Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 22 >> 

1Daud terus kabur ti Gat, jol sumping ka hiji guha teu jauh ti Adulam. Saderek-saderekna jeung wargi-wargina ngadarenge beja yen anjeunna aya di dinya, tuluy nyarusul ngariring.

2Kitu deui jelema-jelema anu ngarasa digencet, anu baroga hutang atawa anu henteu sugema ku rajana, karumpul ka Daud. Kabehna kira-kira aya opat ratus urang. Daud diangkat jadi pamingpinna.

3Ti dinya Daud angkat ka Mispa di Moab, nepangan raja Moab. Saurna, "Neda widi, pun bapa sareng pun biang seja ngumbara di dieu, dongkap ka sim kuring mendak pituduh ti Allah kedah kumaha."

4Seug ibu ramana ku Daud dititipkeun ka raja Moab, sabot anjeunna nyumput di guha.

5Tapi aya hiji nabi jenenganana Gad, sumping ka Daud sarta ngawawadian, saurna, "Ulah kajongjonan nyumput di dieu, kedah enggal-enggal ngalih ka wewengkon tanah Yuda." Bral Daud angkat ti dinya, tuluy nyumput di leuweung Keret.

6Dina hiji poe Saul aya di Gibea, keur calik di handapeun hiji tangkal di hiji pasir, pananganana nyepeng tumbak, diriung ku para gegedenna. Anjeunna geus meunang warta yen panyumputan Daud sabaladna geus aya anu mendakan.

7Seug nimbalan ka para gegedenna, "Darengekeun, eh urang Binyamin! Dikira Daud rek mere lahan jeung kebon-kebon anggur ka maraneh? Dikira maraneh rek dijieun kapala baladna?

8Moal teu kitu pikiran maraneh mana sakait ngalawan ka kami oge, lain? Mani euweuh anu bebeja yen anak kami pisan geus biluk ka Daud. Mani euweuh anu watir ka kami, euweuh anu ngomong yen salah sahiji abdi kami anu ngaran Daud keur neangan tarekah arek maehan kami, malah diasur-asur ku anak kami!"

9Pok jelema anu ngaran Doeg tea, anu harita aya di dinya, unjukan, "Abdi kantos ningal Daud dongkap ka Ahimelek bin Ahitub di Nob.

10Ku Ahimelek dipangnaroskeun ka PANGERAN, dipangnaroskeun Daud kedah kumaha. Malah dipaparin bekel sareng pedang Goliat urang Pelisti."

11Saul nimbalan, supaya Imam Ahimelek di Nob dideuheuskeun sakulawargana. Ahimelek geus sumping.

12Timbalan Saul ka anjeunna, "Dengekeun Ahimelek!" "Sumuhun timbalan," saur Ahimelek.

13Timbalan Saul, "Ku naon maneh sakait jeung Daud ngalawan ka kami? Ku naon Daud dibekelan kahakanan jeung pedang, jeung dipangnaroskeun ka Allah? Ayeuna eta teh ngancam arek maehan kami!"

14Saur Ahimelek, "Di antawis para abdi Raja, Daud teh pangsatiana! Turug-turug mantu Raja, kapala pangawal Gusti, tur kalintang dipikaajrihna ku saeusi karaton.

15Leres ku abdi dipangnedakeun tea mah, tur sanes mung harita bae. Nanging tina hal anjeunna ngalawan, mugi Sang Raja ulah ngalepatkeun ka abdi atanapi ka saha bae ti antawis kulawargi abdi. Perkawis eta mah abdi henteu terang-terang!"

16Timbalan raja, "Maneh sakulawarga kudu paeh, Ahimelek."

17Geus kitu raja nimbalan ka para pangawal, "Paehan eta imam-imam PANGERAN teh! Geus sakongkol jeung Daud, teu daek bebeja yen Daud kabur, sakitu nyaho!" Tapi para pangawal taya anu ngusikkeun leungeun-leungeun acan, taya nu wani ngabinasa ka imam-imam PANGERAN.

18Saul nimbalan ka Doeg, "Paehan ku maneh!" Der Doeg maehan. Imam anu dipaehan ku Doeg poe eta aya dalapan puluh lima urang, kabeh anu manjing sarat ngagem epod.

19Ti dinya Saul marentah ngagempur Nob, kota para imam, ngabasmi urang dinya awewe, lalaki, barudak, orok, sapi, kalde, domba, kabeh ditumpes dipaehan.

20Aya anu luput saurang, nya eta Abyatar putra Ahimelek, kabur ngahiji ka Daud.

21Katelengesan Saul ngabasmi para imam PANGERAN diwartakeun ka anjeunna.

22Saur Daud, "Barang beh ge ningal Doeg harita, parantos karasa yen tangtos manehna bebeja ka Saul. Sakulawargi saderek dugi ka tumpes, eta sadayana gara-gara sim kuring.

23Mangga urang sasarengan, teu kedah alit manah. Anu diarah-arah ku Saul teh sanes mung saderek bae, sim kuring oge. Nanging salami aya sim kuring, saderek tangtos rahayu."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel