Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 3 >> 

1Dina mangsa-mangsa eta, waktu Samuel kumawulana ka PANGERAN dina panalingaan Eli, carang aya timbalan PANGERAN. Titingalan gaib oge ti Mantenna langka aya.

2Dina hiji peuting Eli ebog di pajuaran, socana geus meh teu iasa ningali.

3Ari Samuel mondokna di kamar tempat nyimpen Peti Perjangjian anu suci tea, lampuna ngagateng. Sanggeus deukeut ka subuh,

4PANGERAN ngagentraan ka Samuel, seug diwangsul, "Nun!"

5Bari tuluy muru ka Eli, unjukan, "Ieu abdi, Bapa teh nyaur?" Waler Eli, "Bapa teu nyalukan! Sare deui ka ditu." Samuel ngedeng deui ka enggonna.

6(3:6-7) Ku PANGERAN digentraan deui. Eta murangkalih teu terangeun yen anu ngagentraan teh PANGERAN, kawantu saumurna kakara harita digentraan ku Mantenna. Korejat deui muru ka Eli, unjukan, "Ieu abdi, Bapa nyaur?" Waler Eli, "Henteu anaking, kami teu nyaur. Jung sare deui."

7(3:6)

8PANGERAN ngagentraan deui katilu kalina. Samuel muru deui ka Eli, unjukan, "Ieu abdi, Bapa ngagentraan." Geus kitu ku Eli kagalih yen anu ngagentraan ka eta murangkalih teh PANGERAN.

9Saurna, "Sare deui bae. Lamun digentraan deui Ujang kudu ngawangsul, ‘Nun PANGERAN, sumangga ngandika, abdi sumeja ngupingkeun.’" Samuel balik deui ka enggonna.

10Ti dinya PANGERAN sumping, ngadeg di eta kamar, lajeng ngagentraan kawas tadi, "Samuel! Samuel!" Samuel ngawangsul, "Sumangga ngandika, abdi sumeja ngupingkeun."

11PANGERAN nimbalan, "Kami rek ngadamel hiji perkara anu matak gimir di Israil, matak bingung anu ngadenge.

12Kami rek ngabuktikeun ancaman-ancaman Kami ka saeusi imah Eli ti mimiti nepi ka anggeus.

13Eli ku Kami geus dibejaan yen manehna jeung saeusi imahna rek dikeunaan siksa sapapanjangna, sabab anak-anakna geus ngagogoreng ka Kami. Eli sangkilang nyahoeun kana kagorengan anak-anakna henteu nyarek-nyarek acan.

14Mana Kami sumpah, yen kurban atawa sasajen naon bae oge moal bisa nyirnakeun kadorakaan kulawarga Eli anu sakitu bangetna."

15Samuel tetep di enggon, turun-turun sanggeus isuk, tuluy mukaan panto-panto kemah PANGERAN, bari bingung kumaha ngabejakeunana eta tetenjoanana ka Eli.

16Ti dinya Eli ngagentraan, "Samuel, Ujang!" Jawab Samuel, "Nun!"

17Eli mariksa, "Nimbalan naon PANGERAN ka hidep? Caritakeun, ulah aya nu dikemu. Lamun aya anu dikilungan, tangtu hidep dibenduan ku Allah."

18Ku Samuel dicaritakeun sabalakana teu aya nu disumputkeun. Ari saur Eli, "Mantenna teh PANGERAN. Sakersa-Na tangtu ngajadi."

19Ari Samuel beuki ageung, disarengan ku PANGERAN. Timbalan PANGERAN anu dicaritakeun ku Samuel tea kabeh kajadian.

20Ti dinya kaceluk ka sabangsa Israil di suklakna di siklukna, yen Samuel teh nabi Allah.

21Sarta PANGERAN bakal terus ngebrehan di Silo, di tempat mimiti nembongan jeung nimbalan ka Samuel. Satiap Samuel micatur ku bangsa Israil terus digarugu.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel