Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 1 >> 

1Sanggeus Saul pupus, Daud mulih ti pangperangan tas ngelehkeun urang Amalek, cicing di Siklag dua poe.

2Isukna, dina katilu poena, aya budak ngora ti pasanggrahan Saul, datang ka Daud terus nyuuh. Bajuna beunang nyosoeh jeung sirahna ditaneuhan nyirikeun keur prihatin.

3Ku Daud dipariksa, "Maneh anu ti mana?" Tembalna, "Juragan, abdi teh kabur ti pasanggrahan Israil!"

4Saur Daud, "Coba caritakeun kumaha perkarana?" Tembalna, "Balad Israil seueur anu kasambut, sesana kalabur. Raja Saul sareng Yonatan oge kasambut."

5Saur Daud, "Geuning maneh nyaho Saul jeung Yonatan kasambut, kumaha?"

6Tembalna, "Sumuhun, abdi keur kapareng ka Gunung Gilboa, katingal Saul nuju naleukeum kana tumbakna, diselempek ku pasukan kareta sareng ku pasukan kuda musuh.

7Anjeunna ngareret, abdi katingalieun seug disaur. Wangsul abdi, ‘Nun, kaulan!’

8Anjeunna mariksakeun abdi saha. Diwangsul yen abdi bangsa Amalek.

9Ti dinya saurna, ‘Kami paehan! Pek, da geus euweuh harepan hirup, turug-turug tatu parna.’

10Ku abdi ditumutkeun, da teu kitu ge tangtos anjeunna pupus. Harita ge parantos meh geubis. Makutana ku abdi dilaan, kitu deui kilat bahuna. Ieu kasanggakeun."

11Wek Daud nyosoeh anggoanana, segruk nangis. Balad oge careurik.

12Kitu jeung kitu bae jeung henteu bararang dahar nepi ka burit, nalangsa ku anu geus kasambut di pangperangan tur sakitu lobana: Saul, Yonatan, jeung bangsa Israil, umat PANGERAN.

13Geus kitu Daud mariksa deui ka eta budak ngora anu mawa beja, "Saenyana maneh urang mana?" Tembalna, "Urang Amalek, mung ngumbara di nagara Juragan."

14Saur Daud, "Teu sieun kasiku maneh ngabinasa raja lisahan PANGERAN?"

15Geus kitu anjeunna marentah ka hiji prajurit, saurna, "Paehan ieu jelema!" Bek eta urang Amalek teh dipaehan.

16Saur Daud, "Kalapa bijil ti cungap, ieu jelema cilaka ku biwirna sorangan, ngaku maehan raja lisahan PANGERAN."

17Geus kitu Daud ngagurit hiji lagu sedih pikeun nangisan Saul jeung Yonatan, putrana.

18Laguna diparentahkeun kudu diajarkeun ka urang Yuda. (Ieu lagu kaungel dina Kitab Yasar.)

19"Di pasir-pasir di Israil, geus gugur para pamingpin! Para prajurit nu panggagahna perlaya ing dana laga!

20Di Gat ulah diembar-embar, di Askelon ulah diuar-uar! Bisi awewe-awewe urang Pelisti barungah, bisi parawan-parawan umat brahala jaligrah.

21Di Gilboa tanah-tanah pagunungan sina ngahgar ulah kacakclakan hujan, ulah nyorang kaibunan! Da di dinya ngahunyudna tameng-tameng jalma perkosa, hina papa leungit pangaji, tameng Saul ngagoler geus taya harti.

22Gondewa Yonatan matak gimir matak ketir, pedang Saul taya kawatir. Nguwak-ngawik nempuh musuh, nu keuna pinasti rubuh.

23Saul, Yonatan, paeh hirup babarengan, estu aheng, matak deudeuh matak heman. Rikat leuwih ti galudra, bedasna leuwih ti singa.

24Para wanita Israil ka Saul masing tibelat, ka aranjeun geus makean ku lawon sakelat, geus maparin perhiasan emas permata.

25Para prajurit nu gagah wani, enggeus naremahan pati. Satria Yonatan lastari di pasir sepi.

26Deudeuh teuing Yonatan, dulur awaking! Kanyaah anjeun teu aya tanding. Kanyaah Akang ka Rayi, langkung ti batan ka istri.

27Para prajurit nu panggagahna perlaya ing dana laga, kari pakarangna, geus taya deui gunana."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel