Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 12 >> 

1Ti dinya Samuel ngalahir ka bangsa Israil, "Pamenta maraneh ka Bapa geus dicumponan. Menta raja geus aya.

2Menta supaya aya anu ngatur geus aya. Balikanan Bapa mah geus kolot ngan kari huis. Sukur anak-anak Bapa barisaeun keneh marengan ka maraneh. Bapa ngapalaan maraneh teh ti ngongora nepi ka ayeuna.

3Ayeuna, ieu Bapa hareupeun maraneh. Bisi Bapa geus nyieun kasalahan, pek geura salahkeun ayeuna, didieu, di payuneun PANGERAN jeung di payuneun raja pilihana-Na. Saha anu sapina atawa kaldena kungsi dicokot ku Bapa? Saha anu geus kungsi dinyeyeri atawa diteungteuinganan ku Bapa? Ti saha Bapa kungsi nampa panyogok? Bisi kungsi Bapa ngajalankeun salah sarupa ti nu bieu disebutan, arek ditebus ayeuna."

4Raong sarerea, "Teu acan! Bapa tara nganyenyeri, tara neungteuinganan, tara barang candak ti saha-saha."

5Saur Samuel, "Lamun kitu tetela Bapa henteu boga salah naon-naon ka maraneh. PANGERAN jeung raja pilihana-Na saksina." "Leres, PANGERAN saksina," jawab maranehna.

6Samuel ngalahir deui, "PANGERAN teh anu ngutus Musa jeung Harun, jeung nginditkeun karuhun maraneh ti Mesir.

7Ayeuna pek narangtung heula urang urusan, kasaksian ku PANGERAN. Bapa arek mulangkeun ingetan maraneh kana sagala padamelan PANGERAN anu aragung enggoning nulungan maraneh jeung karuhun.

8Waktu Yakub sapala putra sumping ka Mesir, waktu karuhun maraneh dikaniaya ku urang Mesir, waktu nyambat pitulung PANGERAN, Mantenna ngutus Musa jeung Harun anu nginditkeun maranehanana ti Mesir nepi ka bisa maratuh di ieu tanah.

9Tapi tuluy maropohokeun ka PANGERAN Allahna. Mana ku Mantenna diantep diperangan ku urang Pelisti, ku raja Moab, jeung ku Sisera panglima perang kota Hasor. Areleh.

10Seug sasambat marenta tulung ka PANGERAN, ‘Nun PANGERAN, abdi sadaya rumaos dosa, parantos ingkar, maruja ka arca-arca Dewa Baal sareng Dewi Astoret. Mugi ngajait abdi sadaya, sumeja sumembah ka Gusti.’

11Mantenna ngutus Gidion, tuluy Barak, tuluy Yepta, pangahirna Bapa, masing-masing geus ngajait maraneh ti musuh-musuh, nepi ka maraneh bisa hirup tengtrem.

12Tapi barang diancam ku Raja Nahas ti Amon, maraneh bet noker ka PANGERAN, raja maraneh anu geus aya, bari tuluy marenta ka Bapa. Ceuk maraneh, ‘Hayang gaduh raja, hayang aya anu ngatur.’

13Tah ieu raja beunang maraneh milih, beunang hayang, paparin ti PANGERAN.

14Upama maraneh ngagungkeun ka PANGERAN Allah, sumembah, gumusti, henteu mungpang kana sagala timbalana-Na, sarta raja maraneh anut ka Mantenna, maraneh tangtu jamuga.

15Sabalikna lamun henteu gumusti, henteu narurut kana sagala timbalana-Na, maraneh jeung raja bakal dilawan ku Mantenna.

16Caricing heula daragoan, urang nyaksian anu baris dipidamel ku PANGERAN.

17Ayeuna usum katiga, lain? Tapi Bapa rek nyuhunkeun hujan dibarung ku guludug ka PANGERAN. Lamun kabuktian, eta nyirikeun maraneh teh dosa gede geus menta raja ka PANGERAN."

18Seug Samuel neneda, breg PANGERAN nurunkeun hujan dibarengan ku guludug. Jalma-jalma jadi sarieuneun ku PANGERAN jeung ku Samuel.

19Seug arunjukan, "Abdi sadaya pangnedakeun ka PANGERAN Allah panutan Bapa supados ulah tariwas. Leres pisan abdi-abdi teh dosa ka PANGERAN, nya ku rupi-rupi perkawis, nya ku nyuhunkeun raja."

20Waler Samuel, "Geus, najan enya sakitu dorakana oge ulah sarieun. Asal ulah murtad-murtad deui ti PANGERAN, jeung masing ngesto enya-enya ka Mantenna.

21Ulah kairid ku aallahan da moal barisaeun nulungan nyalametkeun maraneh, euweuh naon-naonna saenyana mah.

22Maraneh teh ku PANGERAN geus diikrarkeun moal ditilarkeun, sabab Mantenna geus mutuskeun baris ngangkat maraneh jadi umat-Na.

23Atuh bapa oge paliyas nepi ka cul mangnedakeun, sabab matak dosa ka PANGERAN. Bapa teh hayang ngawurukan ka maraneh, nuduhkeun kalakuan anu hade jeung bener.

24Kudu aranut ka PANGERAN, masing enya-enya ngesto ka Mantenna. Sing aringet, sakitu agungna pitulung Mantenna ka maraneh.

25Lamun kalakuan maraneh doraka bae, maraneh jeung raja tan wande meunang panyiksa."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel