Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 29 >> 

1Tutas eta, Raja Daud ngadawuh ka pajemuhan, "Suleman putra kami anu geus dipilih ku PANGERAN, umurna ngora keneh, tacan rea pangalaman. Ari pigaweeun sakitu rohakana, kawantu anu rek dijieun teh gedong keur GUSTI Allah, lain karaton keur manusa.

2Pikeun kaperluan nyieunna kami geus sakedah polah kukumpul bahan-bahanna: emas, perak, tambaga, beusi, kayu, batu-batu permata, mutiara, batu lempengan jeung pirang-pirang batu marmer.

3Samalah ku bawaning nyaah ka Bait Allah PANGERAN, kami pribadi nyumbangkeun perak jeung emas tina peperenian sorangan,

4emas kolot tilu rebu talenta leuwih, perak murni meh tujuh rebu talenta, keur papaes tembok Bait Allah,

5jeung keur bahan barang-barang perak jieuneun tukang-tukang. Ayeuna, coba saha anu rido mere derma nyumbangkeun pangbaktina ka PANGERAN?"

6Para kapala golongan, para pamingpin kaom, para panglima jeung para pajabat anu nyangking harta milik karajaan, kalawan sukana masing-masing marere sumbangan

7bahan-bahan pikeun kaperluan nyieun Bait Allah. Barang-barang sumbanganana: Emas lima rebu talenta leuwih, perak salaksa talenta leuwih, tambaga meh salaksa dalapan rebu talenta, beusi saketi talenta leuwih.

8Sumbangan-sumbangan mangrupa batu-batu permata diasupkeunana ka perbendaharaan Bait Allah diurus ku Yehiel, urang Lewi ti warga Gerson tea.

9Jalma-jalma nyarumbangna ka PANGERAN reujeung sukana sarta kacida barungaheunana, dumeh barang-barang anu disumbangkeun teh nepi ka sakitu lobana. Komo Raja Daud mah liwat saking ngaraos bagjana teh.

10Di dinya keneh dina eta pajemuhan, Daud muji sukur ka PANGERAN, piunjukna, "Nun GUSTI, Allah Yakub karuhun abdi, mugi Gusti dimulyakeun salalanggengna!

11Kaagungan, kadigjayaan, kamulyaan, kaagrengan, sareng kaluhungan, aya di salira Gusti. Saniskara nu di langit sareng di bumi, sadaya kagungan Gusti. Gusti teh Raja pinunjul, jungjunan saalam dunya.

12Kabeungharan, kamuktian, sadaya asal ti Gusti, anu ngasta saniskara kalayan digjaya sareng kawasa, anu iasa midamel sangkan jalma jadi mulya sareng digjaya.

13Nun Allah panutan, abdi-abdi muji sukur sareng ngamulyakeun pajenengan Gusti nu agung.

14Parandene kitu, abdi sareng rahayat rumaos teu tiasa ngahaturkeun naon-naon ka Gusti, mung tiasa masrahkeun deui anu ku Gusti parantos dipasihkeun, kawantos sagala rupi oge asalna ti Gusti.

15Gusti langkung uninga, hirup abdi sadaya di payuneun Gusti teh ibarat numpang ngumbara, sapertos karuhun abdi sadaya. Umur abdi-abdi saibarat kalangkang sakolebatan, teu tiasa sumingkir ti ajal pati.

16Nun Gusti PANGERAN, abdi sadaya parantos sami-sami nyanggakeun ieu bahan-bahan kanggo ngadamel gedong, kangge ngagungkeun pajenengan Gusti anu suci. Nanging eta sadaya asalna teh paparin ti Gusti, sadayana asal kagungan Gusti.

17Abdi terang yen Gusti ngaji hate tiap jalmi, sareng mikasuka ka jalmi anu sipatna lempeng jujur. Abdi iklas nyanggakeun ieu barang-barang ka Gusti. Ku abdi katingal kumaha baringaheunana umat Gusti anu karempel di dieu reh parantos tariasaeun nyanggakeun pangbakti ka Gusti.

18Nun GUSTI, Allah karuhun abdi, Ibrahim, Ishak, sareng Yakub, mugi-mugi sipat babakti maranehna anu sapertos kitu teh dilanggengkeun, sina tetep ngakar dina hate umat Gusti, mugi sing tetep maranehna satia saumur-umur.

19Mugi pun anak, Suleman, dipaparin hate suhud sareng kadaek kana ngalakonan sagala timbalan Gusti, sareng kanggo ngadegkeun Bait kangge ngabakti ka Gusti, anu bahan-bahanna ku abdi parantos disadiakeun."

20Sanggeus kitu Daud nimbalan ka pajemuhan, "Sanggakeun puji ka PANGERAN Allah maraneh!" Breng kabeh maruji ka PANGERAN, Allah karuhunna, tuluy sarujud nyanggakeun hormat ka PANGERAN jeung ka raja.

21Poe isukna maranehna mareuncit sato dikurbankeun, dibaktikeun ka PANGERAN, saterusna dibagikeun ka jalma rea sina didalahar. Salian ti eta maranehna mareuncit deui sarebu sapi jalu ngora, sarebu domba jalu, jeung sarebu anak domba, diduruk kabeh dina altar, ditambah ku ngurbankeun anggur.

22Poe eta sajeroning dahar nginum di payuneun PANGERAN, jalma-jalma pohara ngarasa bagjana. Dina poe eta Suleman diembarkeun deui yen jadi raja, tuluy dilisahan kalawan pajenengan PANGERAN, jadi raja maranehna, sarta Sadok dijenengkeun imam.

23Sabada eta Suleman terus calik dina tahta anu geus dikukuhkeun ku PANGERAN, ngagentos ramana, Daud. Jadina raja lulus mulus, hasil sagala panejana, katurut ku sakumna bangsa Israil.

24Para gegeden, sakumna balad, malah putra-putra Daud sejenna kabeh ikrar seja satia, tarima dibawah kawasa Raja Suleman.

25Sakumna bangsa Israil ku PANGERAN dikersakeun kataji ku Suleman, sarta Suleman teh ku Mantenna dipaparin kamulyaan anu punjul ti raja Israil nu mana bae.

26Daud putra Isai ngarajaanana nyangking sanagara Israil teh

27opat puluh taun, nya eta di Hebron tujuh taun, di Yerusalem tilu puluh tilu taun.

28Pupusna sanggeus yuswana kacida sepuhna, mulya, kawasa, dipikaajrih. Anjeunna diganti ku Suleman, putrana.

29Carita Raja Daud ti awal nepi ka wekasan kaungel dina carita tilu jurutingal: Samuel, Natan jeung Gad,

30anu ngadadarkeun hal ngarajaanana, hal kakawasaanana, jeung hal-hal anu kasorang ku anjeunna jeung ku urang Israil, kitu deui ku karajaan-karajaan sakurilingeunana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 29 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel