Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 10 >> 

1Ti dinya Samuel ngaluarkeun buli-buli minyak jetun, minyakna dikucurkeun kana sirah Saul. Geus kitu anjeunna nyium ka Saul sarta ngalahir, "Hidep ku PANGERAN dilisahan, dijenengkeun pikeun ngatur umat-Na urang Israil. Atur ku hidep, jaga ti musuh-musuhna. Tandana yen hidep dianggo ku PANGERAN jadi raja umat-Na teh kieu:

2Sanggeus hidep poe ieu pisah ti Bapa, engke di Selsah wewengkon Binyamin, deukeut makam Rahel, hidep bakal amprok jeung dua jelema anu rek pupulih ka hidep yen kalde nu keur diteangan teh geus kapanggih. Bapa hidep geus teteg manahna, kari melangna ka hidep mani pok deui, pok deui nataroskeun, ‘Ka mana kudu diteangna atuh si ujang teh?’

3Ti dinya hidep kudu terus leumpang nepi ka tangkal karamat di Tabor. Di dinya bakal papanggih jeung tilu jelema anu rek ka Betel rek babakti ka Allah. Nu saurang nungtun tilu anak embe, nu saurang mawa roti tilu siki, nu saurang deui mawa cai anggur sawadah pinuh.

4Bakal nyalaman ka hidep jeung nawaran roti dua siki. Tarima!

5Ti dinya kudu terus ka Pasir Allah di Gibea, anu keur dipake masanggrahan ku urang Pelisti. Di lawang kota bakal pasanggrog jeung rombongan nabi anu keur marudun tas ngurban di luhur pasir, narabeuh kacapi, terebang, suling, jeung gambus, bari ngarigel jeung tinghaleuang.

6Sabot kitu hidep bakal katungtun ku Roh PANGERAN, jadi beda ti biasa, tuluy milu ngigel jeung ngahaleuang.

7Upama eta ciri-ciri enggeus bukti, turutkeun sagala tungtunan Allah.

8Hidep kudu miheulaan Bapa ka Gilgal, engke ku Bapa ditepungan di ditu, urang nyanggakeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan. Dago bae di dinya tujuh poe nepi ka Bapa datang nuduhan pilakueun hidep."

9Barang Saul malik ti Samuel neruskeun laku, ku kersaning Allah jadi asa salin jinis. Jeung ciri-ciri anu dilahirkeun ku Samuel tea poe eta kajadian.

10Jol ka Gibea, Saul jeung gandekna pasanggrog jeung rombongan nabi. Ku kersaning Roh Allah Saul ujug-ujug milu ngigel jeung ngahaleuang marengan eta nabi-nabi.

11Urang dinya anu geus warawuheun ka Saul, narenjo Saul ngigel teh jadi tingtaranya, pokna, "Keur naon eta anak Bapa Kis teh? Geus jadi nabi, kitu?"

12Ceuk nu saurang, "Ari eta nabi-nabi anu loba, coba saha bapana?" Ti semet harita di dinya jadi aya kacapangan kieu, "Kutan Saul oge jadi nabi?"

13Eureun ngigel jeung hahaleuangan Saul terus ka tempat babakti di luhur pasir.

14Pamanna nenjoeun ka Saul jeung gandekna, tuluy nanya, "Tas ti marana?" Ceuk Saul, "Tas milarian kalde leungit. Mung ku margi henteu kapendak, lajeng ka Bapa Samuel."

15"Kumaha saurna?" ceuk pamanna.

16Jawab Saul, "Saurna kalde parantos kapendak." Ari pilahir Samuel perkara anjeunna bakal jadi raja mah disidem bae.

17Jalma-jalma ku Samuel dipiwarang kumpul di Mispa pikeun kumpulan ngabakti.

18Pilahirna, "Kieu timbalan PANGERAN Allah Israil, ‘Maraneh ku Kami dicandak ti Mesir, disalametkeun ti urang Mesir jeung ti bangsa-bangsa lianna anu ngagencet ka maraneh.

19Kami teh Allah maraneh, anu nyalametkeun maraneh tina sagala kacilakaan jeung kasukeran. Tapi ayeuna maraneh ka Kami marenta raja, jadi Kami teh ditoker. Tapi kajeun. Geura karumpul payuneun PANGERAN, nurutkeun kaom jeung golongan masing-masing.’"

20Geus kitu unggal kaom ku Samuel dipiwarang ngasrog ka hareup. Seug ku PANGERAN katujul kaom Binyamin.

21Tuluy kulawarga-kulawarga ti kaom Binyamin sina maju ka hareup, tuluy katujul kulawarga Matri. Sanggeus kulawarga Matri ka hareup, anu katujul teh Saul bin Kis. Tapi barang ditareangan teh Saul teu aya di dinya.

22Tuluy ditaroskeun ka PANGERAN, "Dupi jalmina aya di dieu?" Waler PANGERAN, "Saul keur nyumput di tukangeun barang-barang."

23Tuluy sawareh lalumpat neang, Saul tuluy dibawa ka hareupeun jalma rea. Ari beh kaciri jangkungna nyongcolang ti batur, nu sejen mah ngan semet taktakna.

24Samuel ngalahir, "Ieu anu ditujul ku PANGERAN teh! Di urang mah teu aya deui anu kawas anjeunna." Ger jalma-jalma surak, pokna, "Wilujeng raja!"

25Ti dinya Samuel ngalahir ka jalma rea, ngadadar perkara hak jeung kawajiban raja, malah tuluy diseratkeun jadi kitab, anu saterusna disimpen di tempat suci. Geus kitu jelema-jelema dipiwarang marulang.

26Saul oge mulih ka Gibea, disarengan ku sawatara urang jelema anu garagah, anu hatena digerakkeun ku Allah.

27Tapi aya jelema-jelema anu bangkawarah ngaromong kieu, "Mana bisa jelema kitu aya pigunaeunana keur urang?" Maranehna nganggap enteng ka Saul jeung teu mere hadiah naon-naon.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel