Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 25 >> 

1Geus nepi kana pastina, Samuel pupus. Bangsa Israil daratang ngaralayad, nembongkeun kaprihatinan. Geus kitu Samuel dikurebkeun di tempat panglinggihanana di Ramah. Ari Daud nyumputna ngalih ka tanah gurun Paran.

2(25:2-3) Aya hiji jelema kaom Kaleb, ngaranna Nabal urang Maon, kacida beungharna, lahanna kacida legana, deukeut Karmel, dombana tilu rebu siki, embena sarebu siki. Bojona, Abigail, nya geulis nya pinter. Hanjakal Nabal teh goreng adat, barangasan. Dina hiji poe Nabal nyukuran dombana di Karmel.

3(25:2)

4Aya anu ngabejakeun ka Daud di tanah gurun.

5Seug anjeunna ngutus sapuluh nonoman ngintunan salam ka Nabal,

6amanatna, "Salam sungkem ti Daud mitra Bapa, mugi Bapa sakulawargi sareng sadayana bae aya dina kawilujengan.

7Sarehing nampi wartos Bapa nuju nyukuran domba di dieu, anjeunna hatur uninga, yen pangangon-pangangon Bapa nalika ngarangon di lebah abdi sadaya istuning aman henteu diganggu. Unggal ngarangon di Karmel tacan kantos kaicalan.

8Mangga pariksakeun ka maranehna, tangtos dihaminan. Sarehing abdi-abdi dongkap teh dina dinten pesta, Daud mundut kasaean Bapa, mugi kersa nampi abdi-abdi. Mugi Bapa kersa masihan naon bae sakumaha karidoan Bapa ka abdi-abdi, gandek-gandek Bapa, sareng ka Daud, mitra Bapa."

9Eta pamenta diucapkeunana kalawan asma Daud. Anggeus mihatur, para nonoman ngadarago jawaban.

10Sanggeus lila Nabal kakara ngajawab, pokna, "Daud? Saha Daud teh? Asa kakara ngadenge! Puguh ge ayeuna teh loba pisan gandek anu kalabur!

11Enya dahareun aya inumeun aya, peupeuncitan aya, tapi jang jelema-jelema anu keur nyalukuran domba, lain jang jelema-jelema anu teu puguh asal-usulna!"

12Para nonoman baralik ka Daud, pokpokan Nabal diunjukkeun.

13Harita keneh Daud marentah, "Sadia pedang!" Prak balad nyarikep pedangna masing-masing. Daud oge nyikep pedangna, bral angkat jeung balad opat ratus urang, anu dua ratus urang deui ditinggal ngajaga barang-barang.

14Aya hiji gandek Nabal bebeja ka Abigail bojona Nabal, pokna, "Tadi aya utusan Daud ti tanah gurun, ngintun salam ka juragan pameget, nanging ditampina kasar pisan.

15Juragan Daud kacida saena ka abdi sadaya, tara ngarampas naon-naon. Salami abdi-abdi ngarangon di tanah gurun teu acan kaicalan naon-naon.

16Malahan ditangtayungan siang wengi.

17Ku margi kitu Juragan kedah ihtiar supados ulah aya kitu kieu. Moal lepat bakal aya bahla ka Juragan sakulawargi. Tuda juragan pameget mah kitu teu kenging diunjukanan."

18Ti dinya Abigail pakepuk nyadiakeun roti dua ratus siki, cianggur dua wadah pinuh, panggang domba lima, sanggray gandum tujuh belas kilo, buah anggur kering saratus ranggeuy, sale buah kondang dua ratus guruntul, tuluy dimuatkeun kana kalde.

19Geus kitu saurna ka eta gandek, "Jung maneh ka ditu ti heula, kami nuturkeun pandeuri." Ka salakina mah henteu bebeja.

20Tuluy Abigail indit tumpak kalde. Barang nepi ka hiji pengkolan lamping pasir, paamprok jeung rombongan Daud.

21Daud tadi geus ngamanah kieu, "Naon gawena kami di tanah gurun ngajaga kaboga eta manusa? Cumah! Sasiki ge dombana ku kami euweuh anu dipaling, tapi kieu pamulangna. Boga pamenta sakitu ge teu ditedunan!

22Kami sing nandang siksa PANGERAN, lamun samemeh bray beurang tacan ngabasmi sakabeh jalma lalaki nu aya di ditu nepi ka anu panganggeusan!"

23Barang prok jeung Daud, Abigail tuturubun tuluy nyuuh, meubeutkeun maneh

24kana sampean Daud, tuluy unjukan, "Duh Juragan, dangukeun heula! Anu lepat teh abdi, mangga abdi geura siksa.

25Sawios Nabal mah tong dimanahan, teu aya damelna. Namina surup sareng hartosna: Jalmi teu gaduh pikiran. Nalika utusan Juragan darongkap, abdi nuju teu aya.

26PANGERAN parantos ngatur sangkan Juragan teu cios numpes musuh. Demi PANGERAN anu jumeneng, mugia sadaya musuh Juragan sareng sugri anu ngarah ka Juragan, kalebet Nabal, sing kenging babales.

27Mugi Juragan kersa nampi ieu rejeki, hatur lumayan kangge balad.

28Samudaya kalepatan nyuhunkeun sih hapuntenna. Juragan tangtos ku PANGERAN dijenengkeun raja turun-tumurun, reh parantos ngalakonan perang Mantenna. Sareng mugia salami Juragan jumeneng ulah kantos midamel kaawonan.

29Upami Juragan aya anu ngudag atanapi ngarah pati, tan wande PANGERAN Allah Juragan ngaping lir ngajagi pupunden. Sadaya musuh Juragan ku Mantenna bakal dipeclengkeun sapertos batu dipeclengkeun tina bandring.

30Saparantos engke Juragan nampi bukti tina jangji pitulung PANGERAN, sarta ku Mantenna parantos dijadikeun raja nyangking Israil,

31tangtos bakal karaos bagja nugrahana teu kantos maehan tanpa lantaran, teu kantos ngajalankeun babales nyalira. Saupami Juragan nampi rahmat PANGERAN, mugi sing emut ka abdi."

32Waler Daud, "Maha Agung PANGERAN Allah Israil. Poe ieu Nyai dipanggihkeun jeung kami.

33Puji ka Allah, Nyai geus nembongkeun kaweningan hate, mepelingan sangkan kami ulah nepi ka maehan, ulah nepi ka ngajalankeun babales.

34Estu ku kersaning PANGERAN kami teu kungsi nyilakakeun ka Nyai. Sabab tadi kami geus sumpah demi Allah Israil anu jumeneng, yen sakabeh jelema nu aya di Nabal tangtu dibasmi samemeh bray isuk. Hadena Nyai kaburu datang!"

35Sagala pangbakti Abigail ku Daud ditampi, geus kitu saurna, "Nyai geura balik. Tong salempang, pamenta Nyai tangtu dicumponan."

36Abigail tuluy balik. Nabal kasampak keur pesta rosa kacida, mani kawas pesta raja bae. Abigail teu kaburu popoyan harita, sabab Nabal keur jigrah mabok.

37Bebeja-bebeja isukna, sanggeus Nabal eling tina mabokna. Sanggeus dibejaan, Nabal ngadadak kaserang jajantung sarta sakujur badanna jadi lumpuh.

38Heuleut sapuluh poe ti harita Nabal ngan kari ngaran, lastari digebug ku PANGERAN.

39Wartana kadangu ku Daud. Anjeunna muji sukur, "Puji sukur ka PANGERAN, anu geus nyegah aing tina ngajalankeun babales. Nabal anu sakitu ngahinana geus dibales ku PANGERAN ku manten, kagorenganana ku Mantenna geus dihukum." Ti dinya Daud ngintun panglamar ka Abigail seja kapigarwa.

40Bral utusan laleumpang ka Karmel nepungan Abigail, pok halaturan, "Abdi-abdi ngemban piwarangan Daud ngala Ibu, kersana bade ditikah."

41Brek Abigail sideku tuluy sasauran, "Sumangga katampi sumeja jadi abdina, purah ngumbah suku gandek-gandek anjeunna."

42Neut cengkat, clak kana kalde diiring ku lima emban, bral angkat ngiring ka utusan Daud. Satuluyna jadi geureuha Daud.

43Daud harita enggeus garwaan ka Ahinoam urang Yisrel. Jadi geureuhana dua jeung Abigail.

44Ari Mikal putra Saul, geureuhana anu hiji deui mah ku Saul geus ditikahkeun ka nu sejen, ka Palti bin Lais urang Galim.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 25 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel