Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 24 >> 

1Dina hiji mangsa PANGERAN bendu deui ka urang Israil. Mantenna ngangsonan ka Daud sina nyusahkeun ka Israil. Timbalana-Na ka Daud, "Cacahkeun urang Israil jeung urang Yuda!"

2Daud tuluy marentah ka panglima Yoab, "Maneh jeung para perwira bawahan kudu ngadatangan kaom-kaom Israil di sakuliah nagara, ti tungtung nepi ka tungtung. Itung jiwana, hayang nyaho aya sabaraha."

3Piunjuk Yoab, "Mugia jumlah urang Israil ku PANGERAN Allah Jeng Raja sing didamel saratus kalieun ti ayeuna sareng sing katingali ku Gusti. Naon margina Gusti bet miwarang kitu?"

4Tapi raja tetep mageuhan parentahna. Ku sabab kitu Yoab jeung para perwira bawahanana arindit arek nyacahkeun urang Israil.

5Sanggeus meuntasan Walungan Yordan, ngarereb heula di wewengkon Arur kidul, kota anu ayana di tengah hiji lebak di wewengkon Gad. Ti dinya tuluy ngaler ka Yaser. Ti Yaser terus

6ka Gilad jeung Kades wewengkon urang Het. Ti dinya terus ka Dan. Ti Dan terus ngulon ka Sidon.

7Ti Sidon terus ngidul ka Tirus, kota benteng. Ti dinya terus deui ka unggal kota urang Hewi jeung Kanaan. Panganggeusanana ka Bersyeba, wewengkon Yuda kidul.

8Sanggeus salapan bulan jeung dua puluh poe, kakara bisa marulang deui ka Yerusalem, sanggeus ngambah sakuliah nagara.

9Laporanana diuningakeun ka raja. Hasilna, jalma anu geus manjing wajib militer, ti Israil aya 800.000 urang, ti Yuda aya 500.000 urang.

10Tapi sanggeusna ngayakeun cacah jiwa manah Daud jadi ratug. Tuluy unjukan ka PANGERAN, "Abdi parantos langkung-langkung nya dosa, parantos midamel kitu. Nun PANGERAN, hapunten kalakuan jisim abdi anu sakitu bodona."

11(24:11-12) Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Nabi Gad, juru tingal Raja Daud. Timbalana-Na, "Bejakeun ka Daud, sina milih tina tilu rupa piliheun. Rek milih nu mana bae ku Kami rek diturutkeun." Isukna sanggeus Daud gugah kulem,

12(24:11)

13Gad nepangan rek ngunjukkeun timbalan PANGERAN. Dina tungtungna kieu saurna, "Bade milih anu mana? Paceklik tilu taun di sakuliah nagara, atanapi Gusti diudag-udag musuh lamina tilu sasih, atanapi sasalad ka nagara tilu dinten? Mangga emut-emut heula teras wartoskeun ka jisim abdi, urang unjukkeun ka PANGERAN."

14Waler Daud, "Kaula susah kacida milihna. Tapi tinimbang cilaka ku pada jalma, mending pasrah ka PANGERAN, naon bae hukuman ti Mantenna rek ditarima. Mantenna teh sipat welas."

15Ti dinya eta nagara ku PANGERAN dikeunaan sasalad mimiti ti isuk eta nepi ka beak tempo ti Mantenna tea. Ti sakuliah nagara, ti tungtung nepi ka tungtung, aya 70.000 urang Israil anu tiwas ku eta sasalad.

16Barang malaikat PANGERAN rek prak ngaruksak ka Yerusalem, ku PANGERAN diwagel ulah diteruskeun. Kieu timbalana-Na ka eta malaikat anu nyabutan nyawa maranehna, "Meujeuh! Geus cukup!" Harita eta malaikat geus aya di pangirikan bogana Arauna urang Yebus.

17Sanggeus Daud ningalieun ka eta malaikat anu niwaskeun jalma-jalma, anjeunna unjukan ka PANGERAN, "Jisim abdi anu lepatna, anu gaduh dosana. Dupi maranehna mah naon kalepatanana? Mangga hukumanana larapkeun ka jisim abdi sakulawargi."

18Geus kitu dina poe eta keneh Gad angkat nepangan Daud sarta miunjuk kieu, "Gusti kedah angkat ka pangirikan pun Arauna, kedah ngadegkeun altar di ditu haturan PANGERAN."

19Daud angkat, tumut kana timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Gad.

20Barang nenjo aya raja sapangiringna keur naranjak ka manehnakeun, gancang Arauna mapagkeun, tuluy sujud kana taneuh payuneun Daud,

21pok miunjuk, "Gusti, bade aya pikersaeun naon rurumpaheun sumping ka jisim abdi?" Waler Daud, "Kami hayang meuli ieu pangirikan maneh, rek diadegan altar haturan PANGERAN, sangkan sasalad eureun."

22"Sumangga Gusti, candak bae!" tembal Arauna. "Mangga haturkeun kurban ka PANGERAN sakumaha kapalay Gusti. Sapi kurbankeuneun kana altar mangga nyandak sacekapna. Sarawuh ieu pasangan-pasangan sareng ieu seredan pangirikan mangga kasanggakeun kangge suluhna."

23Sok barang-barangna disanggakeun ka raja, pok deui Arauna unjukan, "Mugi-mugi kurban Gusti ditampi ku PANGERAN, Allah Sang Raja."

24Waler raja, "Entong kitu. Ku kami rek dibayar sakumaha pantesna. Kami seja ngurban ka PANGERAN Allah kami teh hayang beunang meuli, ulah beunang pamere." Tuluy eta pangirikan jeung anak sapi kurbankeuneun teh ku anjeunna digaleuh lima puluh gebleg perak.

25Geus kitu prak anjeunna ngadegkeun altar haturan PANGERAN, ti dinya ngahaturkeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan. Sanggeusing kitu PANGERAN ngamakbul kana paneda anjeunna, rep sasalad eureun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel