Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 17 >> 

1Raja Daud calikna geus di karaton. Dina hiji poe anjeunna ngala Nabi Natan, geus kitu ngalahir, "Tingali, kaula parantos cicing di karaton tina kai kiputri, ari Peti Perjangjian PANGERAN ngan di jero kemah!"

2Piunjuk Natan, "Atuh mangga pidamel kumaha kersa, da Gusti teh disarengan ku Allah."

3Tapi dina peutingna Allah nimbalan ka Natan, dawuhana-Na,

4"Bejakeun ieu pangandika ka Daud abdi Kami, kieu, ‘Gedong keur panglinggihan Kami dijieunna ulah ku maneh.

5Ongkoh ti barang Kami ngajait urang Israil ti Mesir, nepi ka kiwari oge cicing teh lain di gedong, tapi di kemah jeung pipindahan.

6Jeung sapanjang reureujeungan jeung urang Israil, ka para pamingpin beunang Kami ngangkat, Kami teu menta dipangnyieunkeun gedong tina kai kiputri.’

7Jadi pangbejakeun ku maneh ka abdi Kami Daud, kieu kituh timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, ‘Maneh teh ku Kami dipulung ti tegal, tina asal tukang ngajaga domba diangkat jadi raja nyangking umat Kami Israil.

8Kami geus nulungan ka maneh ka mana bae maneh indit. Unggal maneh maju tarung, musuh maneh ku Kami dielehkeun. Maneh ku Kami rek dijieun kamashur saperti para pamingpin anu panggedena di dunya. Indit ka mana bae maneh ku Kami diaping. Unggal maneh indit ngarurug, musuh maneh ku Kami dielehkeun.

9(17:9-10) Sarta umat Kami Israil, ku Kami geus dipangnyadiakeun tempat, geus disina maratuh di dinya jeung moal aya anu neungteuinganan deui. Enggeus sering maranehna ditarajang ku bangsa-bangsa anu barengis ti saprak arasup ka ieu tanah. Tapi ti semet ayeuna mah moal deui. Kami jangji rek ngelehkeun sakabeh musuh maneh, sarta maneh rek dibere turunan.

10(17:9)

11Di mana maneh geus mulang ti dunya ngahiji jeung karuhun-karuhun, aya anak maneh saurang anu ku Kami rek dijieun raja, sarta karajaanana ku Kami rek dikersakeun sina nanjung.

12Nya anak maneh anu eta anu bakal mangnyieunkeun gedong pikeun Kami, sarta karajaan turunanana moal aya kandegna sapapanjangna.

13Sarta Kami pijadieun Ramana, ari manehna pijadieun putra Kami. Pangdeudeul ti Kami ka manehna moal eureun-eureun, moal dipegatkeun cara ka Saul anu ku Kami digulingkeun sangkan maneh jadi raja gantina.

14Manehna baris dijenengkeun ku Kami sina ngurus umat Kami jeung nyekel karajaan Kami salalanggengna. Karajaan turunanana moal aya kandegna.’"

15Eta pangandika wahyu ti Allah ku Natan dicarioskeun ka Daud.

16Ti dinya Raja Daud lebet ka Kemah Tepangan PANGERAN, brek mando tuluy neneda, "Nun GUSTI Allah, sayaktosna abdi sareng saeusi rorompok henteu layak nampi sugri pangasih Gusti.

17Ayeuna ku Gusti bade dipaparin deui langkung ti nu parantos, sareng dipaparin jangji perkawis pijagaeun pun anak. Abdi ku Gusti dijadikeun saharkat sareng jalma anu aragung, nun GUSTI Allah.

18Kedah kumaha abdi nya nganuhunkeun! Gusti langkung uninga abdi teh kumaha, nanging dugi ka dipaparin kamulyaan sakieu, padahal abdi teh mung gandek.

19Eta sagala perkawis anu aragung, anu parantos diuningakeun ti payun ka diri abdi, estu parantos kitu pangersa sareng tujuan Gusti.

20Nun PANGERAN, Gusti teh teu aya sasamina. Ti kapungkur keneh abdi sadaya terang yen mung Gusti anu jumeneng Allah.

21Di dunya teu aya bangsa anu sapertos bangsa Israil, anu ku Gusti parantos dijait tina harkat badega lajeng didamel umat kagungan. Sugri padamelan Gusti anu sakitu arahengna sareng aragungna parantos kagurnita ka saalam dunya. Eta umat kagungan teh ku Gusti dijait ti Mesir, sarta saban maranehna maju, bangsa-bangsa sanes ku Gusti disingkirkeun.

22Urang Israil dipidamel jadi umat Gusti salalanggengna, sareng Gusti, PANGERAN, jadi Allah maranehna.

23Nun Gusti PANGERAN, sugri jangji Gusti hal diri sareng turunan abdi, kitu deui sugri perkawis anu parantos diandikakeun tea, mugi-mugi diyaktoskeun.

24Gusti bakal tambih kamashur, moal petot-petot disarebat ku jalmi-jalmi, ‘PANGERAN Nu Maha Kawasa jumeneng Allah Israil.’ Mugi Gusti ngalanggengkeun karajaan turunan abdi.

25Nun Allah panutan, abdi parantos kumawantun ngunjukkeun ieu panuhun ka pangersa Gusti, reh eta sugri perkawis ku Gusti parantos diwartoskeun ka jisim abdi, gandek Gusti, sareng Gusti parantos nimbalan yen turunan abdi bakal jarumeneng raja.

26Gusti teh Allah, nun PANGERAN, anu parantos maparin ieu jangji anu sakieu ahengna.

27Mugi berkahan turunan abdi, masing tetep aya dina aub-aub sih kurnia Gusti. Nun PANGERAN, Gusti parantos ngedalkeun berkah ka maranehna, eta berkah Gusti tinangtos bakal ngancik salalanggengna di maranehna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel