Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 11 >> 

1Heuleut sabulan ti harita, kota Yabes di wewengkon Gilad diperangan, geus dikepung ku Raja Nahas sabaladna ti nagara Amon. Urang Yabes seja taluk tuluy haturan ka Nahas, pokna, "Kaula sumeja taluk, mung nyuhunkeun jangji."

2Tembal Nahas, "Heug kami jangji, tapi aya saratna: Mata katuhu maraneh kudu dicokel sangkan kaciri hinana urang Israil."

3Tembal pamingpin urang Yabes, "Menta tempo tujuh poe rek ngutusan heula ka sakuliah tanah Israil. Lamun geus teu aya anu sanggup ngabantuan, kaula sumeja pasrah."

4Beja ti utusan urang Yabes geus nepi ka Gibea pangcalikan Saul. Urang dinya jadi ear tingjarerit.

5Harita Saul kakara sumping ti tegal ngagiringkeun sapi. Pok mariksakeun, "Aya naon jelema-jelema tingjarerit?" Tuluy diunjukkeun beja anu katarima ti urang Yabes.

6Barang ngadangu warta kitu, ku kersaning Allah manahna ngentab asa kasebit.

7Kek kana sapi dua, sapi teh dipeuncit tuluy dipotong-potong. Potongan-potonganana dipiwarang diider-ider ka sakuliah tanah Israil, sarta timbalanana, "Sing saha anu henteu indit perang ngiring ka Saul jeung Samuel, sapina rek dikieukeun! Bring urang Israil arindit, geus samiuk lir jalma saurang, sabab sieuneun dibenduan ku PANGERAN.

8Ku Saul dikumpulkeun di Besek. Aya 300.000 jelema ti Israil jeung 30.000 ti Yuda.

9Utusan ti Yabes ditalatahan kieu, "Bejakeun ka dulur-dulur di ditu, isukan ge samemeh burit geus bebas." Meunang beja kitu urang Yabes teu kira-kira barungaheunana.

10Tuluy haturan ka Nahas, "Isukan kaula rek pasrah, mangga kumaha sakersa."

11Poe isukna balad teh ku Saul dibagi tilu. Wanci balebat tuluy muru pasanggrahan musuh. Der balad Amon ditarajang, sarta memeh tengah poe geus gempar patulayah, anu harirup keneh paburisat, masing-masing nyalametkeun dirina sorangan-sorangan.

12Bangsa Israil arunjukan ka Samuel, "Mana jalmi-jalmi anu kamari ieu nyebatkeun Saul teu pantes jadi raja teh? Mugi diselehkeun bade diperenan!"

13Tapi saur Saul, "Poe ieu ulah aya jelema anu dipaehan. Sabab poe ieu urang Israil geus disalametkeun ku PANGERAN."

14Ari pilahir Samuel, "Hayu urang ka Gilgal deui. Urang embarkeun sakali deui yen Saul raja."

15Brul kabeh ka Gilgal. Di dinya di tempat suci Saul diumumkeun jadi raja. Tuluy jalma-jalma nyaranggakeun kurban karapihan. Eta kajadian ku Saul jeung ku sarerea dipestakeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel