakitu gedena! Poe ieu maneh ku Kami rek dikersakeun unggul, sangkan nyaho yen Kami teh PANGERAN.’"

14Ahab mariksa, "Saha anu kudu mingpin panarajang?" Waler nabi, "Timbalan PANGERAN prajurit-prajurit anu ngarora, pamingpinna para gupernur." Raja Ahab mariksa deui, "Saha anu kudu mingpin pasukan inti?" Waler nabi, "Sang Raja ku anjeun."

15Raja natakeun pasukan prajurit ngora, dikapalaan ku para gupernur, aya dua ratus tilu puluh dua prajurit. Ti dinya natakeun balad Israil, aya tujuh rebu prajurit.

16(20:16-17) Wanci tengah poe diinditkeun, pasukan prajurit ngora ti heula. Ari Benhadad jeung tilu puluh dua raja-raja baturna harita keur marabok inuman di kemah-kemahna. Sabot kitu anu dijurung ngintip ku Benhadad daratang, ngunjukkeun yen aya pasukan kaluar ti Samaria.

17(20:16)

18Timbalan Benhadad, "Tangkep hirup-hirup, boh nu rek narajang, boh nu rek menta taluk."

19Prung pasukan prajurit ngora narajang ti heula, disusul ku balad Israil,

20pada-pada meunang lawan, pada-pada unggul niwaskeun musuhna. Urang Siria kalabur, terus diudag-udag ku balad Israil. Benhadad luput, kabur tumpak kuda jeung sawatara urang serdadu kuda.

21Pasanggrahanana ku Ahab dibereyek, kuda jeung kareta-karetana dirampas. Balad Siria elehna lain sisiwo.

22Nabi tea marek deui ka Ahab, miunjuk, "Sang Raja kedah sasayagian deui, kedah waspada sareng caringcing. Saparantos musim ieu Raja Siria bakal narajang deui."

23Raja Benhadad diunjukanan ku para mantrina, "Dewa-dewa urang Israil teh dewa-dewa gunung, pantes urang eleh. Upami dibantun tarung di nu lempar mah tangtos itu eleh.

24Ku margi kitu, raja-raja anu tilu puluh dua teh ulah mingpin deui, gentos ku panglima-panglima lapangan.

25Balad susun deui, seueurna sing sami sareng anu eleh ti payun, kuda sareng karetana oge sing sami seueurna sareng kamari ieu. Urang Israil urang ayonan di nu lempar, moal teu kawon." Pirempugna ku Benhadad kasaluyuan.

26Sanggeus ganti musim, anjeunna mepek deui balad terus diinditkeun ka kota Apek, rek merangan deui urang Israil.

27Urang Israil oge geus pepek nyarikep pakarang. Prung maju tuluy masanggrahan, dibagi dua gunduk disanghareupkeun ka balad Siria. Dibanding jeung balad Siria anu minuhan sawewengkon pasisian, balad Israil mah katenjona teh teu beda ti embe dua gonyok.

28Jol nabi teh marek deui ka Ahab sarta miunjuk, "Kieu timbalan PANGERAN, ‘Ku sabab Kami ku Raja Siria dipajarkeun dewa gunung, lain dewa tanah lempar, balad Siria anu sakitu lobana ku Kami rek dielehkeun, maneh anu bakal meunang, sangkan maneh jeung jalma-jalma maneh nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN.’"

29Sanggeus tujuh poe balad Siria jeung balad Israil silih sanghareupan, dina katujuh poena prung bae tarung campuh. Balad Israil unggul. Balad Siria aya saratus rebu serdadu anu paraeh,

30anu harirup keneh kalabur marubus ka kota Apek. Tapi kuta eta kota ngadadak ambrug, balad Siria anu paraeh katinggang kuta aya dua puluh tujuh rebu serdadu. Benhadad oge mubusna ka dinya, nyumput di hiji imah di kamar tukang.

31Para mantrina arunjukan, "Wartosna raja-raja Israil teh sipatna hampuraan. Abdi-abdi widian ngadeuheus ka raja Israil bari meulit cangkeng ku karung, ngongkorongan beuheung ku tambang, malak mandar jadi matak salamet Sang Raja."

32Seug maranehna ngabaleubeuran cangkengna ku karung jeung ngongkorongan beuheungna ku tambang, tuluy ngadareuheusan ka Raja Ahab. Pok arunjukan, "Nun, badega gamparan Benhadad, aya pihatureun nyuhunkeun dihirupan." Waler Ahab, "Kutan teh hirup keneh? Sukur! Puguh asa ka dulur ka anjeunna teh!"

33Kasauranana ku mantri-mantri Benhadad dianggap galagat hade, geuwat diteuleuman estu henteuna. Barang Ahab nyebutkeun "dulur", geuwat ditempas, "Leres satimbalan, Benhadad teh tuang saderek." "Bawa ka dieu atuh," waler Ahab. Jol Benhadad sumping, ku Ahab dibageakeun, dicandak calik sakareta.

34Benhadad tuluy misaur, "Kaula seja mulangkeun kota tuang rama anu kapungkur dirampas ku pun bapa. Sareng mangga Sang Raja muka pasar di Damsik, sapertos pun bapa kapungkur di Samaria." Waler Ahab, "Upami kitu sarat perjangjianana, sampean ku kaula dibebaskeun." Geus kitu Ahab jeung Benhadad nanda perjangjian, sarta Benhadad dileupaskeun.

35Aya hiji anggota rombongan nabi, kalawan timbalan PANGERAN mundut ditampiling ka rerencanganana tunggal nabi, tapi henteu digugu.

36Mana saurna, "Ku sabab anjeun nolak timbalan PANGERAN, engke sanggeus mios ti dieu bakal tiwas ku singa." Barang leos nabi rerencanganana ingkah ti dinya, gok pasanggrog jeung singa, gabrug ku singa dirontok nepi ka tiwas.

37Nabi anu tadi mundut deui ka nu sejen, "Kaula tampiling!" Digugu, tuluy ditampiling satarikna.

38Ti dinya eta nabi teh ngabeberan rarayna, nyamar, leos angkat tuluy ngadeg sisi jalan, megat raja Israil.

39Barang raja ngalangkung seug digeroan, "Gusti Sang Raja! Waktos abdi gusti ngayonan musuh, aya jalmi nyerenkeun serdadu musuh saurang bari sanggemna, ‘Jaga ieu jelema. Lamun nepi ka kabur, nyawa andika gantina, atawa andika didengda tilu rebu gebleg uang perak.’

40Nanging tawanan teh kabur waktos abdi nguruskeun itu ieu." Waler raja, "Nya kitu hukuman anu kudu ditarima ku maneh, maneh sorangan anu menta!"

41Harita keneh nabi teh ngadudut beber rarayna. Raja teu panglingeun, geuning nabi eta teh!

42Saur nabi saterusna ka Ahab, "Kieu timbalan PANGERAN, ‘Ku sabab maneh geus ngaleupaskeun jelema anu ceuk Kami kudu dipaehan, nyawa maneh pigantieunana. Balad maneh oge bakal tumpur, gaganti balad itu anu diantep kalabur!’"

43Raja Ahab kebat mulih ka Samaria, manahna juwet prihatin.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Raja-raja 20 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel