Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 19 >> 

1Dina hiji mangsa raja Amon anu jenenganana Nahas pupus, diganti ku putrana, Hanun.

2Saur Daud, "Kami rek nembongkeun ka Hanun yen seja midulur, sabab Nahas ramana hade ka kami." Daud ngintun utusan ka ditu, pikeun nawiskeun bela sungkawa. Sanggeus utusan-utusan teh daratang ka Hanun,

3para gegeden Amon arunjukan ka rajana, "Naha leres Daud ngintun ieu utusan-utusan teh tawis mikatineungna ka tuang rama suwargi? Sayaktosna eta teh bade nalengteng nagara urang, ngarah gampil nempuh."

4Eta utusan-utusan ku Hanun ditangkep, janggotna dikurudan, pakeanana diguntingan lebah biritna, tuluy sina baralik.

5Atuh kacida areraeunana, nepi ka teu kadarugaeun terus balik. Sanggeus kadangu ku Raja Daud, maranehna dipiwarang narunggu heula di Yeriho, ngadarago janggotna jaradi deui.

6Raja Hanun jeung urang Amon geus rumasa yen ngahaja ngamusuh ka Daud. Tuluy nyewa kareta perang jeung nu tarumpakna ti Mesopotami Girang, jeung ti Maaka jeung Soba dua kota di nagara Siria, dibayarna ku perak tilu puluh opat rebu kilo.

7Kareta anu disewa lobana tilu puluh dua rebu, geus datang jeung balad raja nagara Maaka, masanggrahan deukeut Medeba. Urang Amon ge geus budal ti unggal kota, geus sadia perang.

8Sanggeus Daud uningaeun tuluy nimbalan ka Yoab sina ngetrukkeun balad.

9Urang Amon geus taki-taki di lawang kota Raba, ibukota Amon, ari raja-raja anu rek mantuanana geus saradia di luar kota.

10Kajudi ku Yoab yen anjeunna rek digencet ti hareup jeung ti tukang. Gancang meting serdadu-serdadu Israil, rek dipake ngayonan urang Siria.

11Balad sesana dipercayakeun ka Abisai rayina, sina ngayonan urang Amon.

12Saur Yoab ka rayina, "Lamun Akang kadeseh ku urang Siria, Rayi kudu buru-buru mantuan. Upama Rayi kadeseh ku urang Amon, ku Akang dibantu.

13Sing teteg, hayu urang sakuat-kuat ngabela bangsa jeung nagara Allah urang. Mugia laksana pangersa PANGERAN."

14Prung pasukan Yoab narajang, urang Siria kalabur.

15Nyaho urang Siria kalabur, urang Amon oge kalabur ti Abisai, marubus deui ka nagarana. Sanggeus kitu Yoab mulang ka Yerusalem.

16Sanggeus tetela yen kateter ku urang Israil, urang Siria ngumpulkeun deui kakuatan ti dayeuh-dayeuh nagarana anu di wetaneun Walungan Eprat, dipingpin ku Sobak, panglima perang Raja Hadad Eser ti Soba.

17Daud geus uninga, seug mepek balad Israil, tuluy meuntasan Walungan Yordan muru ka balad urang Siria. Sanggeus campuh,

18urang Siria kadeseh ku urang Israil. Tujuh rebu urang Siria ti pasukan kareta jeung opat puluh rebu serdadu leumpangna tiwas ku Raja Daud sabaladna. Sobak panglima perang urang Siria oge tiwas.

19Sanggeus tetela kasoran ku urang Israil, raja-raja anu kaereh ku Raja Hadad Eser marenta taluk ka Daud, tuluy jadi erehan anjeunna. Ti dinya mah urang Siria kapok ngabantu ka urang Amon.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel