Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 27 >> 

1Ku Daud kagalih, "Lila-lila mah kami beunang oge dipaehan ku Saul. Taya deui ihtiar nu panghadena, lian ti kami kudu kabur ka tanah Pelisti. Saul tangtu eureun ngudagna, moal haben nyaksrak di tanah Israil. Tangtu kami salamet."

2Ti dinya Daud jeung baladna genep ratus urang ngalih ka Pelisti, ka Akis bin Maok raja Gat.

3Daud sabaladna katut anak bojona masing-masing geus maratuh di Gat. Daud oge katut dua geureuhana, Ahinoam ti Yisrel jeung Abigail randana Nabal ti Karmel.

4Sanggeus Saul ngadangu Daud kabur ka Gat, ngudag-ngudagna liren.

5Daud misaur ka Akis, "Sim kuring teu kedah matuh di kota raja. Manawi kawidian mah nyuhunkeun matuh di kota alit bae."

6Ku Akis dipaparin kota Siklag, sarta ti semet harita Siklag jadi kagungan raja-raja Yuda.

7Daud ayana di Pelisti genep belas bulan.

8Sapanjang kitu Daud sabaladna ngarurug ka urang Gesur, ka urang Girsi, jeung ka urang Amalek, anu geus ti baheula jadi pribumi di wewengkonna masing-masing. Dirurugna meh nepi ka wewengkon Sur jeung wates Mesir.

9Jelemana awewe lalaki diparaehan, ingon-ingonna domba, sapi, kalde jeung onta kitu deui papakean, dijarah. Ari geus mulih,

10lamun ku Akis dipariksa, "Tas ngarurug ka mana?" Sok diwaler tas ngarurug pakidulan tanah Yuda, atawa tas ngarurug wewengkon bani Yerahmel, atawa wewengkon urang Keni.

11Saban wewengkon anu dirurug, jelemana kabeh taya anu dihirupan, awewe lalaki kabeh diparaehan bae supaya ulah aya anu bebeja ka Gat ka mana saenyana Daud ngarurugna. Kitu bae damelna Daud teh sapanjang aya di Pelisti.

12Ari Akis kacida percayana ka anjeunna, nepi ka ceuk pamikirna, "Eta jelema teh kacida dipikaceuceubna ku urang Israil, ku bangsana sorangan. Tangtu bakal ngabantu ka aing saumur hirupna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel