Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Petrus 3 >> 

1Dulur-dulur! Geus dua kali ieu sim kuring nyuratan teh. Boh nu ti heula boh nu ieu, maksud teh ngageuing pikiran-pikiran murni aranjeun.

2Sing aringet salawasna kana pilahir nabi-nabi saruci baheula, kitu deui kana timbalan Gusti Jurusalamet anu ditepikeun ku rasul-rasul.

3Babakuna aranjeun kudu terang, yen dina mangsa-mangsa ahir jaman ieu bakal aya jelema-jelema tukang ngajujur napsu anu bakal maroyok ka aranjeun,

4pibasaeunana, "Kristus teh lain geus jangji rek datang deui? Mana? Da ti semet maot karuhun, naon-naon oge dengdeng bae kaayaanana cara keur jaman dunya mimiti ngadeg!"

5Maranehna ngahaja pura-pura teu nyaho yen baheula langit jeung bumi jadina teh ku karana timbalan Allah, dijadikeun tina cai jeung ku cai,

6sarta dibasmina oge eta dunya nu baheula teh ku cai deui, ku caah dunya.

7Ari langit jeung bumi anu ayeuna, dimumulena ku Pangandika Allah keneh, sarta bakal dibasmi ku seuneu. Ayeuna diingkeun keneh, ngadago waktuna, nya eta dina poean ngabasmi jelema-jelema doraka.

8Tapi dulur-dulur ulah poho, mungguh di Allah mah sapoe jeung sarebu taun ge taya bedana, sarua bae.

9Jeung deui Pangeran mah tara ngaengke-engke jangji cara ceuk panyangka sawareh jelema. Nu saenyana mah Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.

10Poe pisumpingeuna-Na Gusti teh hamo kataksir iraha, cara urang teu bisa ngira-ngira iraha pidatangeunana bangsat. Dina Poe eta langit bakal leungit, sorana ngagulugur, sarta barang-barang langit bakal lebur ku seuneu, bumi katut saeusina musna kahuru.

11Ku sabab kabeh bakal dilebur saperti kitu, aranjeun rek jadi jalma kumaha? Kudu hirup beresih jeung sumerah ka Allah,

12bari ngarep-ngarep kana eta Poean Allah, jeung ihtiar supaya eta waktu tereh cunduk. Dina Poe eta langit bakal lebur dihuru, unsur-unsur jagat raya bakal ajur ku seuneu.

13Tapi ari urang mah aya anu diarep-arep, nya eta langit anyar jeung bumi anyar anu diereh ku kaadilan, sakumaha anu geus dijangjikeun ku Allah.

14Ku sabab kitu dulur-dulur, sabot ngadago eta Poe teh kudu sakuat-kuat hirup beresih taya cawadeunana di payuneun Allah, sarta sing rumaket ngabdi ka Mantenna.

15Kasabaran Pangeran teh saenyana maparin tempo supaya aranjeun salamet sakumaha saur Paulus dulur sim kuring dina suratna ka aranjeun. Paulus nyaurkeun kitu teh ku karana hikmah ti Allah.

16Unggal nyuratan anjeunna tara luput nyaurkeun eta hal. Dina surat-suratna teh aya sababaraha hal anu hese kahartina. Nu sambewara jeung imanna loncer mah ngahartikeunana teh mengkol, da bagian-bagian sejenna deui tina Kitab Suci oge sok dipengkolkeun, matak niwaskeun sorangan.

17Ari aranjeun mah tangtu ngarti, dulur-dulur! Sing waspada bae, ulah kasasabkeun ku jelema-jelema anu ingkar tina parentah-parentah Allah, bisi cilaka.

18Sing terus mekar dina sih kurnia jeung pangarti kana hal Gusti jeung Jurusalamet urang Yesus Kristus. Sanggakeun puji ka Anjeunna, ayeuna, salalanggengna! Amin. Wassalam, Petrus


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Petrus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel