Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 21 >> 

1Dina hiji mangsa jaman Raja Daud keneh, nagara katarajang paceklik nepi ka tilu taun. Ku Daud diunjukkeun ka PANGERAN. Ari dawuhan PANGERAN, "Eta dilantarankeun ku kasalahan Saul saahli-ahlina bareto, numpes urang Gibon."

2(Urang Gibon teh kaasup bangsa Emor, cacah jiwana teu sabaraha loba, lain urang Israil. Tapi urang Israil mere jangji baris nangtayungan ka maranehna. Ari ku Saul digempur sina beak, supaya ulah nyoro deui kapentingan urang Israil jeung urang Yuda.)

3Ti dinya Daud mariksa ka urang Gibon, saurna, "Coba kumaha pirempug arandika, kami arek nebus kasalahan anu geus dilampahkeun ka arandika, sangkan matak jadi rahmat ka umat PANGERAN."

4Ari piunjukna, "Perkawis abdi-abdi sareng Saul saahli-ahlina moal tiasa katebus ku perak atanapi emas. Nanging oge sanes maksad abdi-abdi males pati ka umumna urang Israil." Saur Daud, "Enya, kumaha pihadeeunana?"

5Jawab urang Gibon, "Saul kapungkur maksadna ngabasmi ka abdi sadaya, supados di sakuliah Israil ulah aya urang Gibon saurang-urang acan.

6Ku margi kitu, mugi Gusti kersa nyerenkeun tujuh urang turunan Saul anu lalaki, bade digantung di payuneun PANGERAN di Gibea, kota pangcalikan Saul, raja anu dipilih ku PANGERAN tea." "Heug, ku kami diserenkeun," waler raja.

7Tapi Daud nangtayungan Mepiboset putra Yonatan putu Saul, sabab emut kana ikrar suci antara anjeunna jeung Yonatan.

8Anu dicandak keur serenkeuneun nya eta Armoni jeung Mepiboset putra Saul ti parekan anu ngaran Rispa binti Aya, jeung lima deui putu-putu Saul, anak Merab binti Saul anu nikahna ka Adriel bin Barsilai urang Mehola.

9Ku Daud diserenkeun ka urang Gibon. Ku urang Gibon terus digarantung di luhur gunung payuneun PANGERAN. Tujuhanana bareng paraeh. Diparaehanana mangsa geus ganti usum, waktu ngamimitian panen hanjeli.

10Geus kitu Rispa binti Aya urut parekan Saul nyieun sasaungan tina karung dina hiji cadas, nungguan eta mayit-mayit di dinya ti mimiti usum dibuat nepi ka cur usum hujan. Mayit-mayit teh ti beurang dijaga supaya henteu diparacokan ku manuk, ti peuting dijaga supaya henteu dihakan ku sato galak.

11Kalakuan Rispa diuningakeun ka Daud.

12Ti dinya Daud angkat ka Gilad nepangan urang Yabes, seja nyandak tulang-taleng Saul jeung Yonatan. (Bareto, sanggeus Saul jeung Yonatan tiwas ku urang Pelisti di Gunung Gilboa tea, layonna ku urang Pelisti dipakukeun kana tembok, ku urang Yabes dipaling ti alun-alun Bet San, tuluy dikurebkeun di Gilad.)

13Eta tulang-taleng Saul jeung Yonatan kitu deui tulang-taleng tujuh jelema anu digarantung ku urang Gibon tea ku Daud dicandak.

14Tulang-taleng Saul jeung Yonatan ku Daud dipiwarang dipendem di makam Kis, rama Saul, di Sela, wewengkon Binyamin. Sanggeusing hal eta dilaksanakeun, tuluy paneda sangkan nagara dileupaskeun tina paceklik, ku Allah dikabul.

15Sakali mangsa urang Israil perang deui jeung urang Pelisti. Daud oge angkat merangan urang Pelisti, datang ka anjeunna ngaraos nahnay.

16Jol aya hiji jelema raksasa ngaranna Isbi Benob, nyoren pedang jeung mawa tumbak tambaga anu beuratna meh tilu kilo satengah, ngarah ka Daud.

17Tapi kaburu katulungan ku Abisai putra ibu Seruya. Eta raksasa diayonan sarta beunang dipaehan. Ti dinya jalma-jalma Daud kapok mawa deui rajana ngiring perang. Piunjukna ka raja, "Gusti teh jadi pangharepan Israil, ulah dugi ka abdi sadaya kaleungitan ku Gusti."

18Der perang deui ngalawan urang Pelisti di Gob. Di dinya ge aya raksasa, ngaranna Sap. Ieu oge beunang dipaehan ku Sibkai urang Husa.

19Barang perang deui ngalawan urang Pelisti keneh di Gob, aya deui raksasa anu beunang dipaehan, ngaranna Goliat urang Gat, anu gagang tumbakna kandelna sapihanean. Dipaehanana ku Elhanan bin Yair urang Betlehem.

20Sakali deui perang di Gat. Di dinya ge aya hiji raksasa anu kabeukina gelut. Ramona kabeh genep-genep, ramo leungeun ramo suku genep-genep.

21Eta raksasa kacida nyapirakeunana ka urang Israil. Tuluy diayonan ku Yonatan bin Syama saderek Daud, tuluy dipaehan.

22Eta opat raksasa kabeh turunan raksasa Gat, beak kabeh dipaehan ku Daud sabaladna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel