Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 3 >> 

1(3:1-3) Berendelan putra-putra Daud nurutkeun parelean yuswana masing-masing, anu diowokeunana waktu anjeunna ngarajaan di Hebron: Amnon, ibuna Ahinoam ti Yisrel. Daniel, ibuna Abigail ti Karmel. Absalom, ibuna Maaka putra Raja Talmai ti Gesur. Adonia, ibuna Hagit. Sepaca, ibuna Abital. Itream, ibuna Egla.

2(3:1)

3(3:1)

4Genepanana diowokeun di Hebron, waktu Daud ngarajaan di dinya anu lilana tujuh taun genep bulan. Sanggeus anjeunna ngarajaan di Yerusalem anu lilana tilu puluh tilu taun,

5anjeunna puputra deui tur loba. Ti garwa anu jenengan Batseba binti Amiel puputra opat: Sima, Sobab, Natan jeung Suleman.

6Salapan deui putrana nya eta: Yibhar, Elisua, Elpelet,

7Nogah, Nepeg, Yapia,

8Elisama, Elyada jeung Elipelet.

9Kajaba ti eta rea keneh putrana anu ti parekan-parekan. Putrana nu istri, hiji, Tamar.

10Runtuyan turunan Raja Suleman nya eta: Rehabam, putrana. Rehabam puputra Abiam, Abiam puputra Asa, Asa puputra Yosapat,

11Yosapat puputra Yehoram, Yehoram puputra Ahasia, Ahasia puputra Yoas,

12Yoas puputra Amasia, Amasia puputra Usia, Usia puputra Yotam,

13Yotam puputra Ahas, Ahas puputra Hiskia, Hiskia puputra Menase,

14Menase puputra Amon, Amon puputra Yosia.

15Yosia puputra opat: Yohanan, Yoyakim, Sidkia jeung Yoahas.

16Yoyakim puputra dua: Yoyakin jeung Sidkia.

17Turunan Raja Yoyakin, raja anu diboyong ku urang Babul tea, ieu berendelanana: Yoyakin puputra tujuh: Sealtiel,

18Malkiram, Pedaya, Senasar, Yekamya, Hosama jeung Nedabya.

19Pedaya puputra dua: Serubabel jeung Simi. Serubabel puputra dua pameget hiji istri; nu pameget: Mesulam jeung Hananya, nu istri: Selomit.

20Aya deui putrana lima urang: Hasuba, Ohel, Berekya, Hasadya jeung Yusab Hesed.

21Hananya puputra dua: Pelaca jeung Yesaya. Yesaya puputra Repaya, Repaya puputra Arnan, Arnan puputra Obaja, Obaja puputra Sekanya.

22Sekanya puputra hiji, Semaya, ari incuna aya lima: Hatus, Yigal, Bariah, Narya jeung Sapat.

23Narya puputra tilu: Elyuenai, Hiskia jeung Asrikam.

24Elyuenai puputra tujuh: Hodawia, Elyasib, Pelaya, Akub, Yohanan, Delaya jeung Anani.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel