Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Yohanes 1 >> 

1Ieu surat nyaritakeun Sabda anu mere hirup, anu geus jumeneng ti barang mimiti. Ku bapa sabatur-batur, eta Sabda teh geus kadenge, jeung geus katenjo ku panon sorangan, nenjo enyaan, sarta leungeun bapa sabatur-barta geus nyabak sorangan.

2Sanggeus eta hirup teh diebrehkeun, bapa sabatur-batur nenjo kana jirim-Na. Eta sababna bapa bisa nyaritakeun jeung nerangkeun hal Anjeunna anu jumeneng hirup langgeng, anu sasarengan jeung anu jumeneng Rama, sabab bapa sabatur-batur sasama rasul geus wanoh pisan ka Anjeunna.

3Tah anu bareto katenjo jeung kadenge teh ku bapa diwartakeun deuih ka aranjeun, supaya aranjeun oge cara bapa, hirup dina kasatunggalan jeung anu jumeneng Rama kitu deui jeung Yesus Kristus Putra-Na.

4Maksud bapa nuliskeun hal ieu teh supaya kabungahan urang bisa tutug.

5Eta warta ti Allah, anu ku bapa sabatur-batur katarima ti Putra-Na, sarta anu ayeuna di tepikeun ka aranjeun, nya eta: Allah teh Cahaya Caang, di Mantenna sama sakali teu aya poek.

6Jadi lamun urang ngakukeun geus aya dina kasatunggalan jeung Mantenna tapi hirup di nu poek, eta teh bohong nya ucap nya lampah.

7Lamun hirup urang geus di nu caang sakumaha Mantenna anu jadi Cahaya Caang, eta ciri diri urang geus beresih tina dosa ku karana getih Yesus Putra-Na, sarta bakal bisa hirup sabeungkeut jeung pada batur.

8Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, eta ngabobodo maneh, sarta Allah teu linggih di jero hate urang.

9Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.

10Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, atuh urang teh sarua jeung nganggap Allah tukang bohong, sarta henteu kaancikan ku Sabda-Na.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Yohanes 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel