Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 10 >> 

1Ayeuna sim kuring, Paulus, anu dipajarkeun leuleuy ari di hareupeun aranjeun, ari geus jauh mah jadi keras, aya pamenta pribadi. Pamenta teh, demi Kristus anu sareh jeung mulya manah,

2engke lamun urang geus pajonghok, aranjeun ulah nyieun gara-gara nepi ka sim kuring kudu keras. Sabab sim kuring moal teu keras ka anu nyangka-nyangka yen usaha sim kuring sabatur-batur teh ngarah kadunyaan.

3Sanajan hirup teh di dunya, tapi sim kuring henteu ngarah kadunyaan.

4Pakarang paranti sim kuring tarung lain pakarang nu aya di ieu dunya, tapi pakarang-pakarang ampuh kagungan Allah, anu ku sim kuring dipake ngagempur benteng-benteng, ngagempur alesan-alesan palsu,

5ngaruntuhkeun tiap-tiap sipat sombong anu ngadingding ngahalangan kanyaho ka Allah, sarta nalukkeun saniskara pipikiran sangkan aranut ka Kristus.

6Engke sanggeus aranjeun ta’at datang ka antekna, sim kuring siap geusan ngahukum sakur anu henteu daek ta’at.

7Aranjeun biasa nilik kana rupa lahir. Kumaha di dieu aya anu ngarasa yen dirina kagungan Kristus? Pek sina mikir deui enya henteuna. Mun enya dirina kagungan Kristus, sim kuring oge kagungan Kristus saperti manehna.

8Sim kuring, sanajan upama nepi ka agul leuwih ti misti oge ku kakawasaan ti Gusti, henteu era, da eta kakawasaan teh dipake ngadegkeun aranjeun, lain dipake ngarubuhkeun.

9Sim kuring teu ngaharep aranjeun ngarasa disingsieunan ku surat-surat sim kuring.

10Ceuk nu nyarita, "Paulus dina surat-suratna mah galak jeung hebat, tapi ari geus adu hareupan jeung urang mah lembek, ucapan-ucapanana taya eusina."

11Jelema kitu kudu ngarti, yen Paulus dina suratna jeung Paulus dina adu hareupan jeung aranjeun taya bedana.

12Nya teu wani ari nandingan atawa nyaruakeun maneh jeung jelema anu nganggap dirina luhur kabina-bina mah. Jelema anu ngukur maneh ku dirina sorangan, anu ngabanding-banding maneh kana darajatna sorangan, saenyana kacida bodona.

13Sim kuring mah teu rek muji maneh liwat ti wates, tetep aya dina wawatesan anu kakurung ku papancen ti Allah, di antarana nya eta ayeuna baranggawe di aranjeun.

14Jadi waktu sim kuring mawa Injil Kasalametan hal Kristus ka aranjeun, saenyana henteu liwat tina eta wates.

15Jadi moal muji maneh ku hasil pagawean batur ti luareun papancen anu ditangtukeun ku Allah. Anu dipalar teh mugia aranjeun tambah kapercayaan, bari sim kuring henteu kaluar tina wates anu geus ditangtukeun ku Allah.

16Engke oge, ari ngamashurkeun Injil Kasalametan ka tempat-tempat sejen luareun aranjeun, moal nyokot tempat anu geus digarap ku batur, da sim kuring mah teu hayang muji maneh ku beubeunangan batur.

17Dina Kitab Suci disebutkeun, "Jelema mun arek agul, kudu agul ku padamelan Pangeran."

18Sabab jelema mah meunang soteh dipuji lamun hirupna kamanah ku Pangeran, lain ku sabab pujieun ceuk pangrasana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Korintus 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel