Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 26 >> 

1Aya sawatara urang Sip bebeja ka Saul di Gibea yen Daud keur nyumput di Gunung Hakila, di sisi tanah gurun wewengkon Yuda.

2Harita keneh Saul nyandak tilu rebu perjurit Israil anu petingan, tuluy angkat ka tanah gurun Sip rek ngudag Daud.

3Geus kitu masanggrahan di Gunung Hakila sisi jalan. Ari Daud aya di eta tanah gurun, geus kawartosan yen keur diudag ku Saul.

4Anjeunna ngintunkeun jelema sina ngayakinkeun. Enya Saul geus aya di lebah dinya.

5Gancang Daud angkat ka pangrereban Saul jeung Abner bin Ner panglima perang. Saul geus kulem di tengah-tengah pasanggrahan, dikurilingan ku pakemahan baladna.

6Daud ngalahir ka Ahimelek urang Het, jeung ka Abisai saderek Yoab anu ibuna Seruya, "Saha nu wani milu jeung kami?" "Abdi!" ceuk Abisai.

7Peuting eta Daud jeung Abisai nyulumun ka pasanggrahan Saul. Saul kasampak geus ebog kulem di satengahing pasanggrahan, tumbakna nanceb dina taneuh gigireun mastakana. Abner sapasukanana oge kabeh sarare ngurilingan anjeunna.

8Ceuk Abisai, "Ieu musuh wengi ieu ku Allah parantos diselehkeun ka urang. Keun ku abdi urang panggang kana taneuh ku tumbakna sorangan. Sakali ge cekap, moal ngadua kalian!"

9Saur Daud, "Ulah digunasika! PANGERAN bakal nyiksa ka anu nyilakakeun raja kenging-Na ngangkat.

10Demi PANGERAN anu jumeneng, kami yakin PANGERAN ku manten anu bakal nyabut nyawa Saul, boh pupus sabiasa, boh kasambut di medan perang.

11Kami dilarang ku PANGERAN, teu meunang maehan jelema anu ku Mantenna geus diangkat jadi raja! Urang bawa tumbakna jeung wadah caina, tuluy urang nyingkah."

12Seug tumbak Saul jeung wadah cai anu di gigireun mastakana ku Daud dicandak, geus kitu anjeunna nyingkah ti dinya. Taya saurang anu nangenan, kabeh keur sarare tibra teu aya anu usik-usik acan, sabab disirep ku PANGERAN.

13Daud kebat angkat ka lebak peuntas ditu, tuluy ngadeg di poponclot pasir, anggangna cukup geusan dipake ngejat.

14Anjeunna ngageroan ka Abner jeung pasukanana, "Abner! Kadenge ka dinya?" Walon Abner, "Saha, gera-gero di dinya, ngabaribinan sang raja?"

15Waler Daud, "Abner! Cenah andika teh jelema pangdigjayana di Israil! Lamun enya, ku naon jungjunan andika, sang raja, ku andika henteu dijaga? Bieu aya jelema nyulumun ka dinya rek nelasan jungjunan andika.

16Andika talobeh kana kawajiban, he Abner! Kaula sumpah demi PANGERAN anu jumeneng, lamun kaula niat, tadi andika kabeh geus jemprah tariwas, gara-gara andika talobeh ngajaga raja anu diangkat ku PANGERAN! Coba ilikan, di mana tumbak sang raja? Di mana wadah caina anu di gigireun mastakana?"

17Saul wawuheun kana sora Daud, tuluy ngagero, "Daud! Maneh eta teh, anaking?" Waler Daud, "Leres Gusti Sang Raja!

18Ku naon margina Ama ngudag-ngudag bae ka abdi? Naon kalepatan abdi? Naon kajahatan abdi?

19Kangjeng Raja, dangukeun pihatur abdi. Upami Gusti ngarah-ngarah ka abdi teh leres kersaning PANGERAN, ku abdi bade dihaturanan kurban, manawi kersaeun ngarobah pangersa-Na. Sawangsulna upami lantaran diangsonan ku manusa, mugi eta manusa anu ngangsonan teh sing disapa ku PANGERAN. Margi upami leres kitu, nya maranehna anu ngalantarankeun abdi dibuburak ti tanah kagungan PANGERAN ka nagara batur, sasat dipaksa kedah ngabakti ka aallahan bangsa batur.

20Mugi Gusti ulah ngersakeun abdi tiwas di nagara batur anu tebih ti PANGERAN. Ku naon raja Israil ngarah pati abdi anu mung saibarat tuma? Ku naon Gusti ngudag-ngudag abdi lir moro kasintu?"

21Waler Saul, "Ama salah, Ama salah! Baeu mulang, Daud anaking! Ama kapok moal ngarah-ngarah deui, sabab peuting ieu hidep geus ngaraksa nyawa Ama. Ama rumasa sasar, ngaco liwat saking!"

22Waler Daud, "Ieu nyanggakeun tumbak kagungan Sang Raja. Parentahkeun sina dibantun.

23PANGERAN bakal ngaganjar ka anu satia sareng bener. Dinten ieu Mantenna parantos nyelehkeun Sang Raja kana genggeman abdi, nanging ku abdi henteu dikieu-kieu, margi Sang Raja diangkat ku PANGERAN.

24Sakumaha abdi dinten ieu parantos ngaraksa nyawa Sang Raja, mugia PANGERAN ngaraksa ka abdi, ngaluputkeun tina sugri bancang pakewuh!"

25Lahiran Saul ka Daud, "Muga hidep dirahmat ku Allah, anaking! Sagala lampah hidep tinangtu bakal lulus!" Geus kitu Daud angkat ti dinya. Saul oge tuluy mulih.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 26 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel