Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 4 >> 

1Aya hiji awewe, randana salah sahiji nabi, ngadeuheus ka Elisa, tuluy unjukan, "Juragan, abdi teh katilar maot ku salaki. Juragan langkung uninga, pun lanceuk teh jalma anu ibadah ka Allah. Dupi ayeuna, jalma anu ngahutangkeun ka pun lanceuk dongkap bade ngabantun pun anak, bade dijadikeun abidna, pamayar hutang pun lanceuk."

2Pilahir Elisa, "Kumaha kahayang maneh? Boga naon bae di imah?" Piunjukna, "Sumuhun teu gaduh naon-naon, mung minyak jetun sagoci alit."

3Pilahir Elisa, "Jig geura nginjeuman wawadahan kosong ka tatangga, tong saeutik-saeutik, sing loba.

4Geus kitu maneh asup ka jero imah jeung barudak, tutupkeun panto. Cicikeun minyak teh tina goci leutik kana wawadahan anu karosong. Wadah anu geus pinuh teundeun."

5Gancangna eta awewe jeung barudakna geus di jero imah, pantona ditutupkeun. Minyak tina goci leutik tea dicicikeun kana wawadahan beunang anakna nginjeuman.

6Sanggeus wawadahanana areusi kabeh, seug menta deui wadah ka anakna. Tembal anakna, "Teu aya deui, ieu anu panungtung." Set minyak tina goci leutik teh eureun.

7Ti dinya awewe teh ngadeuheus deui ka Elisa. Saur Elisa, "Eta minyak jual, duitna pake mayar hutang. Duit sesana pikeun bekel hirup maneh jeung barudak."

8Dina hiji poe Elisa angkat ka Sunem. Di dinya anjeunna disindangkeun ku hiji wanita beunghar, tuluy dituangkeun. Ti harita saban anjeunna ka Sunem tangtu sindang jeung tuang di eta wanita.

9Eta wanita misaur ka carogena, "Tamu anu sering ka urang teh moal lepat jalma suci.

10Urang pangdamelkeun kakamaran sapuratina, katil, meja, korsi, lampu, paranti anjeunna leleson ari keur ka dieu."

11Dina hiji poe Elisa sumping deui ka Sunem, terus lebet ka eta kamar, leleson.

12Anjeunna ngalahir ka Gehasi, rencangna, miwarang mariksakeun ka wanita nu kagungan bumi.

13Saurna ka Gehasi, "Taroskeun bisi anjeunna aya kahoyong, tina sakieu getenna ka kami. Bisi sugan hoyongeun dipangunjukkeun kahoyongna ka raja atawa ka panglima perang." Ari piunjukna, "Teu aya panuhun naon-naon, parantos cekap sapertos nu sanes-sanes."

14Saur Elisa ka Gehasi, "Kudu kumaha atuh kami nya mulang tarima?" Piunjuk Gehasi, "Juragan istri teh teu kagunganeun putra, dupi carogena parantos sepuh."

15Saur Elisa, "Sina calik ka dieu." Gancangna geus nemonan, di lawang.

16Saur Elisa, "Nyai, taun payun tepung wanci kieu Nyai bakal mangkon putra pameget." Wangsulanana, "Nun Ajengan piwarangan Allah, naha yaktos, sanes ngabobodo?"

17Tapi eta kasauran Elisa teh tinekanan, taun hareupna eta wanita ngalahirkeun, anakna lalaki.

18Sanggeus meunang sababaraha taun, hiji mangsa budak teh ulin ka tegal nyampeurkeun bapana anu keur maturan nu dibaruat.

19Geus kitu budak teh ujug-ujug ngajerit, "Apa, sirah Ujang nyeri!" "Buru-buru si encep bawa ka ibuna!" ceuk bapana ka gandek.

20Tuluy dipasrahkeun ka indungna. Ku indungna gasik dilahun teu lesot-lesot. Tapi sanggeus tengah poe, budak teh maot.

21Ku indungna dibawa ka kamar Elisa, dikedengkeun dina katilna uluy ditinggalkeun, pantona ditutupkeun.

22Salakina dicalukan, pokna, "Gandek sina ngabantun kalde ka dieu, abdi bade ka Nabi Elisa, moal lami."

23Ceuk salakina, "Naha ka ditu ayeuna, Nyai? Da lain poe Sabat jeung lain poe Pesta Bulan Anyar." "Sawios, doakeun bae," tembalna,

24bari ngararangkenan kalde. Ti dinya carekna ka gandek, "Geuwat giringkeun masing gancang, ulah eureun lamun can dititah!"

25Geus kitu kebat ngajugjug ka Gunung Karmel arek ka Elisa. Ti kajauhan keneh ku Elisa geus katingalieun. Anjeunna ngalahir ka Gehasi, rencangna, "Tuh istri urang Sunem tea ka dieu!

26Geuwat papagkeun, tanyakeun kumaha caroge jeung putrana salamet?" Ceuk eta wanita ka Gehasi berekah, salamet.

27Tapi sanggeus aya di payuneun Elisa, eta wanita teh ujug-ujug ngarontok kana sampeanana. Ku Gehasi rek dikenyang, tapi saur Elisa, "Keun bae, hatena keur kiamat. Tapi kami ku PANGERAN teu dipaparin terang asalna."

28"Nun Ajengan," pihaturna, "naha abdi kapungkur teh nyuhunkeun anak ka Ajengan? Sanggem abdi ge kapungkur naha yaktos Ajengan teh sanes ngabobodo?"

29Elisa ngalieuk ka Gehasi sarta saurna, "Geuwat ka ditu! Bawa ieu iteuk. Di jalan ulah rundag-randeg uluk salam. Anu uluk salam ge ulah ditembalan. Jung buru-buru! Ungkulkeun ieu iteuk ka luhureun eta budak."

30Piunjuk eta wanita, "Nun Ajengan, demi PANGERAN anu jumeneng, abdi moal waka wangsul upami henteu sareng Ajengan!" Atuh bral bae anjeunna angkat sareng.

31Ari Gehasi geus tuluy ti heula, teteken Elisa geus diungkulkeun luhureun murangkalih tea. Tapi murangkalih teh teu aya sora-sorana, teu aya tanda-tanda yen hirup. Gehasi balik deui rek mapag Elisa. Ti dinya piunjukna, "Murangkalih teh teu nyaring-nyaring."

32Sumping-sumping Elisa terus ka kamar, nyalira. Enya bae murangkalih teh geus maot, ngagoler dina katil anjeunna.

33Panto dipeundeutkeun tuluy anjeunna neneda ka PANGERAN.

34Geus kitu nangkubkeun anjeun ka eta murangkalih. Baham, soca jeung pananganana diantelkeun kana sungut, panon jeung leungeun eta murangkalih, seug awak murangkalih teh mimiti aya haneut-haneutna.

35Elisa lungsur heula angkat bulak-balik di jero kamar. Prak deui nangkubkeun anjeun kana awak eta murangkalih. Seug eta murangkalih teh beresin tujuh kali, bray panonna beunta.

36Elisa nyaur Gehasi, miwarang wawartos ka indung eta budak. Saur Elisa ka eta wanita, "Ieu anak Nyai pangku."

37Bruk indung eta budak teh nyium taneuh bari ngarawu sampean Elisa, ti dinya ngarawu anakna tuluy dibawa kaluar ti kamar.

38Elisa geus mulih ka Gilgal. Hiji mangsa di eta tanah aya paceklik. Dina hiji poe sabot ngawulang murid-murid, Elisa miwarang ngahurungkeun seuneu nagenkeun panci gede, miwarang masak naon bae anu aya, keur dahareun murid-murid.

39Aya murid indit ka tegal rek neangan angeuneun, manggih anu siga buah waluh, tuluy diala saloba-lobana, dibawa balik. Bari teu nyahoeun eta teh buah naon tuluy bae dikeureutan, terus dipasak dina pariuk.

40Sanggeus asak seug disiukan dibagikeun ka murid-murid. Tapi kakara ge kaasaan, murid-murid teh tingaraduh ka Elisa, "Aduh Pa, geuning racun!" Atuh henteu didalahar.

41Elisa mundut tipung saeutik tuluy dicemplungkeun kana panci sarta saurna, "Pek siukan, dalahar!" Berekah, teu jadi sakara-kara.

42Sejen waktu deui aya jalma ti Baal Salisa, datang ka Elisa mawakeun roti dua puluh siki tina tipung tarigu anu pangheulana diala panen harita jeung sababaraha keupeul gandum anyar. Ku Elisa dipiwarang disuguhkeun ka murid-murid.

43Tapi ceuk gandek, "Naha cekap katedaan sakieu keur saratus jalmi?" Waler Elisa, "Suguhkeun, sabab timbalan PANGERAN bakal cukup, tur bakal nyesa."

44Ari geus disuguhkeun bet tinekanan sakumaha timbalan PANGERAN, cukup didalahar tur aya sesana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Raja-raja 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel